Minggu, 27 November 2011

[kisunda] Cersil Sunda - V

 

Episode 5 :Ki Nurustunjung1

Manehna masih inget, jeung sigana moal bisa poho nepi ka iraha oge; kajadian peuting eta dimana manehna loba nyaho lalakon manehna sorangan jeung lalakon nu ngukut manehna sakaligus guruna.

Peuting eta manehna keur siduru bari meuleum lauk jeung jagong; da eta basisir nu lungkawing jauh ka ditu ka dieu teh lega oge bisa melak palawija; ari lauk asal daek  ngala lauk we loba pisan, jiga teu beak2 di Laut ; da eta tempat teh arang pisan kasaba ku manusia; lantaran tempat nu dicicingan ku manehna teh nya lungkawing nya ampir euweuh pamuntangan; tapi mun bisa naek kadinya nyata lega oge; keur hirup duaan wae mah bisa lubak libuk asal daek ngusahakeunana.

Tah waktu manehna keur jongjon sideang, belewer we siga aya sora nu maledog; ku ceuli biasa mah moal kadenge ; tapi ku sabab manehna geus dilatih jeung digembleng welasan taun, bisa ngabedakeun antara sora angin biasa jeung sora senjata nu rek culika. Naluri Jalma geus peka pisan ngan sajorelat eta alat nu dipake maledog teh katewak; teu pira bonggol jagong, nu limit euweuh sesaan.

Manehna kaget laantaran ieu nu maledog lain heuheureuyan, da karasa tanagana nya gede nya seukeut nepi ka leungeunna karasa pegel; lamun keuna tea mah tangtu kana nyerina, boa2 cilaka. Keur kitu teh belewer2 aya dua bonggol jagong deu nuju ka manehna, ayeuna mah manehna awas jeung waspada pisan, lantaran pangalaman tadi; bari nakis jeung nyingcet manehna nyentak:"Eh durujana ! Tong nyamuni siah ! sok tembongkeun cecengos sia ! Kurang ajar pisan nyerang ti tempat nu poek !"

Lain kaluar tapi malah belewer deui ayeuna mah sigana barangna rada beurat da karasa can naon2 anginna matak nyeri ka na kulit; wah lain sambarangan manusa ieu nu nyerang teh; bari nyingcet mani kesit manehna ngawas2 asalna eta nu maledog; tapi weleh teu kaciri ti mana datangna eta serangan; tanda yen nu jahat ka manehna luhur elmuna.

Sieeeeet ! ayeuna mah sorana siga senjata ti na beusi. Beu cilaka yeuh; untung manehna bisa nyingcet ! Tapi karek ge sakali nyingcet geus sieeet deui hiji serangan; atuh Jalma Kacida ripuhna; bisa katewak, tapi dampal leungeunna baloboran ku getih; lantaran eta senjata teh euweuh gagangan; seukeut kabeh leutik tapi mun ku nu ahli kacida bahayana. Barang keur kadeseh bari reuwas belesat teh ayeuna mah sigana panah; manehna jungkel  jumpalik nakis jeung nyingcet; tapi keukeuh kakeunaan, hariguna nu katuhu; atuh harita keneh manehna ngajungkel, mani tigugulitik; barang hudang guruna geus aya hareupeun bari imut.

__._,_.___

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar