Rabu, 23 November 2011

[kisunda] Cersil SUNDA- 1

 

JALMA URANG BASISIR LAUT KIDUL

 

NNNEpisode Ka I : Ki Sarlita

 

Ki Sarlita teh hiji sudagar nu lumayan rada jegud, di kampung eta, nya eta Kampung Giriresik,

Manehna kakara tujuh taun hirup di eta kampung teh, jadi can pati lila, asalna manehna ti kota, ti Batavia, pindahna ka dinya lantaran sagala hasil bumi nu dibutuhkeun ku Kumpeni, aya di dinya, tadina teu niat pindah, ngan sanggeus sababaraha kali usaha di eta kampung, kulawargana ngarasa baretaheun; atuh nya ringkid we parindah; ari di kota mah cukup ku adina nya eta ki Warsa; nya nepi ka ayeuna teh, usahana lancar.

Ieu Ki Sarlita teh kaasup jalma rezekian, atawa mujur; usaha naon wae nu dicekel ku manehna tangtu ngadatangkeun hasil; nu matak manehna jadi jalma jegud.

Nya atuh ayana Ki Sarlita teh dipihormat pisan ku sakampung eta mah; da Ki Sarlita teh salian ti jegud, oge berehan , teu koret. Anak bojona oge dihargaan pisan ku urang kampung eta teh.  Salian ti bojona nya eta Nyi Surti jeung  anakna dua nya eta Sarwa jeung Sari; aya oge pamuda diajak cicing di imah ki Sarlita. Ngaranna JALMA.

Mimiti dibawa ka imah eta kira2  lima bulan nu geus kaliwat, kapanggihna nya eta waktu Ki Sarlita dipegat begal tiluan barosongot, Pangawal ki Sarlita nyoba ngalawanan, tapi duanana oge eta Pangawal teh teu sanggup ngalawan, malah taratu; nya kalabur ninggalkeun Ki Sarlita. Ki Sarlita geus pasrah, tapi kabeneran aya pamuda   anjog ka tempat eta, terus nyampeurkeun jeung nyarek eta tilu rampog ngarogahala; atuh tangtu wae si rampog lain nurut kalah sareuri mani ngagakgak; terus nitah nyingkir ka eta pamuda bisi kabarerang; eta pamuda teh kalem we teu siga nu sieun, malah pinuh kayakinan nitah malundur eta tilu begal. Eta tilu begal teu loba omong deui terus tiluanana ngaheumbatkeun bedogna; tapi duka kumaha da teu  katempo ku ki Sarlita nu keur ngadegdeg , ujug2 bedog2 begal teh ting parecleng saterusna tilu begal rarubuh bari ting araduh terus ampun2an. Kacida bungahna Ki Sarlita, bari jeung heran ku kabisana ieu pamuda nu ngora keneh pisan geus bisa ngelehkeun  begal nu sakitu jarangkung gedena, tur bari marawa bedog. Nya tuluyna mah diajak we ,milu balik ka imah Ki Sarlita; eta budak ngora teh nurut we, teu loba omong; ari ditanya ngaranna Jalma; ari ditanya imahna mah cenah jauh ti dieu, deukeut ka Laut Kidul. Nya teu loba tatanya deui terus we Jalma dibawa. Eta Jalma teh unggal poe teu daek cicing, naon wae ku manehna dilakukeun; meulah suluh; ngabersihan jeung sasapu di buruan mani lalening; teu sugan ngarasa ieu aing jago; jeungna deui can ngajaran omongan Ki Sarlita dibantah. Atuh Ki Sarlita teh nyaaheun pisan ka ki Jalma teh, da Jalma ngan ukur boga baju 2 pasang bari parokek; nya dibere 5 stel; ditarima ku Ki Jalma bari kaciri narimakeun pisan.Ti harita Jalma cicing di imah ki Sarlita.

 

Hanca

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 1

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar