Kamis, 24 November 2011

[kisunda] CARSUN (CARITA SUNDA) : SI RODET

 

Disalah sahiji riwayat kacarioskeun aya hiji bujangan (pamuda) anu kacida awon rupina. Saking awon rupi eta bujangan, teu aya hiji jalmi oge anu wantun netep rupi anjenna, kitu deui para wanoja nonoman henteu wantun netep kana rupina. Upami pendak paamprok jonghok di jalan, aranjenna nyaringkah milarian jalan anu sanes supados henteu paamprok sareng bujangan eta. Sebat we nami bujangan eta "SI Rodet". Upami aya wanoja anu kaleresan pendak di jalan sareng si Rodet, upami ditaros "Neng bade angkat kamana?", waleranna teh "Ih, amit-amit jabang bayi, paralun teuing".

Urang lembur sabuderanana, utamina isteri-isteri anu nuju kakandungan, sok rajin ngado'a anu khusyu ditiap ba'da shalat fardhu. "Nun Gusti abdi, Anu Maha Agung tur Maha Kawasa tina ngaraksa Ciptaan-Na. Mugia ieu jabang bayi anu nuju dikandung ku abdi, mugi sing dijaga sareng diraksa. Aluskeun penteuna saalus Nabi Yusuf as., sasabar Nabi Ayub as. sawanter Nabi Musa as. sareng tebihkeun tina sagala kaawonan sareng cacad rupina si Rodet sareng berkat rahmat-Anjeun sareng kaberkahan sareng ridha ti tuang rama, aki sareng nini jabang bayi anu dikandung ku  abdi ieu, mugi ieu jabang bayi lahir ka dunya dina kaayaan salamet sareng janten anak anu ngabakti ka tuang ramana. Robbanaa aatinaa fiddunnyaa hasanah wa fil akhirati hasanah wa qina adzabbannaar, Wassalallahu ala Muhammadin wa 'ala alihi washohbihi wassalam, Walhamdulillahirrabbil 'alamiin". Saentos salse ngado'a tuluy ngusap-ngusap patuanganana.

 

Punten parawargi, upami simkuring medarkeun ieu carita fiksi nyandak undak-unduk basa sunda anu KIRANG ALUS, sabab kuring kirang mahir, salajeungna kuring bade medarkeun kecap sunda anu umum we, anu biasa diangge sadidinten , hapunten.

 

Dina hiji mangsa carita kagorengan rupa Rodet, nyaeta hiji wanoja anu geulis ngadatangan tukang pangrajin perhiasan mas di salah sahiji toko mas menta dipangjieunkeun ukiran gambar penteu dina cicinna. Sipengrajin mas nanyakeun ka wanoja eta "Neng, gambar penteuk sapertos kumaha anu kedah diukirna?" Kabeneran jalma goreng penteu si Rodet keur aya deket toko eta nyenderkeun awakna kana tembok toko boga si pengrajin mas. Tuluy wanoja eta ngajawab bari rada bingung jeung rada keuheul "Mhhh....damelkeun sapertos penuteu jalmi itu!" tembalna bari nunjuk kasi Rodet. Tuluy manehna ngoloyor ninggalkeun eta tempat teu ngadagoan naha si pengrajin perhiasan mas bisa ngajieunkeun atawa henteu.

 

Allah Swt. nyiptakeun mangrupa-rupa makhluq di alam dunya henteu mubajir (tidak sia-sia) pasti aya hikmahna dibalik eta. Misalkeun buah kadu anu loba cucukan tur teuas, singhoreng boga aroma anu seungit anu eusina karasa lembut jeung pulen. Salain eta, kulit kadu anu teuas jeung cucukan oge bisa dipake miceun bau anu kaleuwihan tina baham mun eta cekongan kulit kadu di eusi cai, tuluy urang nginum eta cai tina kulit kadu. Kitu deui cai eta bisa dipake pikeun ngumbah leungeun pikeun miceun bau kadu anu nempel dina leungeun. Sifat "synthese" tina eusi kadu bisa dielehkeun "antithese" ku nu aya dina kulit kadu. Eusina anu lembut jeung ngandung gizi jeung protein tur bauna harum anu kacida nyegek kana kana irung, dihalangan ku kulit anu kuat jeung cucukan. Jalma anu arek meulah eta kadu kudu ati-ati sangkan leungeun jeung jari ramo urang ulah sampe kacugak cucukna.

Kitu deui jeung parumpamaan bauh manggis anu boga kulit kandeul jeung hideung, pait jeung henteu pikareuseupeun, singhoreng boga eusi anu putih bersih, lembut tur amis rasana. Eusina ngarentet hiji jeung sejena ngentep, goreng jeung alus eusina eta buang manggis tinggal urang anu milah jeung milih mana anu bakal didahar jeung mana anu moal didahar.

 

Kitu deui halna jeung si Rodet. Sadar kana sagala kakurangan dirina, manehna sok mindeng ngajauhan hal ieu, sapopoena manehna ngeusi ku mangrupa-rupa kagiatan anu positif nyaeta tatanen di kebon anu boga kolotna, dilakonan ku tekun, getol jeung rajin. Kitu deui manehna tulus jeung teu pamrih tina ngabantu kolotna. Dina ngalakonan tatanen, manehna melak mangrupa-rupa pepelakan : sayuran, jagong, suuk, sampeu, mantang, kacang panjang, cabe, tomat, bawang beureum, jeung sajabana. Bakat ku tekun jeung getol, dina waktu paneh hasilna ngaleuyah, numpuk diunggal juru imah. Tina hasil tatanen manehna, tuluy dijual ka pasar. Unggal ba'da shalat fardhu, manehna sok manjatkeun do'a rasa syukur ka Allah Swt. Taun ka taun karasa kahirupan tatanenna aya kamajuan, gemah ripah, bro di juru bro di tengah imah, salain hasil tatanen disimpen (ditabung). Tina kaleuwihan duit pikeun jajan manehna sok mindeng mere ka batur bari henteu saurang jalma oge nganyahokeun. Manehna neangan babaraha kotak korek api urut, tuluy eta kotak korek api urut dieusian duit Rp. 50.000, tuluy eta korek api anu geus dieusian duit lung dialungkeun ka unggal hareupeun imah jalma anu kurang mampu diantara : randa anu teu mampu anu butuh pitulung, anak yatim jeung sajabana. Anu boga imah henteu nyahoeun timana datangna duit di jero korek api urut. Jalma eta ngan saukur ngecapkeun puji syukur Alhamdulillah ku hadiah-hadiah anu henteu nyaho asalna timana. Kitu deui jeung kayaan lembur anu jempling henteu hayang nyaho naon baris anu dilakonan ku si Rodet.

Tina jero hate si Menyo yakin yen naon anu geus dilakukeun ku manehna mangrupakeun amal anu leuwih hade batan ibadah-ibadah anu bisa ditempo ku batur. "Jalma anu gawe banting tulang pikeun mere ka kaum duafa, fakir miskin, anak-anak yatim lir ibarat pajuang di jalan Allah jeung lir ibarat jalma anu rajiin shalat tengah peuting jeung puasa" (HR. Bukhari & Muslim).

 

"Saha jalam hudang waktu isuk jeung niat rek nulung jalma anu kaaniaya jeung nyukupan kaperluan jalma Islam, pikeun manehna ganjaran anu pang manfaatna jeung amal anu pang manfaatna pikeun jalma jeung amal anu pang utamana tina kasulitan atawa mayarkeun hutang-hutangna" (HR. Ibnu Hajar Al-Asqalani).

Si Rodet percaya jeung yakin yen amal ibadah jeung muamalahna bakal ditarima ku Allah Swt.

Sakumaha jalma lalaki anu nganjak dewasa (beger), wajar mun si Rodet boga kahayang nyaeta hayang ngalamar awewe pikeun pipamajikaneun. Tapi anu mana awewena? Kolotna geus babaraha kali ngalamar kaditu kadieu henteu aya hasilna. Unggal kolot awewe kasieunan samemeh lamaran dikecapkeun. Sanajan kitu kolotna yakin, utamana Indungna, yen hiji mangsa Allah Swt. bakal mere jodoh pikeun si Rodet. Teu nyaho iraha!

 

Si Rodet mindeng ngado'a tiap ba'da shalat fardhu : Nun Gusti abdi, Anu Welas Asih kalayan sagala kaagungan Anjen, mugi maparinan taubat ka diri abdi anu saageng-agengna tina sadaya kalepatan, sareng abdi nyuhunken kardidhoan Anjen tina sadaya ibadah muamallah anu ku abdi dipidamel. Sadaya Puji kangge Anjen anu ngawasa sakumna alam ieu. Mugi Gusti maparinan rizki sareng harta anu henteu ngabeungbeuratan ka kulawarga abdi, tebihkeun tina sadaya bala, iri, dengki kaniaya sinareng hasudna manusa sareng Dajjal anu baris nyesatkeunn, sinareng tina hal-hal anu dipikaseiun. Pasihan abdi katenangan hirup dina haté abdi, katenangan anu satengan-tenangna, nyaéta ketenangan dina kabagjaan emut ka Anjen, sapertos tenangna alam tengah weungi. Allahumma Ya Alloh, kaAgungan gaduh Anjeun, pasihan kangge diri abdi tina teu aya janten aya, hiji wanoja anu tiasa janten réncang hirup abdi, abdi ridho kana sadaya anu tos ditangtoskeun ku Anjen, sanes anu ditangtoskeun ku diri abdi. Iwal ka Anjen abdi gumantung sareng neda pitulung. Robbana atinaa fiddunya hasanah wa fil akhirati hasanah, waqina adzabannaar. Washolallahu 'ala Muhammadin wa'ala alihi wa sohbihi wasallam. Walhamdulillahirrobbil'alamiin".

 

Beurang ganti peuting jeung peuting ganti beurang, henteu aya parobahan dina kahirupan eta lembur. Jalma-jalma saperti biasa ngalakukeun aktivitasna neangan rezeki, anu ka kebon, anu ka sawah, anu ka laut, anu ka warung, anu kasakola jeung sajabana. Unggal jalma kabawa ku kamaslahatan dirina sorangan. Lembur eta estu lembur anu jempling jeunng jempe henteu aya parobahan.

 

Hiji mangsa, lir ibarat bentar gelap tengah poe ereng-erengan, kadenge kabar barita yen si Rodet arek kawin. Sakabeh jalma lembur ear, teu kolot teu budak, teu lalaki teu bikang jadi paciweuh ngomongkeun si Rodet. "Bener kitu? Saha bikangna anu daekeun?" Sampe ka barudak leutik lalumpatan bari kokoceakan "Si Rodet arek kawin!! Si Rodet arek kawin!! Oray-orayan luar leor mapay sawah tong ka sawah aya Rodet keur nyengir bae, Oray-orayan luar-leor pamay sawah, tong ka Bandung, kiwari heurin ku tangtung. Oray-orayan, ulah ngewa ka basa Banten, sabab basa Banten henteu kabeh kecap kasar. Cing cang keling manuk cingkleng cindeten, blos ka kolong Bapa Satar Buleneng. Cing cangkeling manuk cingkleng cindeten, tong ka Bandung di Banten oge loba peuyeum, Ciluk Baaa!!"

Jalma-jalma anu ngadenge siling tanya, "Naha enya kitu?". Ibu-ibu anu keur silih siaran neangan kutu di hareupeun imah, brit brat lalumpatan, ngomekeun samping jeung rokna anu mararosot, ngomekeun kerudungna tuluy muru imah tatangga-tatanggana rek nanyakeun jeung netelakeun kabar berita si Rodet arek kawin, "Naha enya?".

Salah sahiji Ajeungan anu geus kolot (aki-aki) anu tos ti Masigit keur lempang balik ka imahna bari batuk uhuk-uhuk, sampe sukuna kasangkut batu leutik, basa manehna rek ngaliwatan jamatan solokan hareupeun imah barengan jeung barudak laleutik anu keur barirat lulumpatan arulin. Ajeungan buru-buru ngangkat leungeunna bari tanggah ka langit "Alhamdulillah" pokna. Budak parawan ngora atawa parawan kolot sarua tunya tanya : "Naha enya kitu? Karunya amat nya pipamajikanana, katiban sial". Rasana mun eta lembur aya terbitan surat kabar saperti "Pikiran Rakyat" atawa "Banten Post" katulis headline gede "Si Rodet arek kawin".

 

Sakumpulan ibu-ibu lembur, meureun Dharma Wanita-na lembur eta, geus teu sabar ngirim utusan dua jalmi ka imah kolotna si Rodet piken netelakeun kabar eta. Kadatangan maranehna dipapag ku kolot si Rodet ku semu basa anu lembut senyum pepsodent "Mangga kalebet, kin ku abdi dicarioskeun" kitu ceuk kolot si Rodet ka ibu-ibu utusan tea. Tuluy kolot si Rodet ngajelaskeun kabar yen enya si Rodet arek kawin. Can kungsi ngarobrol, indungna si Menyo geus langsung dibere ku rea pananya. Anu akhirna maranehna silih guyon bari sareuseurian. Sakabeh ibu-ibu anu aya di imah si Rodet ngarasa bungah. "Haturan ibu-ibu" ceuk indungna si Rodet muka carita. "Dina hiji dinten, duka dinten naon, hilap deui si Rodet kadongkapan salah saurang wanoja anu janten pangemis, anggeanna awon sareng acak-acakan, nanging rupana geulis. Ningali kadongkapan wanoja eta, si Rodet enggal-enggal lebet ka rorompok, maksadna nyandak salembar artos lima puluh rebuan, tuluy masihkeun ka wanoja eta. Wanoja anu janten pangemis nampi artos ti si Rodet salajeungna ngahaturkeun. Si Rodet anu teu acan pernah diajak imut ku jalma sanes, salain ti sepuhna, ngaraos imutna wanoja eta ibarat anugrah nikmat Illahi anu kalintang ageungna kangge manehna, lir ibarat kacaangan bulan tanggal opat welas. Raraosan hoyongg ngabukrak cengclengan kotak kayu sareng masihkeun sadayana ka wanoja pangemis, kumargi rasa syukurna diajak imut ku salah sahiji wanoja anu geulis " "Antosan sakedap" saur si Menyo ka wanoja harita bade mulih ninggalkeun si Rodet. "Punten neng, sakedap akang bade naros?" saur si Rodet awakna ngageper pinuh harepan. "Saha namina neng? Sareng....sareng....sami sareng....hmmmm.....neng tos tuang?. Wanoja pangemis imut ngagelenyu tuluy ngawaler "Punten kang, saleresna abdi ti enjing teu acan tuang nanaon". Ngadangu waleran wanoja eta, si Rodet gura giru muka panto pageur, tuluy ngajak wanoja eta lebet ka rorompokna. Si Rodet lumpat ka lebet rorompok tuluy nyandak sapiring sangu sareng laukna. Tina obrolan singket waktu harita, si Rodet akhirna terang yen wanoja anu janten pangemis teh nyaeta yatim piatu anu linggihna ngiring sareng salah sahiji sobat sepuhna di lembur palih kaler. Kitu para wargi carita singket ieu, anu akhirna si Rodet mutuskeun moal nunda-nunda kangge ngalamar ka kampung palih kaler. "Ibu-ibu" ceuk indungna si Rodet ngalanjutkeun "Saleresna si Rodet tos nikah, tingal ngantosan waktos anu hade kangge ngareuah-reuahkeunna, ayeuna isterina si Rodet aya di dieu" Kaluar kecap "Alhamdulillah" ti ibu-ibu nu aya di imah si Rodet. "Antosan sakedap, abdi bade nepangkeun isterina si Rodet" ceuk indungna si Rodet ka ibu-ibu, tuluy asup ke jero kamar, teu kungsi lila kaluar indungna si Rodet bari nuntun wanoja anu make kabaya panjang, rambutna make sanggul katempona rapih pisan aya pernak pernikna, jeung paras penteuna geulis luar biasa, model Syahrini sesuatu banget mah liwat. Sakabeh ibu-ibu anu aya mata simeuteun nempo kageulisan pamajikan si Rodet. Ngurilingan meja makan anu aya di tengah imah bari leungeunna puhpar pahpar ngaraba-raba neangan arah jalan muru ka tengah ibu-ibu anu keur dariuk tuluy indungna si Rodet nyekelan leungeunna lalaunan tuluy ngasongkeun ka ibu-ibu tamu supaya bisa sasalaman. Salah sahiji ibu ngasongkeun leungeun nyambut salam sang minantu bari pokna : "Alhamdulillah, niat sareng do'a si Rodet dikabulkeun Allah. Saha jeunenganna?" Anu ditanya ngajawab laun "Ummi Maesyaroh?"

 

Ummi = buta (lolong), jadi Ummi Maesyaroh budak bikang anu lolong. Wallahu syariuqoribummujiib = Allah Bakal Gancang ngajawab do'a hambana. Subhanallah. Maha Agung Allah tina sagala kamurahan-Na. Penteu anu dipikasieun ku jalma rea mun nempo si Rodet, nyatana henteu jadi panghalang pikeun pamajikan anu lolong panonna. Oge si Rodet ngarasa kasika saumpana tina hirupna saimah jeung hiji bikang anu bisa nempo tapi teu wani neteup rupana.*)

 

*) I. Saprudin

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar