Kamis, 24 November 2011

FW: [kisunda] Cersil Sunda - IV

 

Episode 4 Jalma dihukum Pecut

 

Isukna waktu Jalma keur sasapu torojol aya tilu pamuda nanyakeun ki Sarwa, meureun bababaturanana; terus nu hiji nyarita ka Jalma :" Eh Jang, aya Sarwa ? bejakeun jung , uing kadieu kituh."

Sanggeus  nyebut mangga, leos wae Jalma kajero ngadeukeutan kamer tengah, kamarna Sarwa; ieu mah aya pantoan, kaabeneraan dikonci deuih. Jalma rada deg2an, kumaha carana ngageroan si Sarwa, sieun ambek mun salah; ah tapi pan itu aya babaturanana; terus wae nyorowok :"Den Sarwa ! gugah Den………; can ge tamat Jalma nyarita, ari gantawang teh Sarwa nyorowok ti kamar:"Aeh siah ! Cucungah siah wani2 ngahudangkeun Kaula ! awas siah ngaganggu deui ; ditampiling siah ku aing!"

Nya atuh Jalma teu jadi ngahudangkeun Sarwa terus we kaluar deui nyampeurkeun babaaturan Sarwa.

"Mana ki Sarwa ?! geus dibejakeun encan aya babaturan kituh!?"

Jalma:"Nuju kulem; antosan we heula atuh sakedap………..; sok atuh caralik deui, da moal lami; paralay ngaleueut naon agan2 sadaya?"

Cek nu hiji :"Sok sadiakeun kopi nu amis."

Cek nu kadua:"Uing mah haayang teh manis lah."

Cek nu katilu:" Uing mah sadieuken teh gula batu !"

Mangga; gancang wae Jalma ka dapur, naaheur cai ngaan sakeudeung eta inuman geus sayagi.

Cek budak nu kadua:"Bujang si sarwa aya ku parigel, nya? Uing haying oge boga bujang model kitu."

Cek budak ka hiji jeung ka tilu meh bareng:"Ah siah Empi, ti manahoreng maneh bisa ngukut bujang; di ayana oge moal bisa mayarna siah."

Si Empi:"Ah siah Engkos, Eman, tong ngahiam siah; aing ge bisa keur ngukut bujang hiji wae mah. Hahahaha."

Ngadenge aya sora nu ngarobrol Sarwa hudang, terus kaluar; Kacida atoheunana barang nempo aya babaturanana tiluan ngarumpul di tepas keur ngaropi; gantawaang deui wae Ki Sarwa nyarekan ka Jalma:"Eh urang kampung bau lisung!  Ku naon sia cicing bae ! Teu ngabejaan yen aya babaturan aing, hah !?"

Jalma :"tadi kapan………..kakara ge sakitu gantawang deui Sarwa :"aeh siah kunyuk ! wani nambalang siah !?"

Jalma :"Teu pisan2, gan."

Sarwa :"Tong ngomong siah ! Dicabok siah ku aing !"

Babaturanana sareuri nenjo ketak si Sarwa kitu; si Sarwa nyampeurkeun nu tiluan.

Cek Si Empi:"Meunang bujang ti mana, Sarwa ? alus tah euy bujang teh, mun geus bosen keun ku uing deuk dipulung."

Sarwa :"Nyao teuing da bapa nu nyandak eta si urang leuweung teh; uing mah teu nyaho naon2, hehehe."

Engkos:"Ari bapa maneh ka mana ? geuning maneh laklak dasar kitu ?"

Darwa:"Hahahaha, keur ka kota euy, ku sabab euweuh bapa uing wani nyaarekanan si eta urang kampung bau lisung teh ! Da ari aya bapa mah,…… huh teu warani euy ! Dibela pisan tah ku bapa si eta teh, teu nyaho boga asihan naon tah si baau lisung teh."

Keur kitu aya sora halimpu ngagentraan Jalma:"Kang Jalma, kadieu geura."

Jalma buru2 nyampeurkeun bari nanya :"Aya naon enden ?"

Sari:" Tuh diburuan kembang Ros tos kembangaan, tapi hese luhur pisan, ku Sari teu katepi, cing pang metikkeun kang ?"

Buru2 Jalma kaluar, ngan sakeudeung geus balik deui mawa kembang mawar; Jalma nyodorkeunana eta kembang duka kumaha siga nu "mesra" pisan; ditarima ku Sari bari imut ngagelenyu nu manis pisan. Sagala kalakuan Sari jeung Jalma teh diperhatikeun pisan ku nu opatan; celetuk si Eman ngomong:"Ah, ieu bujang teh calutaak pisan, wani ngabobogohan dunungan !"

Nyel teh Ki Sarwa ambek; ngan sajorelat lumpat jeprot wae Jalma ditampiling nepi ka beureum pipina ku tapak ramo. Atuh Jalma aduh2an bari nyabakan pipi; ari sari terus nyarita:"Eh Kang sarwa ! Nanaonan eta teh ? Karunya Jalma dicabok teu pupuguh."

 

Sarwa teu ngawaro, terus nyentak ka Jalma:"Inget henteu omongan aing ? Hah !? ku naon sia deui2 cucungah ka dunungan, hah !?"

Jalma gancang wae ngejat ti di nya; ari pek teh Sari ngahulag:"Ulah indit Kang, yu urang ulin barina ka buruan, Sari hoyong maen ayunan."

Jalma bingung, lantaran aya parentah ti Sarwa, tapi oge aya pangajak ti Sari; keur kitu nu tiluan babaturan Sarwa nyalampeurkeun; si Eman nyarita:"Bujang cucungah kieu mah memang kudu diajar, lantaran geus wani kurang ajar !"

Sarwa asa diomporan terus we Jalma digusur kaluar, Sari jejerewetan, tapi teu ditolih.

Diluar Sarwa geus nyenyekel pecut; terus nyarita:"Eh urang kampung bau lisung ! Ulah sambat kaniaya, maneh geus wawanianan cucungah ka adi Kula; ayeuna kudu narima ieu pecutan !"

Jebret2 wae Jalma dipecutan tonggongna, nepi ka beureum kulitna, da mecutna sataker kebek; tapi kakara ge lima kali jol teh kareta; barang nempo eta kajadian Ki Sarlita Kacida reuwasna, terus wae tuturubun ti na kareta, teu nganuhun nuhunkeun acan ka Upas nu limaan; untung bojona Nyi Surti gancang tomada; bari nganuhunkeun sababaraha kali; nya Upas teh baralik we bari rada heran nempo polah Ki Sarlita nu nyampeurkeun barudak nu keur "ARULIN" pepecutan. Upas mah teu apaleun, disangkana mah barudak we biasa keur arulin, ngan meureun rada kamalinaan ulinna .

Demi Ki Sarlita barang nepi ka hareupeun barudak; teu tata pasini deui ngarebut

Pecut nu keur dicecekel ku Sarwa; terus nyentak:"Aeh budak kasebelan ! nanaonan siah ? Bangkawarah pisan ? teu nyaho saha ieu Jalma ?! Eh Jalma sok gebug deui ieu budak bangkawarah teh ulah diantep ! Bapa rido pisan, sok bales teunggeulan deui."

Jalma teu loba omong, terus we ngaleos ka kamarna.

Ki Sarlita nyarekan laklak dasar Sarwa; jeung babaturanana; malahan nepi ka diusirna pisan; barudak tilu teh ting laleos bae, hareugeueun; ti na teu nyangka Ki Sarlita bakal sakitu ambekna. Berebet we barudak teh ngalacir.

Ari sarwa ngajengjen we teu wani usik; sirahna tungkul.

Ki Sarlita terus nyarita teges pisan:" Yeuh dengekeun ku maneh Sarwa ! maneh teh bener2 teu nyaho jeung teu apal ka Jalma. Maneh untung masih ditangtayungaan ku Gusti. Sarwa……. Sarwa ; mun Jalma rek males ka maneh ! saratus Sarwa bakal bisa ditumpes kabeh ku Jalma. Yeuh bisi teu nyaho, Jalma teh Jago ! Ngarti ari Jago ? Yeuh bapa teh matak aya masih beleger teh kapan ditulungan ku Jalma sareatna mah; mun henteu mah meureun geus dipeuncit ku begal ! Tilu begal marawa bedog; pangawal bapak mah geus ngalacir duka ka mana; tapi duka dikumahakeun ku si Jalma mah eta tilu rampok teh ngan sakilat geus ngaringkuk. Ngarti teu ?"

Ujang Sarwa mani reup geuneuk ray pias; mani wer2 kiih sabab manehna kakara apal saha ari Jalma, manehna reuwas kareureuhnakeun; tapi heran ku naon si eta budak kampung teh teu ngalawan sama sakali ? Asa percaya teu percaya omongan bapana teh; tapi moal mungkin Ki Sarlita daek mamawa  Jalma ari lain kitu mah dongengna. Waduh aing kudu sadu2 menta dihampura; mun males pati tea mah tangtu moal panjang umur aing teh; kitu pikiran Sarwa.

Ki Sarlita apaleun yen anakna geus ngarti; terus wae nyarita satengaah nyentak:"Jung kaituh sampeurkeun Jalma; manehna mah pasti bakal ngahampura."S

Teu kudu ngadua kalian deui, Sarwa indit ka kamer Jalma; terus sujud mani lekoh pisan; dirangkul ku Jalma terus dihudangkeun:"Eling Den, ku naon teu gugur teu angin nyembah ka kuring?"

Sarwa ayeuna mah teu tahan deui terus we ceurrik ngabangingik; sadu2 menta dihampura; rumasa salah. Jalma akhirna sadar yen Ki Sarlita geus ngadongengkeun soal begal nu tilu; nya atuh Jalma ngan ukur bisa ngusapan we ka Sarwa, bari ngahibur jeung nyebutkeun teu naon2, eta mah hal biasa. Sarwa rada teger ayeuna mah; sanggeus nganuhunkeun terus we indit ka kamerna, ngadon ningkreb maneh; lantaran kaeraan jeung rasa rumasa.

 

Demi Ki Sarlita terus nyampeurkeun Sari nu masih keneh inghak2an; terus nyarita bari aris:" Sok Eulis dongengkeun. Naon nu kajadian ? Naon nu jadi marga, nepi ka Jalma dipecutan?"

 

Bari inghak2an, derekdek wae Sari nyaritakeun ti Purwa nepi ka daksina; Ki Sarlita unggut2an maphum; terus we nyarita:"Tah ti semet ieu ka hareup, omat ulah wani2 tutah titah ka Ki Jalma; ieu jelema teh lain samanea. Mun manehna hayang ngalakukeun hiji hal, hese atawa moal gampang dihalangan ku saha bae; jadi tong wani2 deukeut2 ka manehna."

 

Sari bari rada baeud nambalang:"Tapi  Apa, da bageur pisan Kang Jalma teh."

 

Sarlita:"Enya bageur, tapi maning ge jauh ulah deukeut lah; ngajaga bisi. Ngaranna ge manusa mun geus kausap setan teu daya upaya."

 

Sari teu pati ngarti naon nu dimaksud ku bapana, tapi nya ngunggeuk we, da memang dasarna Sari mah budak nu biasa tunut ka na piwuruk sepuh.

 

Di Kamarna Jalma keur ngahuleng, meleng ka jauhna; keur ngalamun; emh ayeuna aing kudu gancang nyingkah ti dieu; kitu gerentes hatena   ; manehna asa rada beurat oge ninggalkeun eta tempat teh; duka pedah Ki Sarlita bageur pisan, duka alesan naon deui; pokona ngarasa aya kabeungbeurat ninggalkeun eta tempat teh. 

 

Hanca

 

.

 

 

__._,_.___

_,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar