Rabu, 23 November 2011

FW: [kisunda] Cersil Sunda -2

 

 

Episode 2 - Sari

 

Unggal2 ki Sarlita   ka kota pasti dibarengan ku Jalma, Jalma jadi pangawal pribadi Ki Sarlita. Ki Sarlita ngarasa aman pisan dikawal ku Jalma mah, dibandingkeun kudu dikawal ku sapuluhan jelema bari can puguh salamet; nu puguh mah olok tombok. Ki Sarlita tambah nyaaheun ka Ki Jalma teh, bari jeung Jalma teh sugan pupujieun atawa beubeulieun; estu naon wae nu diparentah ku Ki Sarlita, Ki Jalma pasti ngalaksanakeun ana.

Tapi di na hiji poe Ki Sarlita  diondang ku gegeden ti kota; ngan Ki Sarlita jeung Nyi Surti wungkul nu milu teh ari pangawalna di kirim ku Kumpeni Upas aya 5 na bari mawa hiji kareta keur Ki Sarlita jeung NYi Surti. Cenah mah Gubernemen rek mere panghargaan ka Ki Sarlita lantaran geus nyumponan kabutuh Kumpeni kalawan teu nguciwakeun; nya atuh kapaksa harita mah ki Sarlita indit teu dikawal ku Ki Jalma.

Rada ngarumas Ki Jalma ditinggalkeun  ku Ki Sarlita jeung bojona, dimana duanana kacida heman pisan ka Ki Jalma teh.

Tapi isukna sanggeus ditinggal Ki Sarlita, Jalma nu keur sasapu sabiasa sasari aya nu nyarita ka Jalma, sorana mani halimpu pisan:"Damel naon kang ?"

Jalma mani reuwas, lantaran keur sasapu bari ngalamun , teu nyangka aya nu nanya; barang dilieuk sihoreng anak Ki Sarlita, nya eta Nyi Sari.

"Heuheuheu; pan kadeuleu tah, uing keur sasapu !"

Neng Sari rada ngagebeg, ngadangu jawaban ki Jalma, nu nya kasar nya teugeug; tapi Sari sabar, terus we bari imut nyarita deui:"Kang, ari ka istri teu kenging kasar kitu atuh, kedah rada lentong saeutik."

Jalma malik nanya bari kaget:"Naon lentong ? Naon ari lentong teh ? Uing teu ngarti."

Sari:"Eta kang, di dieu mah da teu aya nu kasar cara akang."

Jalma :"Kudu kumaha atuh ? Uing da teu ngarti. Cing pok ngomong atuh, ulah balucat balicet, lieur!"

Sari surti, masing enya ge masih  budak keneh, kakara 11 atawa 12 taun, tatapi didikan biangna nu ngajar, ieu Sari teu aleman, teu ogoan samodel karerean anak awewe ; komo anak nu jegud; ieu mah ih tetep we nyarita bari teu weleh imut. Nu karasana duka kumaha tah ku Jalma teh, da manehna ngarasa samar polah.

Sari:" Nyarios teh kedah raos kakupingna ku cepil."

Jalma:"Naon hartina "NYARIOS" teh ?"

Sari :" Nyarios teh sami sareng nyarita, sami sareng ngomong; tapi ku basa nu handap asor."

Jalma:"Naon handap asor teh ; beuki lieur geuning ?!"

Sari :" Muhun eta, ngomong jadi nyarios; heueuh jadi muhun atawa sumuhun."

Jalma unggut2an, da enyana saenyana mah Jalma teh budak calakan; manehna nengetan hiji2 kecap; nepi ka teu karasa, manehna geus diajar Basa Sunda priangan ku Sari. Ongkoh deuih Jalma teh resep ka Sari teh, duka kumaha manehna ngarasa resep padeukeut jeung Sari teh; asa embung ngarasa pajauh.

Poe eta teu karasa poe nyerelek, Jalma resep pisan diajar Basa Sunda; nu cenah handap asor; enya ngeunah ieu Basa teh, cek gerentes hatena; bari jeung aduh kunaon eta sora mani ngeunah pisan kadengena kana ceuli uing ? Kitu lamunan Jalma sajeroning sasarean di kamarna.   

Keur kitu torojol aya nu asup ka kamarna; da baheula mah aya kamar tapi loba nu teu make panto; hartina lawang teh blong we teu dipantoan.

 

Hanca

__._,_.___

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar