Minggu, 27 November 2011

FW: [kisunda] CERSIL Sunda - VI

 

 

Manehna nyorowok :" Tulungan bapa ! uing diserang nyao ku saha ! mungkin uing paeh ayeuna; pang maleskeun ku bapa." Rep bae manehna kapaehan.

Inget2 manehna keur digugulung ku guruna. Tatu2na jigana keur diubaran.

Manehna nyarita laun pisan:" bapa geus diusir eta musuh teh ?"

Guruna nyarita leuleuy:"Sing tenang; maneh ayeuna resmi jadi murid Kaula."

Manehna nyarita deui:"Naon ? Lain waktu kuring diajar ku bapa, uing teh lain murid ?"

Guruna seuri bari pok ngomong:"Harita mah masih calon murid; Kaula embung boga murid nu GAGAL. Kula hayang boga murid nu boga bakat pikeun neruskeun elmu nu dicekel ku Kaula. Kaula boga calon murid teh tilu; tapi nu hasil terus jadi murid; ngan maneh sorangan."

Manehna nanya:"Ari calon murid nu dua deui ka mana ?"

Guruna seuri mani ngagakgak:"Hahahahaha ! Paraeh!"

Jalma nanya:" kumaha paehna bapa ?"

Guru:"Nya saperti tadi diuji ku Kaula; si Pulung kurang gesit nepi ka katubles ku peso nu seukeut kabeh tea; terus kojor. Ari Si Pungut kurang peka nepi ka teu nyahoeun panah geus nubles dadana . ari maneh mah nyata boga bakat alus pisan, bisa nyingkiran bahaya; ngan ukur tatu wungkul; eta lantaran can kabeh elmu ditamplokkeun ka maneh!"   

Sajongjongan mah Jalma ngahuleng; eu…… mun aing kurang kesit jeung kurang ngadenge geleserna senjata, wah tinangtu aing binasa" Jalma mikir bari rada ngabirigidig ngabayangkeun si Pulung jeung si Pungut. Ieu guru teh Kacida anehna jeung sigana teu normal? Kitu pikiran Jalma waktu harita.

Si Guru jigana surti; cakakak ngagakgak terus pok ngomong:"Lain ngan ukur hal eta maneh helok ka Kaula; masih loba hal nu leuwih aneh di diri Kaula. Nepi ka ayeuna pan maneh can nyaho saha ngaran Kaula ?"

Jalma milu mairan:"Heueuh sok atuh sebutkeun saha ngaran bapa teh ?"

Ki Guru:"Dengekeun sing telek ! Ngaran Kula teh katelah Ki NURUSTUNJUNG!"

Jalma:"euh ! naon hartina ari Nurustunjung teh ?! naha disebut aneh ?!"

Ki Guru:"Hahaha ! memang maneh moal ngarti, lantaran ti leuleutik terus jeung Kaula; kurang diajar paadatan, basa jeung salian ti eta; maneh didieu ngan dilatih kanuragan jeung kumaha usaha supaya panjang ngajalanan ieu hirup; antarana cara melak jagong jeung ngala lauk, tah ari nurustunjung teh hartina teu sarua jeung paadatan jalma rea; memper ka na kurang ajar. Nurustunjung teh beda ti nu lian; loba kalakuan nu teu pararantes; Kaula geus poho ka na ngaran asli Kaula sorangan, tapi ku sabab loba nu nyebut Kaula nurustunjung; nya ku Kaula diaku we yen eta teh ngaran Kula."

Sajongjongan mah Jalma ngan ukur melengek we, teu pati ngarti, lantaran nu aya di dinya iwal ti duaan, manehna jeung guruna; jadi sapopoe asa biasa we. Tapi tadi guruna nyaritakeun si Pungut jeung si Pulung; asa memang kaleuleuwihi teuing ieu guru teh.

Ki Nurustunjung nyaritakeun ka manehna, yen si pungut kapanggih keur kekerelepan di laut Kidut,manehna geus teu hayang hirup lantaran pahatu lalis; hirup nyorangan, jadina nekad; tapi keur kekerelepan kapanggih ku Ki Nurustunjung nya ditulungan terus we diangkat murid tapi gagal; manehna cilaka waktu keur latihan, atawa diuji. Ari Si Pulung mah kapanggihna waktu rek dikadek ku rampog; sakabeh kulawargana dibeakeun barang si Pulung rek ditigas kaburu datang Ki Nurustunjung; nya disalametkeun tapi binasa na latihan.

Ki Nurustunjung nyaritakeun oge yen pangna cicing di eta sisi basisir tempat nu lungkawing kitu, lantaran moal sambarangan manusa bisa katempat eta mah; kudu nu geus mumpuni pisan elmuna.
Sedengkeun Ki Nurustunjung loba musuhna.

HANCA

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar