Jumat, 08 Juni 2012

[kisunda] Kumaha dia bae lah!!

 

*Carita ceuk beja

Agus keur kukurlingan unggal tempat pangjarahan didatangan. Ceunah ceuk beja Agus hayang geura beunghar, teuing meunang papatah ti saha, mun hayang beunghar kudu jiarah ka tempat-tempat karamat. Hiji mangsa di Pos Ronda keur hareureuy ngobrol jeung batur salembur, kabenaran aya Agus, terus kula nanya ka Agus "Gus, kwari kumaneh beda euy", ditembal ku Agus "Beda naonna, rarasaan biasa bae", terus kula nanya deui "Kwari kumaneh jarang aya di imah, ceuk beja kumaneh sok sering jiarah", ditembalan ku Agus "Heueuh kituna mah, kula jarang aya di imah, kwari  keur barangsiar neangan kaborokahan pikeun hirup", terus kula nyambung jawaban Agus "Ari kitu ayeuna keur usaha naon, bisnis?", ceuk Agus "Akh teu sing, kula mah keur udar-ider ka tempat pangjiarahan", ceuk kula "Pangjiarahan? Nyiar naon ka tempat pangjiarahan?" terus ditembal ku Agus "Akh, mangkana kumaneh kudu deukeut jeung ajeungan, apan ceuk ajeungan mun urang hayang hirup berokah, jembar panghirupan kudu rajin jiarah tempat-tempat makam wali, apan beda ngado'a di tempat anu aya karomahan mah sok gancang diqobul", kitu ceuk Agus. Ari ceuk kula "Gus, ari kumaneh apan masih keneh boga indung anu masih keneh hirup, kunaon eta indung kumaneh jarang dijiarahan", ditembal ku Agus "Apan masih keneh hirup, rek naon dijiarahan, mantamah indung kula geus paeh, meureun perlu kula ngajiarahan". Ceuk kula "Akh kumanehmah salah kaprah, justru Indung anu masih keneh hirup kudu sering dijiarahan, sabab ucapan Indung matih, komo mun kumaneh menta do'na ka Indung eta sakecap metu matih, diqobul langsung ku Allah jeung kumaneh bisa nyaksian do'a indung. Coba mun indung kumaneh geus asup liang kubur, naha indung kumaneh bisa dipenta, boroning dipenta malah anu araya dijero liang kubur butuh bantuan ti jelema anu masih keneh harirup. Coba kumaneh teungetkeun salah sahibi Hadits Nabi anu hartina kurang leuwih : Mun saurang anak Adam ninggalkeun dunya, mangka putus sakabeh amalna, kacuali tilu perkara nyaeta sadekah jariyah, elmu anu manfaat, jeung anak-anak sholeh anu ngado'akeun kadua kolotna. Tah eta jelema anu dijero kubur ninggalkeun tilu sabab" ceuk kula ngajentrekeun. Ditembal ku Agus "Naon hubunganna hadits eta jeung kula sok datang ka tempat karomah?". Ceuk kula "Heueuh, apan anu jadi karomah mah lain kuburan wali/ulama, tapi anu ditinggalkeun ku wali/ulama nyaeta elmu  anu manfaat. Kwari maneh bisa maca qur'an, bisa nyaho hukum shalat, puasa, zakat jeung haji apan anu mere nyaho eta ulama. Jadi anu disebut karomah teh nyaeta elmu anu ditinggalkeun ku ulama, kwari urang anu masih keneh hirup tuturkeun jeung lakonan naon anu geus disampekeun ku ulama, lain cingogo hareupuen kuburan eta ulama, najan ceurik balilihan menta tulung ka eta ulama anu geus aya dijero kubur, naha kumaneh yakin bisa didenge ku anu aya di jero kubur. Ceuk kula mun hayang ceurik balilihan mending menta syafaat ka indung anu masih keneh hirup, da puguh masih keneh hirup, kumaneh bisa ngumaha. Jeleme anu dikubur butuh ka jelema anu masih keneh hirup, lain tibalik jelema geus dijero kubur dimenta tulung. Muna kumaneh hayang barokah hirup atuh digawe anu suhun-suhun sing getol, disiplin, jeung Lillahita'ala, pasti kabarokahan hirup bakal nuturkeun. Lain ieu neangan kabarokahan hirup, tapi gawe hanteu atuh rek dimana datangna kabarokahan hirup, ti Hong Kong?". Eta Agus ngadenge omongan ti kula sugan teh didengekeun, malah kerek nyegrok "Gus...Gus...sare kumaneh" bari ngageuingkeun manehna, terus manehna hudang bari ngomong "Kumaha dia bae lah!!!"

 

 

_

Tidak ada komentar:

Posting Komentar