Jumat, 08 Juni 2012

Antara Sumur Bandung Jeung Nyi Kentring Manik

 

Antara Sumur Bandung Jeung Nyi Kentring Manik

 

DI kompleks Gedong PLN Cabang Jawa Barat, Jl.Cikapundung Barat, Bandung, aya cai nyusu anu dikubeng di jero rohangan. Éta téh situs Sumur Bandung  anu teu meunang leungit sabab nya ti dinya mimitina ngadegna Bandung kiwari teh.

Saban waktu sok dipaké ritual ku pihak luar, utamana ku masarakat tradisional anu kacida hormatna ka karuhun. Tapi teu dileuleungit, ka éta tempat ogé sok aya anu datang alatan percaya yén di éta sumur ngageugeuh Nyi Kentring Manik.

Saha Nyi Kentring Manik, ceuk sakaol mah kieu penjelasanana.

Nyi Kentring Manik téh hirup dina abad 17 jaman Karajaan Arcamanik, sawaktu eta karajaan dirajaan Ku Prabu Suryadiraksa Panangkaran. Nyi Kentring Manik téh istrina Ki Giring Panangkaran, papatih Pajajaran, ogé ramana Prabu Suryadiraksa Panangkaran. Wewengkon Bandung jaman harita (sabenerna Bandung can aya), kaéréh ka Karajaan Arcamanik. Nyi Kentring Mani katut aleutan para putri karaton, remen mandi suci di Sumur Bandung.

Ari cai nyusu anu kiwari disebut Sumur Bandung, sabenerna geus aya ti baheula-mula. Dina jaman Pajajaran gé geus biasa dipaké upacara mandi suci ku para raja Pajajaran. Ti mimiti Sri Baduga Maharaja, raja Pajajaran kahiji, tepikeun ka Prabu Séda raja Pajajaran pamungkas, geus kungsi mandi suci di Sumur Bandung, utamana lamun keur loba masalah.

Nyi Kentring Manik gé geus biasa ngahaja mandi ka Sumur Bandung. Ngan harita mah can disebut Sumur Bandung. Mun mah aya ngaranna, disebutna Muara Buleud, duméh kabireungeuh rada buleud. Ogé disebut pucukna liang Kasunda. Ka dieunakeun katelah pucukna liang  Bandung, sabab mun euweuh cai nyusu nu ieu, Bandung moal aya. Kitu sababna baheula Nyi Kentring Manik kungsi nyarita yén sakumna jalma kudu ngarumat Sumur Bandung, bisi cai sumur saat Bandung gé sirna.

Baheula, Karajaan Arcamanik boga karaton deui, disebut Karaton Kasunda. Lebah-lebahna, kiwari, kira-kira nyaéta anu ayeuna dilindih ku adegan Gedong Saté. Anu boga tanggung-jawab nyekel éta karaton ngaranna Séndrawaya Sungsang, turunan Walang Sungsang. Ari Walang Sungsang téh putrana Sri Baduga Maharaja. Séndrawaya Sungsang di Karaton Kasunda téh dibaturan ku Radiyaksa Surawisésa, turunan ti Surawisésa Jayaperkosa.

"Éta téh panangtungan Kasunda, caina medal tara raat. Bungbungna kasucian nu diwangsulkeun ku Hyang Agung. Kudu dijagi, kudu dipiara. Mun henteu, Sunda moal aya!" kitu ceuk Radiyaksa Surawisésa jeung Nyi Kantring Manik méré pangwadi. *** Dimuat dina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh No.10

 

http://ahmadsahidin.blog.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar