Jumat, 08 Juni 2012

[kisunda] Fiksimini - Balébat

Fikmin #Balébat#

Ngalangeu dina dék kapal. Nanggeuy gado nyawang sagara. Nyindekel kana galangan kapal. Angin laut nyéor nyingraykeun buuk ririaban. Nyambuang aroma cai laut nu teu weléh ngabéngbat. Balébat ukur ngolébat. Birat luncat kasuntrungkeun matapoé. Lir bola seuneu nyurungkuy dina beuteung laut. Merejel ngahuru budah laut. Langit ngempur burahay neumbag beungeut sagara. Tingburicak marakbak lambak oyag-oyagan. "Paingan turis daék datang ti jauhna!" Ukur hayang nyaksian meletékna srangéngé. Da geuning sakitu matak kelarna. Sabubuhan camar tingkalayang ngabagéakeun mangsa isuk. Aya nu ngangkleung ti kajauhan. Rada anggang tina jajalaneun kapal. Beuki lila beuki atra. Boa enya! Éta kitu nu keur ditéangan? Jiga enya! Jiga peti leutik nu dipalidkeun ku Aki duapuluh taun ka tukang. Hanjakal jauh di sagara nu hamo kadongkang (Ki Hasan).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar