Selasa, 05 Juni 2012

Dongeng Si Adul Liburan

Dongeng Libur

Si Adul rek ka Jakarta,  ku indungna dianteur megat beus....
Kenek : Jakarta bu ??
Icih : kang... punten ngke mun nepi cianjur, bejaan ieu budaknya !! (bari naekeun si adul kana beus)
Kenek : di cianjur..?? .. iya...iya.... tariiiiiik !!!
# Beus maju.... ditengah jalan adul nanya ka kenek #
Adul : tos nepi cianjur can ??
Kenek : can !! lila keneh...
# teu lila si adul nanyakeun deui...#
Adul : tos nepi cianjur can ??
Kenek : caaaan !!.... lila keneh...!!
# kitu jeung kitu we si adul nanya ka kenek nepi ka sarena, beus terus mamprung nuju ka jakarta,,, teu kanyahoan beus teh nepi ka puncak, si kenek reuwas, cianjur geus kaliwat #

Kenek : (ngomong ka supir) aduh kang... asa dosa saya ka budak eta !! (nunjuk ka si adul anu keur sare)
Supir : kumaha kitu ?
Kenek : tadi ka amanatan ku indungna, mun geus nepi cianjur bejaan !!
Supir : wah kumaha ari maneh ?? pan cianjur mah geus kaliwat !! (bingung)
# tungtungna beus teh balik deui ka cianjur, sanggeus aya panyatujuan panumpang lantaran karunyaeun... nu ahirna beus teh nepi oge ka cianjur.... si kenek ngahudangkeun si adul #
Kenek : jang.... jang.... hudang !! cianjur geus nepi yeuh.... (bari ngaguyah2 si adul)
Adul : (ngorejat, tuluy nyusut adayna).... nepi mang cianjur ??? (bari gura giru muka kantong, ngaluarkeun timbel jeung deungeun sangu dina keresek )
Kenek : turun didieu ???
Adul : moal mang... pan uing mah rek ka jakarta, ngeun diamanatan ku indung uing, mun murak timbel paleubah cianjur.... !!! (bari ngahuapkeun sangu anu dicocolkeun kana sambel)
Kenek + supir + para panumpang : jeuuuuuuuuh !!!! (bari nepak kana tarang)

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar