Kamis, 22 Maret 2012

[kisunda] Fiksimini - Pais Lele

 

Fikmin #Pais Lele#

Malem Minggu. Hujan ngagebret, lir dicicikeun ti langit. Guligah. Isuk tangtu baris mais lele. Mun meunang paray sina dikerecek ku Ema. Sesana dipais barikeun. Keur deungeun sangu balik sakola. Geuwat ka dapur. Nyiapkeun ayakan jeung ember plastik. Teu tibra. Hayang geura isuk.

Beres Subuh, tuturubun ka sawah. Neangan kokocoran keur nagenkeun ayakan. Unggal caah, hujan peuting, lauk situ mijah, hanjat ka sawah. Batur salembur ngabrul paboboro nyirian kotakan. Ngan harita banget ku jempling. Taya nu ngulampreng. Keueung nyorangan di sawah rebun-rebun. Balik deui kitu? Pais lele ngolebat. Punduk muringkak. Inget kana Leled Samak. Tapi kerecek paray ngagupayan.

Balik, entong? Ngaguruh sora dina kotakan. Tingserepet lauk dina sela-sela pare rambeteun. Poho kakeueung. Moro ayakan nu ditandekeun. Bereyek lele pasesedek muru kokocoran cai turun ka situ. Ayakan diangkat. Racleng lele laluncatan. Gep dirontok. Gabres. Dua dampal leungeun kapatil. Korejat ngajleng! Ngepeskeun dampal kapanggang. Gujubar ngajurahroh kana kotakan. Hayang pais lele ngadon kabulusan.

 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar