Kamis, 22 Maret 2012

Fiksimini - Sabot Tuang Siang

Fikmin #Sabot Tuang Siang#
Ku Ki Hasan

Kantin Kampus. Tingcaleuhak nu taruang siligonjak. Trong-trang, centong, piring patentongan. Regot, nu ngaleueut ditotor tina aqua botol. Koloyong muru parasmanan. Gep kana piring. Dieusian sangu bodas ngebul, sayur paria, sareng pais nilem. Lologorna sagelas cienteh panas. Gek dina meja kosong. Burilak, lebah kenca kulitna umyang koneng. Katuhueun ngelemeng pakulitan hideung santen. Srod nu geulis nutupan imbitna nu kaumbar teuteup. Regot, kana cienteh panas, ngalantisan tikoro ngohngor. Segut ngahanca alas, murak pais, girinyih, aya endogan. Ragamang deui panangan nu geulis kana lancingan. Diangsrodkeun. Kaos pungsat dibetotan. "Duh atuh neng, ari teu rido mah, kuanaon make pupungsatan. Meureun Emang moal ebat tetenjoan."

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar