Kamis, 22 Maret 2012

Fiksimini - Mulang

Fikmin #Mulang#
Ku Ki Hasan

Anteng ngagulang gaper hanca gawe. Ting Tong! Henpon disada. "Kang Apa teu damang wales. Enggal mulang! Diantos!" Pun Adi ngiberan ti lembur. Beu! Paingan geus sababaraha poe, teu genah rarasaan. Bray muka Internet. Neangan tiket 'online'.

Isuk keneh, biur mangprung ka bandara. Anjog ka Cengkareng, peujit koreseun kambuh. Tadi miang teu kaburu sasarap. Nyimpang heula ka Baso Malang Oasis, ngahaneutan peujit. Kurulang-kuriling neangan konter Primajasa. Ngadius muru ka Bandungkeun.

Anjog ka Bandung. Geuwat muru taksi. "Taksi mang, ka Bahagia Permai, Margacinta!" "Mangga, 100 rebu Pa!" Beu, 100 rebu. Bandung-Jakarta ukur 75 rebu. Ti Bandara Husen, ti BSM oge ngan 30 rebu. Ari ieu ti Batu Nunggal, ukur kahalangan sababaraha komplek, kudu 100 rebu. Mending balik deui ka Jakarta kitu?

JB, 07/03/12

Tidak ada komentar:

Posting Komentar