Kamis, 22 Maret 2012

[kisunda] Fiksimini - Jagal

Fikmin - Jagal
Ku Ki Hasan

Monitor gede anteng dipencrong. Bray Buku Bodas dibuka. Atra ngaran jeung alamatna, lengkep kacatet katut data pribadina. Ret kana agenda pancen poe ieu. Ret deui kana Buku Bodas. Klik modul "Early Warning System" diaktifkeun. Barasat sakur nu geus nepi ka waktuna poe ieu ngabaris dina tabel lebah kenca. "Toong heula ah! Keur naraon nya?" Bray monitor CCTV dibuka. Usep urang Cibiru, mangprung naek motor bebek, teu make helem. Bah Kanta urang Ciamis, ngajoprak di Puskesmas keuna ku struk. Ajengan Ikin urang Parigi mah geuning keur duha. Reup peureum. Dalah dikumaha, najan teu wasa ge, kapan geus pancen kuring. Geleser mouse digeserkeun. Klik! Tombol beureum dipencet bari bismillah. Jungkel Usep neunggar kai dina trotoar. Regeh Bah Kanta ngahanju nepi ka lesna. Ajengan Ikin khusyu sujud keneh, najan geus oyag saawak-awak.

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar