Kamis, 22 Maret 2012

Fiksimini - “Gud morning, Ser!”

Fikmin # NGIMPOR CARIOS #
Ku Dadi Arya

Boga tatangga anyar, bulé. "Good morning, Sir!" pokna bari rengkuh. "Euh..., abdi? Abdul Somad" cekéng, nyoba-nyoba ngajawab. Hayangeun wawuh, meureun. Léos manéhna sepor. Kuring tuluy nyéboran kembang. Isukna, angger. "Good morning, Sir!" pokna tetep rengkuh. "Abdi? Abdul Somad" jawab kuring. Léos manéhna sepor. Kuring tonggoy nyéboran kembang. Opat poé, noron. Kitu kénéh. Isuk-isuk ayeuna, kuring tangginas. Campego deukeuteun pager pamisah. Lol, kuring miheulaan. "Gud morning, Ser!" cekéng daréhdéh. "Abdi..., Abdul..., Somad" pokna, lentong bulé kumagok. Kuring hareugeueun. Geuning, ngaran kuring jeung manéhna... sarua!

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar