Kamis, 22 Maret 2012

Fiksimini - Manuk Beo

Fikmin #MANUK BÉO#
Ku Yusef Muldiyana II

Bono téh ngaran manuk béo jalu anu calakan, ngomongna capétang jeung bisa nyanyi lagu Ayu Tingting, deuih. Bakat ku pinter Bono teu dikurungan, dikencar wé. Bono libidona geus teu kuat hayang nyo'o bikang. Ngudag japati teu beunang waé, antukna kalah numpakan hayam. Bono ditéwak ku Haji Deri, nu ngukutna, laju buukna dibotakan "Lantaran manéh geus macek hayam, manéh dbotakan. Isuk aing rek hajat, manéh kudu narima tamu. Tamu awéwé sina ka panto kénca, tamu lalaki sina asup ka katuhu, ngarti?" "Kumaha ngabéntenkeun awéwé jeung lalaki téh, juragan?" ceuk Bono. "Nu panjang buukna atawa ditiung, eta awéwé, nu buuk pondok, lalaki!" Isukna Bono nangtung na meja tamu. Jol Nyi Ipah, ditiung "Istri ka kénca" jol Jang Komar buuk pondok "Pameget, ka katuhu" kurunyung Jang Toni, panjang buuk "istri ka kenca!" Barang datang Mang Mang Basar anu sarua botak jeung manéhna, Bono nyarita "Hei, tukang macek hayam? Baturan uing di dieu!" cenah.

__._,_.___

_

Tidak ada komentar:

Posting Komentar