Selasa, 07 Februari 2012

[kisunda] Fikmin Einstein jeung si Kabayan

  Hiji mangsa Kabayan panggih jeung  Einstein elmuwan Yahudi di pesawat
terbang. Kabeneran tempat diukna teh pasisi-sisi alias rendengan. Saperti
ilaharna anu kakara panggih, masing-masing ngawanohkeun  maneh. Tamba kesel,
Einstein (E) ngajak tatarucingan jeung si Kabayan (K). Pangajak eta
dilayanan ka ku Si kabayan, tapi make aya saratna. Upama si Kabayan teu bisa
ngajawab kudu mayar US $ 5 ka Einstein. Tapi mun sabalikna, Kabayan bakal
narima US $ 500. Kaduana sapuk kana sarat eta. Pananya munggaran diajukeun
ku Einstein. (E):  Upama ti bumi rek ka bulan make pesawat roket kecepatan
589 km/jam, sabaraha lila anjog ka bulan? Kabayan teu loba omong, kusiwel
ngaluarkeun US $ 5 tina dompetna, disodorkeun ka Einsten. Terus Einstein
ngajukeun pertanyaan kadua. (E): Naon anu bakal kajadian  upama reaksi fusi
berantai dilaksanakeun di rohangan hampa Udara? Kabayar ngan sakilat
ngaluarkeun US $ 5 tina dompetna teu mikir panjang deui. Einstein surak
bakating kubungah pertanyaanana teu kajawab ku si Kabayan.  Kabayan menta
waktu pikeun ngajukeun pertanyaan. (K): Sato naon upama naek gunung jalanna
make opat suku tapi lamun turun, jalanna make tilu suku? Einstein kerung
mikir sataker kebek, tapi weleh teu katebak. Terus ngaluarkeun lap top menta
bantuan ka google. Teu bisa oge. Nelepon ka babaturanana sasama elmuwan
sugan aya nu nyaho. Tapi lebeng teu bisa ngajawab. Ngarasa taak, Einstein
ngaluarkeun US $ 500, golosor dibikeun ka si Kabayan. Giliran Kabayan  anu
suka bungah. Masih panasaran, Einstein nanya ka si Kabayan, sato naon anu
dimaksud teh. Kabayan heunteu ngajawab, tapi langsung nyodorkeun US $ 5 ka
Einstein. Tapi duit US $ 500 digeber-geber di hareupeun Einstein.
"Kabayan..,Kabayan geura hudang geus beurang, geuwat ka sawah,"ceuk  nyi
Iteung bari ngaguguyah awak si Kabayan.      

Tidak ada komentar:

Posting Komentar