Carpon - LALAKON AWON
Ku Godi Suwarna
AWON. Sakitu-kituna ngaranna téh. Teu kurang teu leuwih. Duka kumaha pipikiran jenatna kolot-kolotna pangna méré ngaran kawas kitu. Disebut goréng patut da henteu manéhna téh. Malah mun ditilik-tilik, nya aya rupaan wé sakitu mah. Pédah teu kasartaan wungkul. Éta wé geura, barang pakéna téh teu weléh rangkedut baé. Kungsi éta gé manehna téh maké pakéan rada pantes. Diberé lungsuran seragam pagawé negri ku Mang Sidik, pesuruh SD. Na da éta mah, guru-guru sadésa ngadon ribut Ngaromongkeun. Teu sarukaeun. Seragam saenya-enya dipapaké ku jelema kitu, ceuk nu karukulutus. Mang Sidikna ogé diseukseukan ku Kepala Sakola. Atuh manéhna téh teu tulus ganti pakéan. Balik deui wé mamaké gidril, saban poé, ka mamana, bari jeung gogodombrangan éta téh.
"Jih, étah, Mang Awon mani saé kitu, eum!"
"Uhun. Mang Awon mah saé baé da!"
"Naha sakitu saé bet di-awon-awon?"
"Ah, sakali Awon mah tetep wé awon!"
Dina hiji mangsa, isuk-isuk, barudak SD mani raéng ngaheureuyan Manéhna ngan ukur imut bari jongjon wé digawé, nyapuan buruan balédésa Kitu biasana, boh ku budak boh ku kolot, manéhna téh teu weléh digareuhgeuykeun. Nya kitu, diheureuyan atawa dicarekan ku saha baé ogé manéhna mah teu weléh imut jeung imut. Imut nu matak deungdeuleueun ceuk Mang Sidik téa mah.
Rengsé sasapu, ger, ngadurukan runtah. Deregdeg ka jero rék nyokot bandéra. Rohangan karosong keneh. Can aya pamong nu ngantor najan geus nyedek ka beurang. Dirigdig deui ka buruan bari mamawa bandera. Bandera dikelat. Manehna mundur tuluy ngahormat kana bandera. Kituna téh bari ngawih lagu Dengkleung, da ngan eta-etana nu apal. Hansip ngadon tingcalengir sabot nyerangkeun nu keur upacara sosoranganan.
"Ka dieu heula sakeudeung, Won," ceuk Pa Ulis pabeubeurang, tuluy ngoyoyod ka pipir. Awon ngiclik nuturkeun.
"Apal imah Nyi Nenih, Won?" Pa Ulis haharéwosan.
Awon unggeuk.
"Kieu, Won. Panganteurkeun ieu, ka Nyi Nenih," Pa Ulis ngusiwel, ngaluarkeun amplop dines tina sakuna. "Béjakeun, Won, Bapa keur sibuk kituh. Kadé tong comel, nya!"
Awon imut. Imut nu matak deungdeuleueun tea ceuk Mang Sidik mah. Katenjona rada nyiak Pa Ulis gé. Era jigana. Bangun nu ngarasa rumasa keur boga dosa. Tapi da ngan Si Awon-awonna nu dipercaya. Awon imut bari manggut. Pa Ulis katenjo rampang-reumpeungna.
Rada jauh imah Nyi Nenih téh, nenggang, di tonggoh, di tungtung lembur. Awon ngagedig bari teu weleh umat-imut. Najan ceuk batur kurang saeundan, lamun amis budi mah nu sejen gé tangtu bakal nyaraaheun, dunya bakal jadi lega, kitu ceuk jenatna akina nu teu weleh kapireng baé, najan teu kaharti kabeh.
"Bang Awon, apa masih tetep awon, rojer?" ceuk Jang Dudung nu keur ngariung jeung baturna papada pamuda nganggur.
"Jin, lain gé Kang Awon mun teu awon mah, nyah?" nu sejenna mairan.
Awon ukur imut sabot ngagidig, teu maliré pamuda nu garugupay ban ngaracung-ngacungkeun botol. Sajajalan Awon ngahariring Dengkleung, dibulak-balik. Sanggeus ngesang, Awon anjog ka buruan imah Nyi Nenih nu hieum ku tangkal sawo. Panggung imahna téh. Barala da teu kaurus. Nyi Nenih téh hirup kadua ninina nu geus pikun pisan.
Sanggeus pupuntenan sawatara lila, Nyi Nenih ngulutrak. Didadaster. Ngaléléké. Buukna acak-acakan. Sédowna ngadaragleg keneh. Lipstikna ludang-lading kana pipi jeung gadona. Karek hudang pisan jigana mah.
"Jih, Awon geuning? Aya naon, Won?" Nyi Nenih diuk dina golodog, gigireun Awon.
"Ieu, ti Pa Ulis ..."Awon ngasongkeun amplop.
"Gering puguh uing téh," Nyi Nenih nyoekeun amplop dines, aya duitan salambar. "Jurig sugan! Cedit-cedit teuing mangkeluk téh! Teu kawas mun keur aya kahayang!! Nyaho aing keur gering!"
"Gering? Nyeri naon, Nyai?" Awon imut mani nganjut.
"Rieut. Sarebel baé deuih," Nyi Nenih leuleuy sanggeus nenjo imut Awon.
"Jin, atuh. Pencetan, Nyai?"
Nyi Nenih unggeuk tuluy nukang bari rada ngadayagdag. Awon imut. Nyi Nenih didangheuakeun. Tarangna diurut, turun kana beuheungna, kana pundukna nu ngaliglag. Aya kulit mani lemes kieu, ceuk Awon nu mindeng mencetan Hansip. Imut Awon beuki nganjut, beuki leleb. Imut Awon digebah ku nu nyorowok: "Nanaonan ieu téh? Maneh keur naon di dieu?"
Ngarenjag duanana gé. Ret. Singhoreng Pa Kulisi geus ngajega bari ngumis. Awon gancang nangtung. Ajeg. Ngahormat. Kitu biasana mun tepung jeung Pa Kulisi. Nu dihormatna mah ngadon ngabalieur, ngadon meletet kana daster anu nyingkab, ka nu ngaboleklakna.
"Keur naon ari maneh, Awon?"
"Siap, Komandan! Nuju mencetan, Komandan!" Awon daria naker, teu weleh ngahormat nurutan Hansip, ngan ditungtungan ku imut ieu mah.
Nyi Nenih nyikikik.
"Sia mah. Batur digarawé, ieu kalah ngahénén jeung nu dénok!" Pa Kulisi angger meletetan pingping.
"Ari Aa? Badé naon siang-siang ka dieu?" Nyi Nenih ngadilak, ngoyag-ngoyag pingping nu keur dipencrong ku Pa Kulisi.
"Ngon... trol wé atuh. Pajar gering apan." walon Pa Kulisi. "Indit kaituh. Awon!"
"Siap, Komandan! Dilaksanakan, Komandan!" cenah, ngahormat, tuluy balik kanan.
Nyi Nenih nyeuleukeuteuk.
Nu diseungseurikeunana mah noyod wé. Awon ngahariring Dengkleung, lagu nu ngan sakitu-kituna tea. Ngalieuk deui sotéh pedah Nyi Nenih ngagerewek bangun getek. Barang malik, horeng nu duaan téh geus arasup ka imah. Pantona meundeut. Tapi da kadenge keneh sora Nyi Nenih aduh-aduhan. Parna kitu geringna? Ceuk Awon, tuluy balik deui rurusuhan. Lalaunan manehna muka panto. Kasampak Pa Kulisi jeung Nyi Nenih keur patutumpuk dina korsi panjang, di tepas.
Kadengé sora Nyi Nenih nu hos-hosan sada entog.
"Peryogi nyaur Pa Mantri, Komandan?" Awon hariwangeun pisan.
Puguh wé, Pa Kulisi ngagurubug badis nu direwég kanjut.
"Siah, dasar jelema eusleum! Mantog, Awooon!" Pa Kulisi tibubuncelik, ngangsrodkeun calana dinesna.
Awon ngarenjag, reuwas. Tapi tuluy manehna imut. Imut nu matak deungdeuleueun ceuk Mang Sidik tea mah. Nenjo imut Awon, Pa Kulisi bangun anu rada nyeblak. Bangun teu pararuguh rarasaan. Pa Kulisi ngajeten. Pias. Awon ngahormat, balik kanan tuluy ngagedig deui.
Beu, parna Nyi Nenih téh! Renghapna gé mani hos-hosan kitu! Sada entog! Untung wé aya Pa Komandan! Mun euweuh Komandan mah uing meureun kariripuhan! Bieu gé terus wé geuning dijampe! Karek apal. Komandan téh horeng bisa ngubaran! Omong Awon.
Pasosoré, Awon ngagidig deui ka imah Nyi Nenih. Rek ngalongok. Teu weleh kadengé baé, sora Nyi Nenih nu hos-hosan sada entog basa dijampé ku Pa Kulisi tea. Awon ngeupeul cau tilu siki, sesa Pa Kuwu di kantor. Karunya! Rek saha nu ngurusna! Boga nini geus pikun kitu! Ceuk Awon nu keur ngagedig.
Na atuh. di buruan imah Nyi Nenih. Awon bet pasarandog jeung dununganana, Pa Kuwu. Pa Kuwu keur memener baju jeung calana dinesna. Awon rikat nyumputkeun cau kana saku. Rumasa. Rumasaeun nyokot cau teu bebeja.
Awon kuram-kireum da puguh Pa Kuwu téh jalma nu pangdipikaserabna.
"Kateterasan Nyi Nenih téh, Pa?" Awon alangah-elengeh.
Pa Kuwu ngarenjag da keur malaweung tea.
"Na da Bapa mah ... Bapa mah tas neang sapi..." tembal Pa Kuwu teu pupuguh.
"Oh, teu damang deuih sapina, Pa?"
"Geus aya nu rek nukeuran ku sawah ..." Pa Kuwu beuki teu puguh.
Awon imut. Imut nu matak deungdeuleueun tea. Nenjo imut Awon, Pa Kuwu ngejat tuluy ngabigbrig badis nu tas tepung jeung jurig dempak. Reuwas awon gé, meh lumpat ngudag Pa Kuwu. Bari hemar-hemir, Awon luak-lieuk, tatanggahan kana tangkal sawo. Tapi da sidik taya nanaon.
Ret ka imah Nyi Nenih. Rarat-reret. Sarimpe.
"Saré Nyi Nenihna gé. Dikirim obat ku Pa Kuwu. Heg obatna téh nu marahal tea," Awon yakin pisan da puguh bageur tea Pa Kuwu mah.
Awon teu wani unggah, bisi ngaganggu. Ngan barang inget kana cau, manehna tuluy ngahuleng. Cau dialak-ilik. Dipikiran kudu kumaha mikeunna. Da piraku ari kudu dibawa balik deui mah. Tungtungna, cau téh ditunda wé dina golodog.
"Jangeun ninina. Lumayan. Nyi Nenih mah geus dikirim apan ku Pa Kuwu! Nu ngeunah wungkul dahareunana oge," cenah ban ngaleos.
Kakocapkeun, peutingna di baledesa—enya, Awon téh sok ngagojod di dinya wé, matuh, da puguh teu bogaeun imah tea—sarena teu pati tibra. Ngimpi diudag-udag baé ku sapi gering nu hos-hosan sada entog. Ngimpi ngapung jeung Nyi Nenih bari nananggeuy cau tilu siki. Manehna jeung Nyi Nenih murag tina mega malang, ngagebrus kana cubluk. Dina cubluk. Pa Kuwu, Pa Kulisi, Pa Ulis, jeung batur salelembur ngadon silih reweg, silih segag, silih cakar. Parebut cau nu ngan ukur tilu siki. Awon ceurik, ngadingdiut di pangimpianana.
"Ari Awon can hayang rarabi?" Pa Kuwu nalek, hiji mangsa, heuleut tilu bulan sanggeus Nyi Nenih gering tea.
Awon teu nembalan, kalah tatanggahan mencrong Galudra.
"Jen, kalah ngalamun! Kumaga mun dikawinkeun ku Bapa? Daek, Won?"
Kawin. Lebeng pisan. Teu kapikireun. Teu kaciptaeun.
"Ka Nyi Nenih daek, Won?" Pa Kuwu beuki nyedekeun.
"Engké Nyi Nenihna dibaturan ku abdi, kitu?" Awon kalah malik nanya ban ngagaroan sirah.
"Enya kitu. Engké Awon sarena pindah ka imah Nyi Nenih," Pa Kuwu rada seuri.
"Saha atuh engké nu ngemitan baledesa?" Awon bingung.
"Ah, cuang nitah batur wé. Kumaha? Daek Won?" Pa Kuwu mimiti teu sabar.
Tungtungna mah Awon téh unggeuk najan bingungeun keneh pisan. Bray weh, Pa Kuwu munggah marahmay. Kitu deui Pa Kulisi. Kitu deui Pa Ulis. Beja yen Awon rek kawin ka Nyi Nenih tereh pisan narekabna. Loba lalaki, nu bujangan jeung nu boga pamajikan, ujug-ujug plung-plong haté barang mireng eta beja. Sugan wé baleg ari geus kawin mah, kitu ceuk kaum ibuna.
Mang Sidik nu ngajenghok mah, tuluy ngaheruk meunang sawatara poe.
"Nyaan Awon téh rek kawin?" Mang Sidik ngahaja nepungan Awon.
Awon unggeuk bari imut. Nenjo imut Awon, Mang Sidik kalah ngalimba. Rus-ras ka kulawarga, ka dulurna Awon nu kabeh geus tilar dunya.
"Pikiran heula, Won. Ulah rurusuhan." Mang Sidik dareuda.
"Ah, uing mah kumaha Pa Kuwu wé, Mang. Bageur Pa Kuwu mah da," omong Awon. "Karunya cenah Nyi Nenih téh ceuk Pa Kuwu ogé. Jaba ninina geus maot apan. Keueungeun. Kudu dikemitan ceuk Pa Kuwu téh."
"Nya ari kitu onaman," tuluyna mah Mang Sidik téh ngabarabat mamatahan nu rek laki-rabi, mamatahan Awon nu ukur imut jeung imut.
Kacaturkeun, ger weh kawin. Ramé sakitu mah. Nu daratangna loba. Nyarambungan. Kasep geuning Awon téh ari dangdan mah, ceuk nu nyaraksian. Ti Pa Ulis supenirna telepisi, urut-urut baé mah. Pa Kulisi meré kongkorong. Jang Dudung mah ngadon heureuy, ngadon mungkus pel anti sepilis. Pa Kuwu ngaharewos ka Awon, ti Bapa mah sawah dua ratus bata, cenah. Tuluy Pa Kuwu ngaharewos ka Nyi Nenih nu beuki gumuleng baé. Nyi Nenih unggeuk mani haget.
Bagja Awon téh. Bungaheun pisan. Imutna teu pegat-pegat. Sapopoé umat-imut. Ras deui kana caritaan akina. Enya we! Batur téh nyaraaheun geuning! Padahal dulur gé lain! Hanjakal kawin téh teu ti bareto! Carek Awon nu terus imut jeung imut.
"Saré di tepas wé. Tipi bisi aya nu maling!" Nyi Nenih nyurungkeun, peutingna, basa Awon nyampeurkeun ka kamar.
"Moal keueung kitu, Nyai?" Awon mundur deui.
"Ah. da lain bolon! Sorangan biasana ge!" Nyi Nenih nyentak tuluy ngagebrugkeun panto kamar.
Awon ngahuleng. Tapi kapan ceuk Mang Sidik ogé kudu silih eledan ari jeung pamajikan mah. Awon imut deui. Kayungyuneun meureun pedah boga pamajikan ludeungan. Sanggeus karalang-kuriling teu puguh cabak, tungtungna mah Awon nyangsaya dina korsi panjang. Dina korsi eta pisan Nyi Nenih téh dijampe ku Pa Kulisi, bareto.
Awon lalajo telepisi nu teu disetel. Ramé geuning, ceuk Awon pedah keur bungah. Dina tipi, katembong manehna keur pangantenan. Jenatna indung bapana tarurun ti langit, tarumpak kuda, diiringkeun ku widadari nu naranggeuy cau sasikat sewang. Awon seuri da geuning beungeut kuda téh bet siga Pa Ulis jeung Pa Kulisi. Dulur-dulurna, nu geus talilar dunya, ngariung di balandongan. Nanggap wayang. Beungeut wayang téh kabeh jiga manehna. Sindenna teu eureun-eureun ngahaleuang lagu Dengkleung.
Barang lilir, kadengé sora nu hos-hosan ti kamar. Sora nu humarurung deuih. Awon ngojengkang, ngadeudeukeutan panto kamar. Kadengé sora nu rereketan. Bangsat kitu? Ceuk Awon sabot noong tina bilik carang. Nu katenjo ukur korsi. Aneh. Bet aya kulit oray nu nyampay dina korsi. Awon gigisik. Noong deui. Jeket. Jeket Pa Kuwu geuning nu nyampay téh. Apal da sok mangnyeuseuhkeun.
Naha aya jeket Pa Kuwu di dinya? Awon bingung.
Nu hos-hosan, nu humarurung, nu rereketan, beuki lila beuki tarik.
"Nyi! Nyi! Ku naon? Gering, Nyai?" Awon ngetrokan panto.
Sora-sora ti kamar ngadadak jempé. Leuh, boa maot, Awon reuwaseun.
"Buka, Nyai! Buka! Buka heula, yeuh!" Awon ngagudrag-gudrag panto.
"Naon ieu téh? Peuting-peuting ngadon riweuh!" sora Nyi Nenih semu haroshos.
"Teu kua kieu, Nyai? Teu gering?" Awon hariwangeun pisan.
"Meugeus gandeng! Teu pupuguh! Ngaganggu nu keur sare!" Nyi Nenih nyentak.
"Nyaan teu ku ..."
"Gandeng! Gandeng! Molor ka dinyah!"
Ngemplong geus kitu mah. Melang tuda, bisi kumaonam, cenah. Da ceuk Mang Sidik ogé kudu tulaten, kudu nyaah ka pamajikan mah. Awon seuri maur Rumasa. Bet ngaganggu nu keur saré, nu keur ngimpi boa, keur ngalindur. Ras kana jeket Pa Kuwu. Ah, tetenjoan wé meureun eta mah, lulungu tuda, cenah bari ngagoledag deui.
Geus kitu mah guher deui baé dina korsi panjang. Geus ngimpi deui baé. Nyambung. Ngimpi kawin. Ratu Entog panganten awewena teh. Badag pisan entogna gé. Badag bujur. Jeung disada baé deuih. Hos-hosan. Imah eundeur basa Ratu Entog ngagarapak da disampeurkeun ku oray sanca nu kaluar tina jaket Pa Kuwu. Oray Sanca beuki lila beuki badag, beuki panjang, beuki buleud. Ratu Entog dibeulitan ku Oray Sanca. Ratu Entog jeung Oray Sanca disarada babarengan. Sorana sarua hos-hosan.
"Pareuman tipina. Awon! Geura sare!" Nyi Nenih gegebes, peuting isukna, basa Awon keur lalajo telepisi nu karek meunang menerkeun.
"Jih, raramena, Nyai! Kagok atuh," Awon imut.
"Pareuman! Uing rek sare! Rarieut!" Nyi Nenih ngulas-ngulas lipstik, midang keneh najan peuting beuki peuting.
"Meunang Akang saré di kamar, Nyai?" pokna sabot mareuman telepisi. "Rea reungit di dieu mah. Tuh, mani barentol kieu."
"Ah, di dinya wé, dina korsi. Tungguan tipi!"
"Jih. apan cikeneh gé dina tipi, sararena téh bareng di …"
"Dina tipi sotéh. Imah uing mah lain tipi!"
"Tadi, ceuk Jang Dudung. Akang kudu saré di kamar, cenah!"
"Jelema burung Si Dudung mah! Didenge-dengé teuing! Meugeus di dinya we!"
Sora nu hos-hosan téh peuting harita gé geus kadengé deui baé. Sora nu seuhah deuih. Kitu deui peuting isukna. Peuting isukna deui. Ti peuting ka peuting. Geus tara dipikiran ieuh. Kitu biasana meureun, sarena sok ngimpi baé, sok ngalindur baé, ceuk Awon. Paling ogé sok ras deui kana impianana sorangan, ka Ratu Entog jeung Oray Sanca tea. Awon seuri da geuning beuki dieu Nyi Nenih téh beuki jiga Ratu Entog.
Bujurna beuki badag baé. Beuteungna deuih. Leumpangna ngagetot badis entog nu rek ngendog. Ka dieunakeun mah tara kadengé ngalindur Nyi Nenih téh. Jaba jadi bageur deuih. Paingan ceuk Mang Sidik, bageur cenah engké gé, asal Awonna sabar wé. Ngan edas ogoanana. Kudu digeberan baé. Atoh wé Awon mah. Atoheun pisan. Komo barang mimiti meunang asup ka kamarna mah. Sapeupeuting Awon ngahihidan Nyi Nenih bari ngahariring Dengkleung.
Kacaritakeun, heuleut lima bulan ti tas dikawinkeun tea, Nyi Nenih geus ngalahirkeun. Orokna lalaki Kasep. Mani rabul nu ngalongokna gé. Abring-abringan. Lalaki wungkul. Awon beuki ngarasa dipikanyaah. Ku nu ngarubung, orok téh sok disaridik-sidik, tuluy saleuseurian bari silih tunjuk irung.
"Jiga Pa Ulis, Won!" aya nu pok nyarita kitu.
"Jih, puguh jiga Pa Kulisi!"
"Tarangna! Tingal tarangna! Tarang Pa Kuwu!"
Reueus wé nu aya Awon mah. Reueus pisan. Sugan atuh katuliskeun jadi pamong, cenah. Orok teu weleh diteuteup. Teu weleh geugeut. Teu weleh hayang deukeut baé. Teu weleh hayang nungguan di kamar. Tapi sanggeus Nyi Nenihna jagjag mah Awon téh teu meunang asup ka kamar. Tong boro mangku, teu meunang nyabak-nyabak acan. Bisi katepaan, ceuk Nyi Nenih.
Kakocapkeun hiji mangsa. sanggeus rengsé ngariung nyukuran orok, peutingna téh bulan ngempray kasawang ti tepas jempling. Awon ngabaheuhay dina korsi panjang. Asa jadi lalega tepas téh, buruan deuih ituh, ceuk Awon nu ras deui kana omongan akina.
Awon nyetel tipi. Sorana dileutikan pisan da bisi ngagareuwahan orok nu keur tibra. Sabot lalajo. Awon rut-ret kana panto kamar, ngarep-ngarep Nyi Nenih kaluar bari ngais budak. Kacipta baé, sirah orok nu bolenang karek meunang nyukuran. Kacipta lemesna mun diusapan. Hayang ngais deui. Hayang ngeyong. Hayang ngahariringan. Hayang...
"Hayang daging Oraaay!" Ratu Entog kutap-ketap.
"Hayang daging Entooog!" Oray Sanca kutap-ketap.
"Hayang daging oroook!" Ratu Entog ngacay.
"Hayang daging oroook!" Oray Sanca ngelay.
"Hos! Hos! Hos!" ceuk Ratu Entog.
"Hosss! Hosss! Hosss!" ceuk Oray Sanca.
Awon ngorejat. Hudang. Culang-cileung. Bulan ngempray keneh. Tipi hurung keneh. Dina tipi, aya awewé gegelehean di basisir. Aya lalaki nyampeurkeun. Awewé jeung lalaki tuluy patangkod-tangkod. Ti kamar. geus kadengé deui baé sora nu hos-hosan. Ras deui kana impianana dkeneh, ka Ratu Entog jeung Oray Sanca tea. Awon seuri.
Sora anu hos-hosan téh mimitina lalaunan, laun-laun beuki tarik. Na atuh, orok ujug-ujug ngagoar. Awon curinghak. Jol kacipta orok dibeulitan ku Oray Sanca, dilolodok ku Ratu Entog. Awon ngojengkang, rek ka kamar, rek nulungan budak. Tapi Awon diuk deui. Teu wani da sieun dicarekan. Dina tipi, nu keur patangkod-tangkod aya nu ngintip. Lalaki jabrig nyangking balati gedé. Ceurik orok beuki tarik. Awon ngojengkang deui. Rek lahlahan ngetrok panto. Panto kamar muka manten. Breh. Ratu Entog ulag-ileug. Awon hemar-hemir Disidik-sidik. Nyi Nenih geuning. Nyi Nenih nangtung di lawang, bulucun semu ngesang, mangku orok nu gogoaran.
"Leweh baé budak téh! Pependé, yeuh! Dieyong geura!" Nyi Nenih ngasongkeun orok jeung pangaisna.
"Karasa beuteung deui, Nyai?" Awon ngarawu orok.
Nyi Nenih teu nembalan, kalah gura-giru meundeutkeun panto.
"Dibaju geura, Nyai. Bisi asup angin keh." Awon ngais budak.
Teu weleh geugeut ka orok téh Teu weleh ditatap. Teu weleh diusap. Orok dieyong-eyong bari diharinngan. Dengkleung. Sora ti kamar mimiti kadengé deui. Dina tipi, nu keur patangkod-tangkod dibongohan. Si Jabrig ngaheumbat. Gabres. Gabres. Getih muncrat maseuhan kikisik. Sora ti kamar beuki tarik. Jol kacipta. Ratu Entog gutat-getot beurat ku bujur. Oray Sancana calawak. Tuluy garulet. Silih lodok. Silih pacok. Silih cokcrok. Dina tipi. Si Jabrig terus ngahanca nu keur kokoloyongan. Gabres deui. Gabres deui. Dicehcer. Terus dicehcer. Getih busrat-basret. Tapi teu direret-reret acan. Si Jabrig terus ngaheumbat. Sakali deui. Gabres deui. Ngaheumbat deui. Gabres. Gancang Awon mareuman telepisi bari terus humariring.
Sora nu hos-hosan, sora nu humarurung, sora nu nyikikik. sora nu ceplak, sora nu rereketan awor jeung hariring Dengkleung.
Jempling tungtungna mah. Jempling pisan.
"Ujang rek jadi naon jaga? Jadi Pamong? Ah, jadi naon wé nya, Jang. Asal bageur," Awon ngaharewos, nompo kana ceuli budak nu geus tibra deui.
Ti kamar kadengé sora nu batuk, ditungtungan ku cikikik.
"Sing amis budi Ujang mah, nya?! Ngarah rea nu nyaraaheun. Sing amiiis téh nya, Jang?"
Awon imut bari nyium budak. Awon bangun hayang nepakeun imutna nu matak deungdeuleueun tea. Awon seuri barang nenjo orok ngarenyu nu imut. Aya nu nyalangkrung dina juru panon Awon.
Di buruan, caang bulan beuki ngebrak.***
=====
Catetan:
Pinunjul I Pasanggiri Ngarang Fiksi Paguyuban Pasundan/Hadiah Sastra DK Ardiwinata 1997. Dimuat dina Majalah Manglé No. 1628, Oktober 1997
_
Tidak ada komentar:
Posting Komentar