Minggu, 01 Januari 2012

Sajak - Tanjung Kaliwung

 

TANJUNG KALIWUNG
Ku Godi Suwarna

jungjunan,
anjeun ngejat tina rangkulan kadeudeuh
kebat pundung ti basisir, kumalayang tunggang lambak
sanggeus tresna ngawarangan di banjarkarang karancang
ngaligincing ka sagara pangancikan nu kasawang gumarabyag
mulang ukur mawa raheut jeung hangit rarawék haté
basa asih kari ruhak 'na kikisik

jungjunan,
horéng anjeun teu leler dibangbalérkeun
ngagugudug sabot nyumput di sédong jaladri mongkléng
teu kadongkang ku gupay kalakay méga ti langit garing
harita, mangsa tandes jeung rob-roban salah wayah
ukur parahu nu weruh yén sagara keur marudah
réh anjeun ngabarungsinang

jungjunan,
kalan-kalan rambut anjeun ngabebela di sagara
ngaduruk pucuk balébat, ngagolakkeun punduk lambak
laut geuneuk ku amarah nu disidem di leuweung ganggeng
hawar-hawar sora anjeun jumerit awor jeung angin
gumelebug neumbrag karang salingkung tanjung
ngagederkeun jantung leuweung

jungjunan,
geuning anjeun meupeuskeuyang
ngabedah-bedah amarah di puseur nagri jaladri
téténjrag di dasar bumi, banjarkarang digunjang-ganjing
tuluy anjeun ngabudalkeun jungkiringan gunung lambak
nu ngaguludug ti sukulangit, gumulung ngepung basisir
ngabencar-bencarkeun kalbu

jungjunan,
anjeun mah biheung di mana
basa jerit jeung cimata kakubur 'na ruhak lambak
barang tanjung humarurung dirurub halimun wuyung
geuning anjeun tuluy suwung ti basisir nu pasiksak
sabada saban pasini dipungkas lalancip pati
kari lembur ngalanglayung

(pangandaran, 17-7- '06)

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar