Selasa, 03 Januari 2012

[kisunda] Fikmin - "LOCAL GÉNIUS"

Fikmin #LOCAL GÉNIUS#

Geus mulan malén irigasi dibangun ku pamaréntah, tapi cai angger teu ngocor-ngocor. Padahal proyékna dipingpin ku tukang insinyur. Nangtukeun lokasi maké Gépéés, ngukur luhur handapna lemah maké théodolit. "Teu becus kitu-kitu acan mah, halik ku aing!" ceuk Ukin ahli nyieun solokan ti Kadupandak. Théodolit jeung sakabéh pakarang PU dibalang-balangkeun. Ukin tuluy ditaranjang. Nonggéng. "Taeunna" dijadikeun visir pikeun ngéker. Rahayat dikeprak sina ngagali hasil kékeranana. Alhamdulillah, teu mangkuk tilu minggu cai ngocor nepi ka hilir. Rahayat surak.
Ninggali kana kahébatanana, Ukin diondang kana Seminar Nasional Téknologi Tepat Guna. Basa aya anu nanyakeun, ngeunaan prospék "réplikasi" téknologi sangkan bisa diterapkeun di tempat séjén, Ukin ngajawab :"rada sesah ...margi akurasina gumantung kana panjang pondokna "visir"...sedengkeun panjang pondokna "visir" gumantung kana gagaduhan séwang-séwangan, atanapi tiasa ogé dipangaruhan ku faktor-faktor sanésna..... sapertos...... murungkut saupami katirisan........atanapi ngabadagan saupami ninggali aya mojang nuju mandi di walungan...................." [GK]

Ti lapak tatangga.

___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar