Rabu, 04 Januari 2012

Aya Jurig! Cerita Horor!

Aya budak TK balik ngaji bada magrib. Di jalan si budak kacida
ngagebeg waktu ningali aya nu ngabelegedeg ngarupaan jurig.
Si budak kaweur jeung bingung kudu kumaha sangkan bisa ngusir jurig
tea, kulantaran di sakola manehna kakara diajar hiji doa, nyaeta doa
rek dahar. Tapi kalayan teuneung jeung ludeung, gorolang we manehna
ngadoa tarik pisan :
"BISMILLAHIR ROHMANIRROHIM. ALLAHUMMA BARIQLANA FIIMA ROZAQTANA WA
QINAA ADZAABANNAR. AAMIINNN..".

Ngadenge doa budak tea, na da eta si jurig teh lumpat ngabecir, bari
noroweco: "Anjiiir, asa kakara aing rek didahar ku budak leutik kieu!"

;)

_,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar