Minggu, 01 Januari 2012

[kisunda] Fikmin Wayang - "Adirata Meunang Bagja"

Jejen Jaelani W
Fikmin#Adirata Meunang Bagja#

Wanci sumirat balebat, Adirata, kusir karajaan Astina sipeunteu di walungan Gangga, tapi teu kinten ngagebegna barang socana ningal ka hilir bet aya kandaga cahayaan ngangkleung. Teu ngemut panjang deui kusir Adirata enggal ngojay mapag kandaga nu murub mubyar, lajeng dicandak ka sisi bari teras dibuka. Adirata ngagebeg barang ningal eusikandaga teh jabang bayi nu teu kinten kasep sareng gagahna bari nganggo anggoan perang Kotang Kere Kaswargan, sabangsa baju beusi nu kacida ipisna bari tos rapet kana kulitna dina cepilna katingal aya Anting Mustika.

Adirata teu kinten bingahna, sok komo salami rumah tangga Sareng Rada, nu janten garwana teu dipasihan turunan. Kandaga dirawu bari satengah lumpat dicandak ka bumina, Rada teu kinten bingahna, asa karagragan bulan, sok komo ningal jabang bayi sapertos sanes turunan samanea, kandaga dicapaan, gorehel aya kertas nu nguningakeun mun asma eta jabang bayi teh Karna. Kalawan pinuh kaiklasan disarengan ku bingah, Adirata sareng Rada ngarorok Karna, malihanan namina ge digentos janten Wasusena, jalaran waktos kapendak nganggo anggoan perang, malih katelah oge ku nami Radea, nyandak tina nami ibu nu ngarorokna, Rada. Jaga ieu Radea bakal nyangking kalungguhan dipati nu ngereh wewengkon Awangga, malah dina mangsa perang tanding sareng panengah Pandawa, Karna nembe uninga mun nu ngakandungna teh Dewi Kunti Nalibrata bari diyuga ku Batara Surya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar