Rabu, 10 November 2010

Wayang - Lalakon Subali

Lalakon Subali

Carita Tilu Bagian

Ku Ki Jatnika

Hiji

DULUR jeung dulur adu jajaten. Adi jeung lanceuk naker wewesen. Itu teuneung, ieu ludeung der tarung anggeus-anggeusan. Karek pungkas upama salasaurang perlaya. Kasebut masih keneh aya sesa nyawa, cadu mungkur, haram ngejat, kajeun ngalungsar bari banusan, raga paturay jeung nyawa. Balukar leuweung salelewek Nagri Kiskenda, lir dicacar bolang. Tatangkalan bra-bru rarubuh, digarulung ku nu tarung...

Matak watir eusi leuweung, pirang-pirang jadi korban. Dalah sato bangsa maung, kerud, begu, atawa gajah, teu kurnag reana nu jadi korban. Bugangna bacacar di mana-mana. Aya nu katinggang tatangkalan, aya nu kababuk rurungkadan cadas. Kawantu rek kabur boro-boro kaburu, lantaran meh salegana alas, jadi lahan tutunggalan.

Najana papak kuda papasangan, munding sakti rarakitan, buhunan lanceuk, lila-lila Subali mimiti katingal unggul. Sababaraha kali Sugriwa kapalingan tampilingna. Kabongohan cabok lanceukna. Untungna teu ngalaman katurelengan. Pohoi naker kaler, kidul, kulon. Bubuhan duanana sarua terah Resi Gotama.

Sri Rama nu majar manusa titisan dewa, lambang kaadilan alam dunya, sakali ieu mah kudu ngalaman salah lengkah. Ponteng teuing ka nu koneng, ceueut teuing ka nu hideung, gampang-hampang mentang jamparing petingan, sasat ka jelama tanpa dosa. Malah henteu wawuh-wawuh acan. Abong raga-badagna tunggal manusa. Teu weleh keuna ku owah gingsir. Kudu bae ngalakonan laku salah.

Dalah Hyang Jagat Dewata, Hyang Guru Otipati, sakedapan ngaraos hemeng. Naha Sri Rama gampang pisan kapangaruhan. Kurang asak tinimbangan, kawas lain terah Wisnu. Namung, saparantos diaji deui, anjeunna sadar. Mahluk naon nu teu keuna ku robah. Dalah harkat dewa, teu mungguh. Buktina rea temen dewa-widadari, kapaksa nandangan hukuman. Diusir ti Kahyangan, diturunkeun harkatna, disaruakeun jeung manusa.

"Naha kalakuan Sri Rama kitu?" teu katingal kureunyungna, Hayng Narada Kabayan Dewa, terang-terang aya payuneun Dewa Guru.
"Nya eta tuh..." walerna.
"Naha bade diantep bae?"
"Ari tos kedah kumaha?"
"Nya matak naon urang harewosan, sugan Wisnu gancang sadar."
"Namung nasib-takdir Subali parantos aya seseratanana. Tamaha bongan sorangan ongkoh."
"Kitu onaman moal bade ngalalangkungan," Hyang Panji Narada amit mungkur. Leos ngantunkeun deui Karaton Jonggringsalaka.

Cukup ngabandungan caritaan Anoman, Sri Rama langsung yakin kana pilihan lakuna. Balukarna saha nu sanggup nadah kalinuhungan pakarang Wisnu: Subali pejah perlaya. Dadana katiuk jamparing lungsuran dewa.

Subali memang lain jelema sampurna. Warugana wae ampir bleg wanara. Awakna pinuh ku bulu. Nya kitu deui raray kagungan, monyet teu dipiceun sasieur. Ana sasauran tara kendat dibarung ku cekrah-cekroh. Tapi, saperti Anoman, iwal wujud warugana, Subali hiji manusa. Malah lian ti jadi raja, ngindung kana kasakten jeung sisifatanana, ku dewa dipaparin gelar Resi: Resi Subali.

Mun tea mah aya kakurang Subali, gurat batu teuas hate, sok dapon ngarasa bener. Sakalina boga tara beunang dihalang-halang. Kanjat disingsieunan harianeun. Ku naon kutan, jirimna manjing wanara. Bleg monyet meh teu dipiceun sasieur. Padahal meleg-meleg putra pandita, turunan widadari ti Kahyangan.

Caturkeun Resi Gotama, kagungn putra tilu, dua pameget, hiji deui si bungsu, kaleresan istri. Nu pameget nya eta Raden Guwarsa jeung Guwarsi. Ari nu istri dipaparin wasta Dewi Anjani. Kawantu tuang ibu, widadari lungsuran kadewatan, jenengan Dewi Indradi, nu pameget karasep si bungsu nu istri harianeun. Geulis beh ditueun geulis.

Raray ngempray tanding bulan, pakulitan sari gading, salira lenjang lampanyat, anak angkat kadia macan teu nangan. Dibarung keupat gondewa sapasang, asal anjeunna ngalangkung, hyang bayu teu pupuguh ngaharegung. Anehna taya angin sakalieun ngagilisir. Sepi!

Ngan naha atuh aya-aya bae. Sakali mangsa Maharesi Gotama kasumpingan dua putrana, Si Cikal sareng Panengah. Duanana sami mangadu, majar anjeunna ngawilah-wilah kanyaah. Ongkoh keneh-keneh getih-dagingna, putra tulen saibu sareng sarama, namung lebah mintonkeun kadeudeuh, tebih dina rasa adil. Maparin cocooan teh mung ka Anjani wungkul. Naha pedah anak bungsu sareng pangawak awewe? "Padahal boh Anjani, boh abdi duaan, keneh-keneh putra salira," cek Guwarsa.

"Leres" rikat diengklokan ku raina, Raden Guwarsi.
"Ke heula, aya naon ieu teh sabenerna, Ama ngarasa bingung nataku," waler Sang Resi. "Geus mere cocooan naon Ama ka Anjani?" saurna deui, raos panasaran inya.
"Karah ti saha atuh Anjani gaduh cocooan sakitu aheng-saktina. Wujudna cupu juru dalapan, upami tutupna dibuka, kaayaan Sawargaloka awas katingal sagala rupana."
"Baruk cupu?" Resi Gotama, malik naros. "Cik, Anjani sina ka dieu!"

Teu ngantos mindo dawuh, Raden Guwarsa rikat neang ingkang rai. Teu lami Dewi Anjani katingal sumping kairing tuang raka.

"Cik Ama ngilikan. Siga kumaha cupu, nu majar aheng jeung sakti teh?"

Najan emut kana wawadi tuang ibu, omat ulah nepi ka apaleun batur, ingkang rama harianeun, Dewi Anjani teu tiasa baha. Cupu sakti kapaksa dipasihkeun ka ramana. Ku Maharesi lajeng ditengetan, sakantenan dipariksa lebetna. Tetela omongan Guwarsa jeung Guwarsi teu salah.

Kantenan anjeunna ngaraos hemeng, naha Anjani gaduh cocooan sakieu anehna. Mana komo saparantos sidik, saha nu kagungan eta cupu. Wiku luhung resi sakti, pandita beunghar panalar, cadu kapalingan tingal. Cupu manik astagina, barang kaulinan urang Sawarga. Moal aya deui nu boga, iwal Batara Surya. Ngan naon sababna, aya di Anjani!

"Ieu cupu lain boga Ama jeung lain pamere Ama," saur Resi Gotama, bangun nu nahan bebendu. "Bisi hideng hayang terang, cik geroan indung hidep!"
giliran Guwersi rikat nohonan pamundut ramana. Teu mangkuk sabaraha lami, sumping deui ngiringkeun ibuna. Srog Dewi Indradi marek ka payuneun carogena. Cong nyanggakeun sembah sujud. Namung, boro-boro ditampi.

"Maneh nu mere cupu ka Anjani?" basana kasar garihal.

Dewi Indradi mung wasa unggeuk.

"Ti saha maneh meunang ieu cupu?"

Sakali ieu mah Indradi milih ngeluk jeung ngabetem. Kawantu upami anjeunna terus terang, pisakumahaeun teuing benduna Resi Gotama. Sajabi ti eta anjeunna yakin, carogena parantos langkung ti payun uninga. Kasebut resi sakti, wiku luhung, bagawan beunghar panalar, sageuy nu kitu-kitu bae teu terang.

Eta cupu memang paparin Batara Surya. Minangka tawis katineung, ka jalmi nu dipikacinta. Sanaos parantos misah dunya, bibit asih surya ka Indradi, nya kitu deui sabalikna, teu pegat-pegat. Malih beh dieu-beh dieu, nemen maling-maling wanci, utamina pareng Resi Gotama nuju aya di panyepenan. Tegesna, duanana sering ngalakukeun salingkuh, raraga nyambungkeun deui tali asih, jaman di Sawargaloka.

Sababaraha kali ditaros deui, Indradi keukeuh henteu ngawaler. Ngeluk tumungkul ngabigeu. Lami-lami Resi Gotama ngaraos jengkel, kalayan teu sadar, pok anjeunna sasauran. "Ditanya ku salaki teh lain gancang-gancang ngajawab. Kalah ngajejentul badis arca!"

Kasauran jalmi suci, persis supata dewata. Sakalina kedal lisan, bakal aya akibatna. Babasanna nginang durung abang, ciduh ragrag kana lemah, tacan garing-garing acan, hiuk angin luluwukan, disusul sora dar-der-dor. Sakedap alam dunya poek mongkleng. Barang bray deui caang, ical waruga Dewi Indradi gentos janten arca batu. Atuh jerit Dewi Anjani nangis midangdam. Pon kitu deui Guwarsa sareng Guwarsi. Tiluanana raos hanjakal, nyaksian nasib tuang ibu.

"Da ieu gara-garana!" amarah Resi Gotama teu acan suda.

Teu talangke deui, cupu manik astagina kagungan Hyang Batara Surya, belewer... ku anjeunna dialungkeun. Kawantu dibarung amarah rongkah, cupu melesar ka jomantara, memeh ngalayang ka beulah kidul.

Duka di mana teuing piragrageunana.

***

Dua

NINGAL cupu dialungkeun, teu beunang diulah-ulah, teu bisa dihalang-halang, rai-raka balap paheula-heula ngudag. Cupu ragrag di hiji tempat. Les... ngaleungit. Gantina aya talaga. Eta talaga engkena, kasohor Talaga Sumala. Caina canembrang herang, nepi ka beunang dipake eunteung. Sisi-sisina beresih, siga pangojayan widadari.

Bubuhan lengkah lalaki, nya ka dinya Guwarsa jeung Guwarsi ti payun dugi. Duanana langsung teg, cupu manik moal ka mana ragragna. Pasti ka jero eta talaga. Matak harita keneh, paheula-heula ngagujubar, niat milarian cupu.

Ari Dewi Anjani, kawantu awak awewe, lumpat teu pati tarik. Sumpingna ka sisi talaga, sapengkereun raka-rakana. Malah barang anjeunna dugi, pas pisan sareng mucunghulna Guwarsa sareng Guwarsi, tina beungeut cai. Namung, rupi sareng warugana parantos robih. Salirana, ti kawit sampean dugi ka mastaka, pinuh ku bulu. Duanana bleg monyet raksasa. Dumeh buluna henteu kawas monyet biasa. Ieu mah bodas beresih sareng lemes.

"Iy, aya monyet!" cek Guwarsa.
"Puguh maneh monyet!" tembal Guwarsi, raos aneh soanten nu kapireng, peresis soanten tuang raka.
"Maneh monyet!"
"Maneh monyet!"

Kitu jeung kitu bae.

"Naha aya monyet bisa ngomong, sarta sorana siga sora adi kula, Guwarsi," Raden Guwarsa ngawitan hariwang. Boa-boa adi aing jadi monyet, gerentesna. Ngan naha manehna ka aing nuding monyet? Boa-boa...
"Aduh urang teh tiwas Kakang...," ahirna Guwarsi ti payun sadar.

Upama Guwarsa sareng Guwarsi, sagala rupana peresis monyet, Dewi Anjani mah, semet buluan dina rarayna. Margi henteu ngiring ancrub ka jero talaga. Pangna rarayna pinuh ku bulu, tadina lantaran ngaraos panas liwat saking, anjeunna ngumbah pameunteuna. Barang ningali kana kalangkang, segruk bae nangis, mani eurih-euriheun.

Tungtungna tiluan paungku-ungku, nyeungceurikan kadar awak, takdir diri. Kulak canggeum, gurat kodrat. Ti dinya marulih deui ka patapan, seja ngumaha ka ingkang rama. Utamina mundut pangampura, rehing tos midamel laku nirca, teu nurut kana kasauranana.

"Nyaah tinggal nyaah, tapi Ama teu bisa nulungan, sabab sagala rupa kajadian, kersaning Mahadewata. Ayeuna mah urang sanggakeun deui ka Anjeunna. Sugan masih keneh nyadiakeun pangampura. Minangka pameulina, hidep tiluan kudu tatapa. Guwarsa tatapana niron-niron laku kalong, ngagantung suku ka luhur, dina tatangkalan. Dahar nginum gumantung kahadean angin. Ari Guwarsi kudu nurutan laku kidnag, leumpang kakarandangan. Nu geulis Anjani, wayahna jadi bangkong, ngambang ditaranjang luhureun walungan. Bral... geura miang, dibarengan du'a Ama."
"Kumaha ari nasib Kangjeng Ibu?" cek Guwarsa.
"Saperti hidep, ayeuna keur nandang hukuman. Kersaning dewa babal tetep jadi arca. Tapi, teu kudu hariwang, dina waktuna bakal mulang deui saasalna."

Welas asih puluh taun, nu tatapa teu burung dihampura sagala dosana. Guwarsa sareng Guwarsi dipaparin pirang-pirang kagagahan. Jenenganana gentos janten Subali jeung Sugriwa. Ari Dewi Anjani, sabada ngagelarkeun Anoman, dicandak ibuna, Dewi Indradi ka Sawarga.

Di antara nu tilu, Subali resep pisan tatapa. Moho ngelmu jeung guguru. Wiku agung, resi wacis, kajeun ayana di tungtung langit, ku manehna pasti diudag. Puguhing ngadin nyepi mujasmedi. Meh taya kendatna. Buahna Dewa Syiwa kalepasan ragrag ucap, mere kasakten pinunjul. Tanaga rongkah rohaka, kulit beusi, tulang waja, cadu teurak ku pakarang, iwal gegaman kagungan Wisnu. Unggal awak usik, ana dibarung amarah, alam dunya sabudeureunana, lir kadatangan angin puyuh indungna.

Tatangkalan rarungkadan, gunung runtuh, sagara ngadadak saat. Kilat tatit katut gelap, milih buru-buru taraluk-aranut, lantaran mindeng nyaksian, kumaha gagah rohakana Prabu Subali. Batan milu kabaleberan amarahna, leuwih hade ti heula serah bongkokan.

Sakali mangsa, Rahwana Dasamuka, si beungeut sapuluh, ngalaman teu walakaya, pilakadar dibeulit buntutna. Cacak teu buru-buru menta ampun, awakna pasti ajur-lebur. Boa jadi cai. Padahal saha nu bireuk ka Dasamuka? Kagagahanana pilih tanding, lir jelema sakti sapuluh urang ngahiji. Lahir mangrupa guruntulan getih, barang ditapaan bapana, Resi Sumali, jleng jadi raja-rajaning raksesa.

Harita Hyang Dewagung langsung misaur, ieu budak bakal jadi ulon-ulon kahajatan. Sungutna pinuh ku seuneu amarah. Hatena kebek ku napsu sarakah. Jelema kitu, Rahwana teu bisa meta. Lian ti ngaku taluk, teu era ku jugrug-wujud, balilihan jayang diaku murid.

Nya ti Subali, Rahwana boga Aji Pancasona. Watekna kena lara, ning ora kena pati. Salila alam dunya ngadeg, manehna moal paeh-paeh. Saterusna jadi euwah-euwah pangeusi marcapada. Geus jadi Raja Alengka komo. Sifat sarakah, bengis, jahat, jeung culika, beuki ngulit ngulit beuki ngadaging. Ngajajah nagara jadi kalangenana. Puguhing ngumpulkeun putri raja atawa resi.

Teu cukup ku sakitu, dalah Kahyangan Jongringsalaka, ku manehna kungsi diunggahan. Karepna dijieun patalukan. Untung kaburu kabengbat ku widadari, nu ngahaja dieupankeun.

Balik kana kapinjulan Subali. Gunung jangkung, samudra lega, ku cukup diluncatan sakali. Pantes upami eusi dunya sami gigis. Sato galak bangsa maung, rikat ingkah ngajauhan, karek ngadenge ngaranna. Dalah Dewa Yamadipati palias wani adu hareupan. Boa kajeun dirorod tina kalungguhan, batan kudu nyabut nyawana. Turug-turug samemeh kaolo ku Rahwana, ku dewa dipaparin Aji Pancasona tea.

Subali jadi raja di Kiskenda. Manehna boga adi, ngaranna Sugriwa. Pamuluna lir purnama kembar. Cacak wanara, pohara kasepna. Buluna bodas-beresih, lemes sari herang, lir sutra wedalan kadewatan. Lebah kasaktenna meh sarua papakna. Ngan Subali tanagana leuwih rongkah. Sajaba ti eta ngagem Aji Sakti Pancasona.

Adi jeung lanceuk runtut-raut kadia gula jeung amisna, kembag jeung seungitna. Ka mana-mana tara papisah. Di mana aya Subali, di dinya Sugriwa aya. Susah silihtulungan. Bungah silihrasakeun. Rejeki gede diparokeun, leutik silih eledan. Dalah Nagara Kiskend, karep Subali rek dibagi dua. Sabeulah keur manehna, sabeulah deui keur adina.

Orokaya Sugriwa keukeuh nolak. Alesanana asa kurang hade, aya nagara dibeulah-beulah. Manasina kebon atawa huma. Loba temen kajadian, gara-gara parebut komara, kalepasan jadi bengkah. Utamana upama maranehna geus euweuh. Teu mustahil anak-anakna, kagoda ku kakawasaan. Balukarna dulur jeung dulur sasatruan.

Antukna duanana sapuk, Nagara Kiskenda urang bareng kokolakeun. Subali minangka rajana, luyu reujeung sesebutan: lanceuk. Sugriwa jadi wawakil, ngarangkep panglima perang.

Munding rarakitan, kuda papasangan, raja mendi nu wani pacengkad jeung Kiskenda. Buahna rahayat Kiskenda, hirup ngahenang-ngahening. Sepi paling, towong rampog, aman dibarung raharja. Munasabah upama nagara Kiskenda dianggap sawarga dunya. Urnag mana urang mendi, loba nu ngadon bubuara. Malah teu saeutik, nu antukna, milih jadi warga nagara Kiskenda.

Ngan naha atuh, sakali mangsa, teuing ti mana asal-usulna, Nagara Kiskenda kadatangan raja buta, ngaranna Prabu Maesasura. Gibrah-gibrah, awak jangkung papak mega, dada ngampar, sungut ranggeteng ku sihung. Panon bolotot sagede-gede terong. Saban molotot bijil seuneu nguntab-nguntab. Anak nyarita sorana lir ampar-amparan. Sarengkak-saparipolahna pikagilaeun.

Maesasura celak-celuk ti jauhna, nangtang ijen Raja Kiskenda. Sora tarik handaruan, cacap peuting moal salah, matak ragragan bentang. Da eta wae Hyang Batara Surya, nu kongas leber jajaten, ngalaman reuwas pohara. Ngan henteu bae birat lumpat, nyumput satukangeun mega.

Basana teh, "Aing hayang ngayakinkeun beja, majar Si Subali diwaris pirang-pirang kagagahan ku dewata!" sidik nangtang ka raja Kiskenda.

Panangtang Prabu Maesasura kadangu langsung ku Prabu Subali. Lakadalah..., gerentesna. Aing heubeul henteu ngambeu hanyir getih, kari-kari aya nu datang nganteuran. Subali bungah pohara. Lir nu lapar dianteuran kejo, hanaang diasongan cai. Harita ngadangu, harita keneh age-age bijil ti lebet karaton. Panon teu eleh burahay, molotot ka lebah datangna sora.

***

Tilu 

BAGJA tinemen, cenah, barang mireungeuh waruga lawan. Jirim jisimna ngajungkiring badis pasir. Asa-asa rada tanding. Sugan moal sageprakeun teuing. Jangkung badag, dada ngampar, ilaharna raja buta.

Ki Tatamu rikat dibageakeun. Mun kendang tea mah, haget seja diibingan. Teu masang kuda-kuda, cukup ku ngabadega, mintonkeun dadana nu teu eleh rubak. Tapi, can ge der, ku anjeunna jol kadangu:

"Naha manyunan nu kitu-kitu bae kedah ku salira," cek Sugriwa, duka teuing ti mana jolna. "Mending sanggakeun ka rai."
"His, nangtangna oge langsung ka Akang. Ki Adi mah mending ngalalajoan," cenah.

Pudigdig awakna ngagedean, ampir parok jeung musuhna. Jangkung duwur tanding gunung. Dada ngampar kawas cadas. Sepirna pating berehil, tanda tanaga kagungan, rongkah-raksasa.

Mokaha Raksesa Maesasura rada ngajenghok. Aneh nempo awak lawanna bisa ngagedean. Tapi, aya alusna, cenah. Aing moal pati hese newakna. Talunganan angger leutik, sok gampang babalicetan, cenah deui, cek jero hatena.

Sanajan ampir sarua raksesana, Subali gelutna leuwih kesit. Sajaba ti eta, sakumaha jangji dewa, singsaha nu adu hareupan jeung Subali, saparo tanagana bakal pindah ka musuhna. Balukarna kakuatan Maesasura jadi ngurangan satengahna. Sabalikna tanaga Subali jadi lipet-tikel.

Lila-lila sidik, Maesasura mimiti kariripuhan. Ngarasa bakal kasoran, gelutna undur-unduran. Tungtungna kabur mabus ka jero guha. Laju ku Subali disusul. Pleng...ampir sataun teu muncul-muncul. Estuning matak kesel jeung melang, sapangeusi Nagri Kiskenda. Utamana urang karaton.

Sababaraha kali Sugriwa ngagerentes niat nyusul, inggis lanceukna kacanir bangban, bisi butuh bala bantuan. Ning, unggal rek jung, unggal inget kana wawadina. Cicing tong pipilueun, anggur tungguan karaton, bisi kudu rada lila, lantaran Maesasuwa perangna licik.

Tepung taun dengdeng ngempleng. Taun kadua nya kitu keneh. Boa-boa kilang bara. Teu beuki hariwang teuing. Ngindung kana kasauran dewa, teu aya elmu panungtung. Gagah bakal aya nu ngagagahan deui. Sakti aya nu deui nu leuwih sakti. Paribasa luhureun langit aya keneh langit. Lanceuk aing perangna ninggang diapes. Eleh jajaten ku Raja Buta Maesasura.

Nuju bingung reujeung sabil, rayat Kiskenda ribut, margi tina lawang guha, tempat Subali jeung Sugriwa emut, dalah warugana wanara, Subali kacida dipikaasihna ku dewa. Gelar satria sajati, raja agung pinandita. Malih diparin gelar resi. Raja kalungguhanana, pinandita sisipatanana.

Salahsahiji cirina, getihna beda ti mahluk biasa. Henteu beureum, tapi bodas, ciciren jalma suci, disaharkatkeun jeung dewa.

"Ana kitu...," Sugriwa nyaur lebeting ati, "boh Buta Maesasura, boh Kang Raka Prabu Subali, sarua ninggang diapes. Duanana ngababatang. Eta getih beureum, pasti getih musuhna. Ari eta anu bodas, moal salah getih lanceuk kaula."

Padahal warna beureum campur bodas teh, getih Maesasura nu bencar sirahna, teuing dikumahakeun ku Subali. Moal teu kacampuran warna bodas, sabab polona nepi ka muncrat. Pangna lami teu bijil-bijil, kusabab gelutna kapapanjangan, Subali raos cape pohara. Sampeana, panangan, katut bagean salira lianna, asa deuk lalocotan. Matak sanggeus sirah musuhna bencar, teu buru-buru kaluar ti jero guha. Ngagoler heula niat ngareureuhkeun kacape. Nepi ka reupna sare tibra. Ku tibra-tibrana nu kulem, nepi ka mimingguan bubulanan.

Badanten sareng para ponggawa, antukna sarerea rempug, babatang Raja Kiskenda, urang sakantenan ruang. Guha tempat ijen tutunggalan, minangka kuburanana. Diluluguan ku Anoman putra Anjani, alona Subali jeung Sugriwa, lajeng ngeprak wadyabalad wanara, geusan nutupan liang guha. Kawantu jumlahna pirang-pirang, sakedet lawang guha laput katutupan batu.

Caturkeun sakitu poe ti harita, gurinjal Subali hudang tina sarena. Luak-lieuk ningali ka sakurilingna. Naha jero guha asa poek-poek teuing. Ana dipapay singhoreng lawangna geus diurugan. Kurang ajar. Gawe saha? Moal salah niat culika ka aing.

Dsara rada ngulit bawang, awakna langsung ngageter. Heat... urugan taneuh ditajong jeung dicakaran. Teu kungsi lila katembong gorowong deui. Barang bijil, gidig muru karaton, hayang geura nanyakeun ka adina. Saha nu boga dosana, wani-wani ngurugan lawang guha.

Ari Sugriwa piraku bohong, manehna ngaku terus terang, bari pok deui-pok deui nyebutkeun, paralun niat nyialakakeun dulur. Diurugan soteh itung-itung dipulasara, lantaran nganggap Subali jeung musuhna sarua ninggang diapes.

Keukeuh nu nolak, keukeuh nu nuding. Tungtungna pasea ragot. Turug-turug lalaki mendi nu teu amarah, boga pamajikan dikawin batur, sanajan ku adi teges. Dewi Tara, istri geulis terah widadari, hadiah Subali ti dewa, geus jadi milik Sugriwa.

Der... adu jajaten. Nu hiji teu kuat nahan amarah, lantaran asa diteungteuinganan. Nu hiji deui seja bela diri, batan jadi korban tambuh, sabisa-bisa ngalawan. Sanajan dina prungna, Sugriwa mindeng kariripuhan. Sababaraha kali manehna kabeunangan, dicakar jeung dibalangkeun. Malah lila-lila sira rek serah bongkokan. Nyanggakeun awak sakujur, rek dibeureum rek dihireung. Bawaning geus taya untupan deui ngalawan.

Nya harita, meujeuhna Sugriwa deuk anggeusan, beuheungna puguh diranggeum, awakna geus teu bisa usik, aya cahaya melesat muru dada Subali. Jeprot... Cakrawijaksana gegaman Sri Rama, niruk kana jajantungna.

Dasar Subali jelema sakti, katibanan pakarang lungsuran dewa, henteu buru maot. Bari ngarasakeun kanyeri, panonna mundelik, hayang apal saha nu boga dosana. Ana breh... geuning satria sakitu kasepna. Nilik kana rupa jeung pamuluna, asa teu pantes galakukeun gawe nirca.

Wawuh ge henteu. Panggih ge acan. Paralun apal ngaranna. Naha naon dosa aing ka manehna...

Sanajan henteu pok kedal, tina burileng panonna, Sri Rama kantenan uninga, kana eusi hate Subali. Matak lajeng anjeunna nyatakeun, sarta pok ti patun sasauran.

"Kula Sri Rama, Putra Raja Ayodyapala, Prabu Dasarata aji."
"Kuring mindeng ngadenge ngaran anjeun. Tapi, antara gambaran jeung bukti hareupeun, asa tojaiah pisan. Nu mindeng kadenge ku kuring ngeunaan Sri Rama, satria titisan Wisnu, welas adil ka sasama. Tapi naha nu kaalaman ayeuna, lakuna teu munasabah."
"Kula sorangan teu apal, naha kalakuan kula teh bener atawa salah. Mun tea mah kula salah, muga-muga sampean nyesakeun keneh pangampura ka kula. Sajaba ti eta dewa nyadiakeun pangmulya-mulyana tempat di alam kadewatan keur sampean. Sabab ieu kajadian teh, pasti bagian tina takdir dewagung. Najan sareatna kula hayang nulungan adi sampean, nya eta Sugriwa nu keur katideresa."
"Naha asa gagabah teuing?"
"Gagabah soteh ceuk urang. Tapi, naon kajadian nu lesot tina kersana Hyang Bataragung? Saperti nu diomongkeun tadi, kula teu rek ngaku kula bener. Bisa jadi malah panggede-gedena dosa kula. Ngan saha nu bisa nolak kersa Dewagung?"
"Nya atuh teu hade kapapanjangan, lantaran geus kajadian. Sanajan beurat nataku, kuring rek narima kana takdir," cek Subali miceun renghap panganggeusan.

***

http://majalah-mangle.com/rubrik.php?mod=detail&id=171

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar