Minggu, 07 November 2010

Renungan

meureun maksudna teh kieu: "ti iwung nungtung ka padung, ti kanteh dugi ka boeh,"
ngagambarkeun lalakon hirup manusa ti borojol gubrag ka alam dunya nepi ka dikurungan padung
dikubur diurugan taneuh beureum. persis jiga lalakon tangkal awi, ti borojol jadi iwung nu sok disayur
atawa diurab, panungtunganana mah dijadikeun padung keur ngurebkeun mayit. kitu deui lalakon
kanteh alias bola alias benang, diuntuy-untuy tungtungna jadi boeh keur bungkus mayit.

tah saterusna mah, bisa dirarampa,kumaha maksudna eta papatah.

 

"mutiara kata" alias "quote" dina basa sunda sok mindeng kapanggih di paguron silat.
sakadar conto:

"Ti Iwung Nungtung Ka Padung,
Ti Kanteh Dugi Ka Boeh,
Diajar Hirup Nu Teu Mawa Ceda,
Lir Ibarat Sinar Mustika,
Bari Nyusul Nu Ngaliwat,
Malikeun Panyangka Nu Sulaya,
Ngabagi Bagja Kanu Sangsara"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar