Senin, 05 September 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 76

 

Barang nuju haluntreg imbal wacana.................  kasumpingan Pangeran Dutyodhana
sareng Para Pangawalna !
Barang Duryodhana ningal Dewi Kunthi nuju nabgis bari mamangku layon Karna..........
nyel wae Duryodhana keuheul; teras wae eta layon Karna direbut sapada harita
bari nyarekanan ka pihak Pandawa:"Eh tukang curang, curaling ! Tong api2
hanjakal siah ! Komo bari api2 diluluguanku Kunthi Dewi ! Kaula moal rek percaya !
Tngtu andika sakabehna aratoh ku matina Karna ! Make api2 leweh sagala !"

"Yeuh Karna mah dulur Kula nu pangraketna ! teu meunang dilotoran ku awak2
sampeyan ! nu kotor jeung curaling !"

Teu aya saurang oge Pandawa Lima nu hayang males atawa ngarebut layon
Karna; sadaya sami2 isin, noga rasa rumasa; tur hormat ka Karna sakaligus
ayeuna nu nyaah ka Karna. Sadayana sami maphum Duryodhana enyaan nyaahna
ka Karna ! Ari Karna kapan lanceuk pandawa sadaya. Nu matak Pandawa caricing
we teu gerak naon2.

Atuh nya haritsa keneh diayakeun upacara ngahuru layonKarna bari dipasihan
kahormatan anu kacida istimewana. Pandawa oge naringal we ti katebihan; ngahormat layon bari ngaheruk.

Suyudhana barang ningali Pandawa masih aya didinya; teras wae nyorowok supaya Pandawa  nyingkah; lantaran ngotoran kana kasucian eta acara.

Nya atuh bari sedih para Pandawa sareng Sewi Kunthi lan Kresna nebihan ti eta tempat.

Dewi Surtikanthi putrana Salya oge tos hadir teras labuh geni ngiringan ka KARNA.

Hanca

__._,_.___

Recent Activity:

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar