Senin, 05 September 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha 77

WenginaSuyudhana kumpul sareng sidang perang bade ngangkat Senapati anyar.

Ujug2 Aswatama ngacung ; sanggeus dibere waktu; terus wae pidato :

"Eh Para Pahlawan sadaya ! oge Sang Prabu Anom Suyudhana. Sakuduna mah Karna teh
moal eleh ! Pasti meunang perangna ! Da jelas pisan Karna teh mumpuni pisan ! Arjuna elmuna sahandapeun Karna ! Moal........ moal bisa ngelehkeun Karna !"

Reg heula Aswatama eureun, ngarenghap heula.............. nu sejen narungguan........
bari rada tegang oge......... kaciri pase,om mu haladir karerung.

:Naon atuh sabab musababna Karna bet eleh ?Tah eta teh iwal ti Pokal Salya !
Ngahaja ngaburkeun kuda ka na RANCA/ RAWA ! Terus ngenyed kadali rada
dicentok bepi ka kuda2 kaget! Da teu pantes kusir kampiunmodel Salya bisa salah !
Atuh luda teh lumpatna teu jejeg; nepi ka kikiping kareta/roda kareta tigebrus ka na
rawa/leutak ! Saterusna nya ngeunah we si Arjuna manahan Karna bari babalicetan !
Geus teu ngingetkeun deui Satriya atawa lain !"

Jaya bang wing2! Amarahna Saly tos teu kaampeuh deui enggal mntangkeun panah;
rikat Aswatama ogenyiapkeun jmparingna.

Prabu Salya nangtang :"Eh Aswatama ! Tong nyieun pitnah sampeyan ! Kaula teu sieun
ku andika ! Sok geura gerak Kaula moal mundur!"

Rikat Sakuni sareng Suyudhana luncat ka payun; Sakuni newak Aswatamma;
Suryodhana meper Salya. Teras ngandika:"Eh Aswatama lancang pisan sampeyan !
Inditti dieu ! Kaula teu sudi boga pahlawan saperti andika ! Lantaran sampeyan geus mitnah !"

Harita keneh Aswatama kluar; dituturkeun ku Krepa lan Kritamarma.

Ti harita Salya jadi senapati Agung Bala Kurawa Astina

Hanca

__._,_.___

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar