Selasa, 25 Januari 2011

es em es

Heureuy saeutik ...

Basa aya SMS asup, Mang Ablo ngan pati kerung macana ge: "Nak, tlong krim plsa 100rb. Mama lg di jln, plsa dkit lg mo hbis."

Mang Ablo ngabales dibarung ku kesel: "Rek nipu aing sia? Iraha teuing aing nyebut Mama ka indung aing, biasana ge Emak."

Teu lila aya SMS asup: "Jang, tlong krim plsa 100rb. Emak lg di jln kehbsan plsa."

Dibales deui ku Mang Ablo: "Istikomah atuh mke bhs teh, rek bhs Sunda / Ind!"

SMS dibales: "Jang, punten kintun plsa 100rbu. Emak nju di jln seep plsa."

Mang Ablo: "Hmpura, aing ge sarua cekak. Ieu ge 700 perak deui. Gara2 sia tuda tkang tipu!"

Nu rek nipu sms deui: "Cik atuh ti tadi nya ngomong we teu boga plsa! Cape rek nipu ge nya."

Mang Ablo: "Cucungik sia tuda! Jd plsa aing 350 perak deui."

Dibales ku nu rek nipu: "Salah saha bet dibales?"

Mang Ablo: "Sia nu ngamimitian tuda tkang tipu! Ieu SMS aing nu terakhir."

Nu rek nipu teu ngabales. Sarua beak pulsana!!!

------
*mia

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar