Selasa, 18 Januari 2011

[kisunda] Kalender jeung Mijahkeun Bibit?

 

Tah eta bukti yen ditingali tina widang paelmuan mah, luluhur urang geus boga aji adiluhung sok sanajan kiwari dianggap sepi teu pati dihargaan, sabab leuwih percaya kana elmu batur, contona ari kana elmu Cina Feng Sui mah pada percaya. Tah ku warta kajadian di Banten ieu bukti pan elmu Sunda ge aya ajen linuhung, ngan sual digunakeun eta gumantung nu boga karep...rek dipake jahat bisa, rek dipake kana jalan hade bisa...da kitu hakekat paelmuan mah, Ngan tetep hukumna dimana dipake jalan salah, pasti aya wawalesna atawa buahna.

Dina ngalarapkeun SRI-LUNGGUH-DUNYA-LARA-PATI eta dasar hitunganna teu leupas tina itungan NAPTU poe jeung naptu ngaran. Dina itungan sunda, unggal ngaran poe jeung pasaran boga angka itungan nu disebut Naptu tea, kitu oge dina ngaran dijabarkeun kana Cacarakan, dimana unggal aksara boga naptu. ngan hampura simkuring cpoho deui nyimpen catetanna, ngan supaya rada kaharti kieu geura urang ilustrasikeun

Conto nu sederhana kieu : Kang Roza Mintaredja aya maksud ngawangun imah poe Salasa-Kliwon, kumaha tah hasil itunganna:

Carana kieu : Roza Mintaredja ieu dijabarkeun jadi RA-JA-MA-TA-RA-JA

  • itungan naptuna, anggap RA=4; JA=3; MA=7; TA=6; RA=4; JA=3, dijumlahkeun jadi 27.
  • Salasa =7, kliwon =4 dijumlahkeun 11
  • Jumlah naptu ngaran jeung naptu poe-pasaran = 27+11=38
  • Bagi angka 38 ku angka 5 (Sri-lungguh-dunya-lara-pati) = 7 sesa 3
  • Tah angka sesa 3 ieu mun diurut bakal ninggang di urutan DUNYA, jadi hartina mun kang Roza ngawangun imah dina poe salasa kliwon, bakal ninggang di dunya, nu hartina bakal loba duit moal susah hirup, tapu mun ninggang di sesa 4 atawa 5, eta ulah dilaksanakeun, kudu neangan waktu nu pas.

Itungan ieu dikombinasikeun deui (diricek), naha waktuna teu ninggang di "larangan bulan", naha dina waktu eta "kala" keur aya di kulon-wetan-kaler atawa kidul....ieu hubunganna jeung tempat kang Roza bade ngawangun dimana ti posisi padumukan ayeuna (kitu deui pikeun keur nangtukeun mun rek usaha kudu ngider ka arah mana/eta jigana nu dipake ku maling).

Tah kitu conto ngagunakeun itungan kolenjer teh Mang H., soal angka2 naptu tadi eta sakadarr conto, simkuring teu apal angka-angka naptu, hoream neangan catetanna.

Sakitu heula.
Cag,
Engkus



mang H,
uin mah ngan sakadar pemakai, naon anu disebut kolenjer teh.
ngan beuki lila beuki diteuleuman, nyata aya sababaraha kajadian anu ampuh kabuktian kudiri sorangan
hanjakal uin teu bisa muat matriks kolenjerna
ditirta mah aya tiggl ngopy wkl
mun di gamabarkeun sacara lisan mah rupana kieu kl
tabel matriks kolenjer magrupa tabel anu dientep dumasar kana
sri, lungguh, dunya , lara, pati mangrupa penanda ka ayaan ( dina eusi kolom)
kaayaan waktu anu lima wayah tea eusina salah sahijina.
waktu ti jam o6 dk 18 0ge lima kolom (waktuna dibagi lima, kl tiap dua jam dua opat mnt)
saterusna tujuh kolom nurutkeun poe, ti mggu dk sabtu
jadi aya lima jeung tujuh kolom. matriksna teh, poe jg waktu anu lima
jadi dipakena contona kieu
ayeuna poe salasa, arek migawe naon, indit jam sabaraha?
wayah anu hade nyaeta ngan aya tilu grade, sri-hiji, lungguh-dua, dunya-tilu
anu topna nyaeta katilu-dunya.
mun ragrag dina wayah lara komo pati eta anu ulah dilakonan.
kunaon cukup ku ramo, eta bukti ergonomicna awak waruga
jadi geus kabiasaan jeung sederhanana eta elmu tapi canggihna kabina bina
numatak ulin lima jeung tujuh di sunda jawa jg bali geus ilahar
saptawara jg pancawara misalna.
wayah tebar jg tandur oge siklusna kitu
ngan kiwari cigana saanggeus ozon bolong , climate change cigana kacow tah dipakena
saterusna ternyata diunggal wewengkon ternyata eta eusi wayah beda beda
hampir uin frustasi, rek make nu mana. da tiap ditanya ti babaheula kitu
untung uin pemerhati kalender jg astronomi, klimatologi geus aya kuliahana baheula disakola unpar
jadi kapanggih weh, bedana kusabab lintang jg bujur unggal wewengkon teu sarua
nya pasti kondisi 'wayah' oge beda
kolenjer nu dipake ku uin sawewengkon bandung timur nk sumedang
hn*R3M




Bah Oza, eta konsep "sri, lungguh, lara, dunya, pati" cing rada diguar kumaha nangtukeunana?
Uing jadi inget ka kokolot di lembur, upama rek tebar, tandur, atawa dibuat sok milangan ramo
bulak-balik bari nataan "sri, lungguh, lara, pati, dunya"

 

 

kalender surya, keur tatanen, tebar tandur, usum buah jrrd
kalender candra keur kahirupan manusa dina pamarentahan dina poe hade poe goreng, sri lungguh lara dunya pati na bisa ka baca dina palintangan atw kolenjer mun di Baduy mah. satreusna ngaran jelema bisa kabaca ku hanacaraka cacarakan anu dalapan welas lain duapuluh dijawa( ditambahan dho jg tho).
tuluy repokna ( jojodoan) bisa di itung tina ngaran. jrrd
memang geus teu dipake dikota mah, ari dikampung reaeneh, hahajatan poe rebo jsbna anu diitung ku palintangan teh. ngan anu jadi masalah gede anu nyababkeun ayeuna kurang dipake nyaeta aya jawaban ti anu maphum dina masalah ka'iman'an.
padahal mun diguar make hiji metoda sabenerna eta gen mangrupa pa elmuan.
hn*R3m

 

Kalender jeung Mijahkeun Bibit?



Uing teh reueus, reueusna mah, dumeh urang Sunda boga kalender sorangan. Boh Kalender Saka Sunda, oge Kalender Kala Sunda. Ngan terus terang we, nepi ka danget ieu uing teu apal, dina konteks naon eta kalender kiwari digunakeunana? Mun noong urang Cina, urang Cina ge sarua jeung urang, najan boga kalender sorangan, kalender nu dipake sapopoe mah Kalender Masehi. Najan kitu, babah masih oge migunakeun kalender Cina, utamana pikeun hal nu pakait jeung acara budaya, jiga mieling Pabaru Cina, pesta Kueh Bulan, astrologi, ngawinkeun, jeung sajabana.

Salah sahiji kagunaan sejen kalender Cina, cenah bisa dipake pikeun ngira-ngira mangsa mijahkeun bibit, ngarah bisa diprediksi jalu bikangna.

Kumaha carana? Guankeun tabel!

Conto:

Misalkeun umur ibu 27 tahun, hayang boga anak awewe.

Numutkeun tabel di luhur, ibu usia 27 tahun, baris ngalahirkeun anak awewe dina bulan: januari, maret, mei, juni, atawa november.

 

1.      Pilih jantina bayi. G=girl, B=boy
2.      Toong umur ibu waktu arek ngajuru
3.      Toong bulan kelahiran

Lamun hayang ngajuru bulan Mei 2010, jadi proses 'mijahkeun bibit' kudu 9-10 bulan memeh bulan Mei 2010. Jadi dina bulan Juli 2009 kudu satekah polah usaha dina mangsa nu hade keur 'tebar bibit'.

Hehehe, duka teuing bener henteuna mah.

Cing kanu geus baroga budak bisa disurvey. Carana gampang, inget-inget umur jeung bulan waktu ngalahirkeun, toong bener teu jantina dina tabel.

Tah balik deui kana Kala Sunda, cing Bah Oza sugan aya info, dina konteks praktis jiga kumaha eta kalender digunakeunana?


 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar