Rabu, 22 Desember 2010

[kisunda] Dukun Paraji jeung Nasib Tukang Pos

Hiji mangsa aya sapasang laki-rabi rurusuhan dongkap ka Dukun Paraji, margi patuangan istrina parantos karaos mules, rupina bade ngalahirkeun orok anu munggaran.
Kacarioskeun pasangan eta parantos dugi ka bumina si Dukun Paraji.
Dukun Paraji naros ka carogena: "Kuring boga jampe-jampe pamake pikeun mindahkeun kanyeri nu ngalahirkeun
ka salakina, kumaha bade diangge ?" [sigana dukun eta boga elmu transfer energi]
Kusabab nyaah ka pamajikannana si salaki eta nyatujuan naon anu disarankeun ku Dukun.
Dina mangsa 'bukaan kahiji', si Dukun terus nyacapkeun jampe-pamake, bari nerangkeun yen jampe ieu mah bisa ngurangan kanyeri nu reuneuh dugi ka 15%.
"Kumaha karasana", Ceuk Dukun nanya ka salakina.
"Teu..teu karaos nanaon! Cobi tambihan transfer kanyerina!", Ceuk lalaki eta. Der atuh si Dukun teh nyacapkeun jampe pamake anu kadua anu bisa ngurangan kanyeri dugi ka 50%.
Pamajikan anu keur ngajuru teu katingali adublajer jeung teu tipepereket dina waktu keur ngaheujeun, teu siga anu didongengkeun ku tatanggana. Kitu oge salakina, teu ngarasakeun nyeri jeung ripuh.
Ningali kaayaan kitu, "Atos we atuh sadayana transfer keun ka abdi", ceuk lalaki eta.
Bari ngabantuan ngalahirkeun si Dukun tungtungna nyacapkeun jampe-pamake anu pamungkas, anu bisa mindahkeun
kanyeri dina waktu ngalahirkeun dugi ka 95% ka salakina.
Tungtungna brol we si orok lahir salamet teu aya kakirangan nanaon. Si Dukun Paraji ngucapkeun salamet jeung muji kana kakuatan si eta lalaki eta kubisana nahan kanyeri. 'Hebat', cenah.
Si salaki ngaharewos ka Dukun Paraji eta, "Nyaan teu karoas nanaon", bari katingali rada agul.
Sadinten nginep di bumina Paraji, enjingna pasisiang, pasangan salaki-pamajikan marulih ka imahna, bari mawa orok munggaran.

Dugi ka rorompokna, kasampak di tepas imahna, aya Tukang Pos Maot.

:)

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar