Selasa, 24 April 2012

Fiksimini - 'Tahlilan Posmo'

Fiksimini - Tahlilan Posmo
Ku Ki Hasan

Harita teh wanci ashar. Ngalangeu di tepas. Nyuruput kopi panas. Lalawuhna beuleum Hui Cilembu. Kabeneran keur mulang ka lembur. Sanggeus mulan-malen bubuara di kota. Kurunyung Ki Adi nyampeurkeun. "Kang, aya uleman tahlilan!" "Na saha nu maot?" "Kapan Bah Kastum, ayeuna nembe tiluna." "Inna-lillahi-wa-inna-ilaihi-rojiun. Beu, kutan Bah Kastum nu gagah, salira jangkung badag, kumis baplang sangga dulang teh maot."

Rengse sholat asar. Gidig muru imah tatangga. Kasampak batur salembur tos hempak hadir, arandekak sila ngalingkung patengahan. "Assalamu-alaikum!" "Wa-alaikumus-salam!" Nu hadir raong ngawalon. Solongkrong ngajak sasalaman. Gup-gap dipapay ka sakur nu hadir. "Nuhun Kang tos kersa hadir!" Sohibul-bait ngabageakeun bangun atoh. Koloyong muru tempat nu kosong. Gek sila gigireun Mang Saca jeung Wa Karta.

"Ehem... Ehem..." Ajengan dedeheman calikna ngangsrog. "Assalamu-alaikum. Palawargi urang kawitan, ngarah rengse memeh magrib." Jep nu hadir repeh, nu tingkelepus balem, roko mebes kana asbak. Lir dirigen, ajengan ngomando ngaos bubuka taud-basmallah, laju Al-Fatihah. Jamaah raong nuturkeun, soantenna naek turun, patarema, ngawirahma. Rengse Yasin, ditema  al-Ikhlas, al-Falaq, sareng an-Nas, diembohan petikan ayat al-Baqarah, al-Ahzab, sareng al-Hud. Panyelangna Shalawat, Istighfar, sareng kalimat thayyibah.

Nincak bacaan "wafuanna waghfirlana warhamna" jamaah peureum beunta, edeg, mastaka ngagilek ngenca ngatuhu, nga-gusdur, peureum tapi nyaring, nyaring dina peureum. Ditumbu gerendeng "ya arhamar-rahimin", nu edeg tambah moyeg, salirana oyag. Pangacian kumpul deui, sanggeus ngageder ngaos "La ilaha illallah" nitir.

Memeh tahlilan rengse, Ceu Eulis didapur cakah-cikih. Song gelas eusi roko diiderkeun, aqua gelas dibagikeun. Solongkrong idangan kotak ka hareupeun. Geuwat dibuka. Eusina aya kueh, karoket, lemper ketan, teu kaliwat rajacere. Beu, tahlilan di lembur ge berekatna geuning idangan posmo.

Catetan:
Kagegelan kanggo Kang Yadi Supriadi Wendy sareng Kang Tatang Sariman

__._,_.___

___

Fiksimini - 'Office Boy'

Fiksimini - 'Office Boy'
Ku Ki Hasan

Hanjat ka Satun kana Ferry ti Langkawi. Sajam ngangkleung mapay basisir Siam kidul. Can ge nyisi badarat, rabul nu nawarkeun Baht. Kalacat ka darmaga. Rengse urusan imigrasi, reureuh sakeudeung. Mukaan peta, nyoreang pilampaheun. Gidig muru tempat Informasi,  neangan angkutan.

Sapanjang jalan ka Hat-Yai dina Vans asa jadi buta tuli. Aksara, soara, ngagebleg ngabegegan. Pituduh jalan rumingkel nyacing. Anjog ka lawang kota, karek getihan deui. Bruh-breh, bisa maca, bisa nyoara. Ngung-ngeng dedengean. Papan hideng nunuduh jalan. Nu  pireu alewoh deui.

Anjog ka Hat-Yai, tengah poe. Koloyong neangan restoran Malayu. Manggih di peuntaseun jalan. Tatanya neangan hotel, keur reureuh meuting. Ret kana erloji, sore keneh. Geuwat turun, rek ngalanglang puseur kota. Muter mapayan pasar, mipiran sisi toko, ngarondaan super-market.

Wanci nyedek ka tengah peuting. Tuur leklok, balas ngaprak nguriling dayeuh. Gidig balik. Anjog ka hotel, Office Boy ngudag kana panto lift. "Pa, nyalira?" "Enya!" "Ludeung kitu, Pa?" "Kumaha?!" "Bilih peryogi rencang keueung?!"

__._,_.___

_

[kisunda] Fiksimini - Lifestyle

Fikmin #Life Style#

"Hihihi...!" Ibu Gubernur nyikikik, bari ngabulaéh ngalemar. "Prot!" Diburakeun kana tampolong. Seupaheun digayem deui. Socana anténg neuteup kana Galaxy Tab. "Hihihi...!" Nyikikik deui. "Aya naon Aceuk, gumujeng nyalira?" Ibu Wagub nyirintil, bari ngagigiwing iPad. "Ieu geura ayi, aya fikmin anyar 'Fatal Attraction', mani kalinglap ku judulna. Sihoréng dongéng Sangkuriang." Saur Ibu Gubernur, bari ngasongkeun sabak digitalna. "Aceuk, abdi mah resep ku fikmin Ustad Fauzi. Karayas waé temana téh. Mani romantis. Bangun kasép nu ngarangna téh," walon Ibu Wagub bari ngagayem surabi. "Ayi kadieu geura," Ibu Gubernur mencrong, "Engké deui mah, dina pangaosan Saptuan Darma Wanita, méméh ngaos téh cuang selang heula ku maos fikmin Sunda." ***

__._,_.___

___

Musim Panen Naga itu Tlah Berakhir

 

 

Musim berganti 

Satu satu daun daun berguguran menyambut kemarau berseri

Buah Nagapun ritme alam diikuti

Tunduk patuh tak menentangnya sangsi

Musim panen buah nagapun berkahir di April

Dan Oktober kan berbunga kembali

 

Tunas baru bersemi bermunculan 

Tempat buah buah baru bergelayutan

Memberikan kebahagiaan tanpa keluhan

Terimakasih Tuhan

Dan kepada teman-teman

yang kadang menanti dan mengharapkan

Menikmati buah nusantara dalam pertemanan

Biarkan aku berbenah dalam enam bulan

Nantikan aku di musim depan

 

 

Salam dari desa Pakem

/gun soetopo

 

 

_,___

Minggu, 22 April 2012

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung 3

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung (3)
Ku Aan Merdeka Permana
Dikirim ka Group FB Pustaka Sunda


Paguneman Tanujiwa
Jeung Haji Prawatasari

Catetan Aan Merdéka Permana
 

RÉGENT atawa Bupati Tanujiwa timbul sipat héroikna dina ngabéla bangsa, sanggeusna didatangan ku Haji Prawatasari ka markasna di Kampung Baru. Harita inyana keur reureuh di kamarna, ujug-ujug ngabedega Haji Prawatasari, teuing ti mana asupna. Tanujiwa rada geumpeur sabab geus kadéngé béja yén pangagung pribumi anu biluk ka Kumpeni mah, pasti dipaténi.

Tapi tétéla Haji Prawatasari nyulundup ka jero kamar Tanujiwa sacara demit, lain rék ngakalakeun jiwana.

"Andika boga kakuatan pikeun buméla ka bangsa sorangan, lamun mah enya andika cicing di dieu maksudna keur kapentingan bangsa sorangan," saur Kangjeng Haji. Ki Mas Tanu acan leungit geumpeurna. Manéhna masih kénéh mikir, kumaha carana Haji Prawatasari bisa nyulusup ka jero kamar, padahal di éta lingkungan rajeg nu jaga. Jadi, lamun mah Haji Prawatasari niatna rék ngakalakeun, geus moal bisa kumaha.

"Kumaha, sanggup teu bajoang jang kapentingan Sunda tapi moal nampa pamulang tarima, kajaba pangjejeléh jeung panghina?" saur Kangjeng Haji deui.

Kalawan teu mikir dua tilu kali, Tanujiwa némbalan: "Sanggup!" pokna tatag.

"Anjeun geus aya di jero kakuatan musuh, kudu bisa miteskeun éta kakuatan. Carana, anjeun kudu daék jadi juru telik, katut mantuan ngancurkeun kakuatan Kumpeni ti jero," saur Kangjeng Haji. Ki Tanujiwa unggut deui baé.

"Ieu téh ukur paguneman urang duaan. Montong deungeun, dalah indung suku gé montong dibéjaan."

Ki Tanujiwa unggeuk.

"Beuki sia dijejeléh ku urang Sunda, beuki sia dipercaya ku Kumpeni. Wayahna, tepi ka sia kojor, boa tepika ahir jaman, ngaran sia tetep jadi geuleuh keumeuhna urang Sunda. Ieu keur kapentingan perjoangan. Sanggup?"

"Sanggup."

Geus kitu duaan badami néangan réka perdaya sangkan urang Sunda beuki geuleuheun jeung Kumpeni beuki percayaeun ka Ki Tanujiwa. Nya ti kamar ieu nu aya di Kampung Baru lahirna lalaguan "Ayang-ayang-gung" téh. Tata rumpakana lain anu kiwari dipiwanoh da nu ayeuna mah ladang nyieun deui dina abad 19 téa. Tapi sakumaha ceuk paguneman harita, hasilna jang Ki Tanujiwa mémang teu robah. Tug ka kiwari, Tanujiwa tetep dianggap jalma anu hianat ka bangsa. Nu nyusun sajarah Bogor luareun Kumpeni, tetep teu ngaku Tanujiwa salaku pendiri Bogor. Bupati munggaran Kabupatian Bogor, nu dicatetkeun, lain Tanujiwa.

Kami percaya
Geus moal aya nu ngajayakeun kami Nu matak, tarima wé.
Kami teu boga wasa
Jang méré harepan
Ténjo wé engké
Ka mana jigna
Ka mana jugna
Ka mana jagna
Kumaha ketak Sunda kiwari
Tuturkeun wé!

Cag!

*** Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

__,_._,___