Minggu, 11 Desember 2011

[kisunda] Cersil Sunda ka 17

Si Gandi nyampeurkeun, cenah rek ngabantuan Jalma, karunya loba nu nitah, bari kudu harita keneh; tapi ku Jalma dicaram, keun we cenah Jalma ge bisa ngalaksanakeun nu kitu2 wae mah. Jeungna deui Ki Gandi teh sering pisan kaserang rematik. Tuda geus kolot. Nya si Gandi cicing we, barina ge si kumis baplang molotan ti kajauhan.

Si Pendek datang nyampeurkeun, kasampak Jalma keur meuleum lauk:" Eh kalah ka meuleum lauk; pencetan aing yeuh nyareri awak !" Jalma teu ngawaro jongjon we ngageberan lauk supaya gancang asak. Si pendek jengkel, akhirna ngaleos :"Awas siah mun geus meuleum lauk, gancang datang ka aing, pencetan !"

Diantep we ku Jalma; jol deui si Jangkung, gantawang nyarekan:"Aeh siah ! ditungguan………….. teu embol2 ! mana teh manis titahan aing teh hah !? pira ge nyieun teh manis, mo enya lila pisan !"

Jalma kalem we ngageberan beuleum lauk; akhirna si Jangkung taak; leos we bari kukulutus jeung ngancam. Teu didenge ieuh ku Jalma.

Ari Si Ganda si kumis baplang; barang geus lila nyampeurkeun; barang datang manehna reup geuneuk ray pias; ku ambek2na; manehna nempo Jalma keur cacaleuhakan we dahar beuleum lauk.

Ku sabab Jalma siga nu ngahuleng teu siap; langsung bae si Ganda najong sataker kebek ! tapi si Ganda aduh2an lantaran nu ditajong, kai nu keur dipake diuk ku Jalma; Sakilat digilekkeun ku bujur make kakuatan tanaga jero, Jalma bisa nyalenggorkeun eta tajongan nepina ka na kai nu keur didiukan ku Jalma.Si Jangkung jeung si pendek ge geus kadarinya; seak we si pendek ngaheumbatkeun bedogna, dibarengan ku si Jangkung. Tapi Jalma bari tetep ngadahar lauk ngan ukur ngagilek bari nyorong gobang si pendek, nu persis nakis bedog si Jangkung; atuh duanana silih polototan; da leungeunna nyeri; ampir we lesot gobang ti na leungeunna. Si Kumis baplang oge geus mesat bedogna rek ngaraponan. Jalma jung nangtung, serengeh seuri:"Eh, arilaing teh geus hayang katilu kalina rubuh ? hehehe teu kapok2; kabeneran uing hayang ulin; geus paregel yeuh. Sarapan geus cukup"

HANCA

Episode ka 11 Tilu Begal taluk

Rabu, 07 Desember 2011

FW: [kisunda] Cersil Sunda ka -15

 

 

Naooon !?.......... para begal meh bareng; kabehanana aya rasa kasieun tapi ngan sakeudeung; cakakak si Jara ngagakgak:"Hahahaha ! Lucu ieu budak leutik teh bisa ngabodor ! Memang lamun eta omongan disebutkeun 30 taun katukang mah, bisa jadi urang sarerea bakal sieun ! Tapi hahahaha; ayeuna mah Ki Nurustunjung na ge boa geus euweuh dikieuna; di na ayana ge meureun geus tawehwoh lumpuh ! Hahahahah !" Ger atuh begal2 pada sareuri jeung salusurakan.

Jalma ayeuna mah apal; yen memang bener Ki Nurustunjung dipikasieun; tapi sigana kiwari mah geus rada buyar eta kasieun teh; ku sabab Ki Nurustunjung memang ampir geus tara kaluar deui ti Karang Lungkawing.

Ku sabab Jalma rada ngabetem Para begal nyangka, yen pasti Jalma sieuneun ; terus sareuri bari ngaweweleh:"Hahahaha ! ku sabab sieun kojor ieu budak teh; terus we mamawa ngaran Ki Nurustunjung ! Marukan urang rek keueung ! Rek sieun ! Hahahaha!"

Ki Jara:"Ieu budak teh ngora keneh pisan; kumaha mun ku urang kukut sina jadi juru masak; karunya oge ngora2 paeh mah !"

Si pendek pipilueun ngomong:"Teu bisa ! Manehna geus ngarugikeun uing; padahal mun henteu meureun aya kana 10 ringgitna harita bakal hasil ngabegal si sudagar ; tapi kaburu ieu budak pipilueun !"

KI Jara seuri mani nyakakak:"Hahahaha, nya bodo sia we eta mah ! maenya ku budak leutik kieu wae eleh ! Eh Jang ! Daek sia jadi juru masak !?"

Jalma mikir lamun rek nalukkeun ieu para begal; kudu di kandangna sakali; ah keun we hayang nyaho; bari neangan pangalamn; nya Jalma bari siga nu sieun unggeuk.

  Saterusna Jalma milu we ka Ki Jara jeung rombonganana; sajajalan para begal saleuseurian gumbira; bari terus ngageuhgeuykeun si tilu begal; ngan si tilu begal we nu ngabetem wae teh; bari keuheul, bari panasaran. Tapi teu wani ngomong naon2 , ngabetem we sapanjang perjalanan teh.

Jauh oge, leuweung tempatna eta para begal teh, da ngaliwatan sababaraha pasir; ahirna nepi ka hiji pasir nu leuwih gede ti batan pasir2 nu geus kaliwatan; ti dinya Ki Jara naek ka pasir nu gede tea; terus nanjak ka luhur; jalanna leuwih tarahal ti batan nu geus kaliwatan; ayeuna jalanna mudun, bulak belok anjog we ka hiji landeuh, nu kaciri subur, aya susukan rada lumayan gede; caina herang ngagenyas. Di dinya aya sababaraha saung, meureun tempatna ieu para begal, dijieun ti na bilik nu basajan pisan; handapna palupuh; ari hateupnaa ti na injuk dipasangna kaciri sambewara pisan; nu penting sigana asal tong kahujanan kapanasan. Di dinya ge geus aya tukang masak, tapi geus kolot; tah cenah Jalma teh keur ngaganti si Gandi nu mindeng geringan. Barang jol ge brak we begal2 teh dalahar jeung lauk meunang ngala ti susukan; cabe bawang da loba di dinya; diusahakeun dipelak; ari uyah mah meunang nguyang "kurir" nu sok indit2an nya eta Ki Surba, asalna ti daerah Cirebon, teu nyaho palebah mana Cirebonna teh. Jalma oge deker milu dahar, terus ditempatkeun sasaung jeung Ki Gandi. Ki gandi teh nampana Jalma hambar we teu bear teu marahmay, malah siga nu karunyaeun ka Jalma.

Sanggeus istirahat sakeudeung, Jalma terus we ka susukan ngadon wudu terus we shalat na batu lempar; kabeneran aya sisi susukan; karasa rada panas; ah disiraman we ku cai; akhirna Jalma anggeus shalatna.

 

HANCA

__._,_.___

__,_._,___

Selasa, 06 Desember 2011

FW: [kisunda] Cersil Sunda ka-11

 

Jalma geus loba kawawuh, salila masantren di Wanayasa teh, loba nu nyaaheun ka Jalma teh, lantaran Jalma daek migawe naon bae nu kira2 perlu dilaksanakeun; tara ieuh Jalma nolak. Jalma oge geus diajar kumaha ngaweredonan, malah geus 2X praktek salila di dinya teh. Teu wudu betah oge Jalma di eta lembur teh; tapi nu rada beurat keur jalma loba pisan wanoja nu naksir, jeung hayang kataksir ku manehna; kaasup anak Ajengan Muhtar Siti, nu oge kaasup incu H. Syarif. Incu H. syarif hiji deui nu anak Ajengan Salim nu memang sapantar jeung manehna; sering pisan neangan alesan pikeun kumaha bisa ngalayanan Jalma, boh  mere inuman atawa mere kadaharan; memang balageur jeung maranis kabeh ge. Ajengan Salimna jeung Ajengan Muhtarna oge kaciri hayang mulung mantu Jalma, lantaran kahiji Jalma calakan, kaduana rajin jeung daek migawe naon wae; malah kaasup sagala bisa ieu Jalma teh; nu matak loba nu hayang mulung mantu. Akhirna Jalma bari rada hese ngadep ka H. Syarif, hese lantaran H. Syarif sibuk pisan. Isuk2 atuh shalat Dhuhana aya ka na 8 rakaatna; bari teu meunang aya nu ngaganggu; saterusna nalaah kitab jrrd; jadi euweuh hiji waktu nu dipake keur salse; estu sibuk ka na masalah agama Islam; nu matak hese pisan panggih jeung H. Syarif ari lain waktu shalat mah; kitu ge sakadar sasalaman. Tapi na hiji waktu; can ge anggeus shalat dhuhana geus batal nya atuh kapaksa wudhu deui; tah na waktu eta kabeneran Jalma hayang ngadep; atuh gok pisan; nya harita Jalma bisa tomada hayang neruskeun perjalanan.

H. syarif Kacida kagetna, lantaran H. syarif oge nyaho ketak Jalma di lembur atawa di eta Pasantren; H. Syarif ge aya pikiran hayang ngajodokeun ka salah sahiji incuna; da ngadenge oge hawar2 soal "eta" mah; tapi ayeuna mani ngadadak pisan Jalma pamitan; atuh nya ngajenghok, nya heran oge. Ditalek mani lila pisan manehna teh; tapi Jalma teu sugan sakali we malibir masalah jodo; nu tadina mah susuganan; tapi asa jarauh pisan; hartina Jalma can aya pisan kahayang ka na imah2; nya akhirna mah H. Syarif ngidinan manehna indit; tapi wanti2 ulah teu balik deui ka dinya cenah.

Waktu rek indit Jalma dibekelan saringgit; nu kaasup gede oge ukuran jaman harita; sakitu ku Jalma ditolak ge eh keukeuh mere, bari nyebutkeun ulah nampik pangasih cenah doraka; nya atuh kapaksa Jalma narima eta bekel.

Barang rek jung pisan, jol teh Ajengan Salim; kaget pisan ajengan Salim nempo Jalma pamitan; ditanya bisi aya nu matak teu ngareunah ka na hate Jalma; tapi Jalma susumpahan betah pisan di dinya teh; ngan cenah Jalma boga pancen ti guruna; rada handeueul oge Ajengan Salim ; tapi teu ngahalangan bral wae Jalma mangkat ti Wanayasa bari rek nuju ka Leuwiseeng tea. Ngan sakolepat geus jauh; moal aya nu bisa nyusul.

 

HANCA

__._,_.___

FW: [kisunda] Cersil Sunda ka-10

 

Urang kampung Wanayasa kacida ngahormatna ka H syarif teh, lantaran beunghar tapi Dermawan; manehna boga sawah aya ka na 5 bauna; ampir kabeh we sawah di lembur eta nu manehna. Terus manehna nyebarkeun agama Islam di eta lembur; nya akhirna ngadegkeun Pasantren Miftahul Falah tea. Nu jadi Pangurus eta Lembur ampir kabeh murid H Syarif.

Ku sabab manehna nyarita rek milu guguru di dinya, nu disebut "masantren" cenah; nya manehna dipasrahkeun ka salah sahiji Lurah Santri nu kabeneran anak H. Syarif, nya eta Ajengan Salim, umurna kira2 38 taun, geus rarabi tur boga anak tilu. Ku ajengan Salim Jalma dipasrahkeun ka Santri Senior Ki ahmad, umurna kira2 aya 25an taun, boga anak kakara 2. Tah sapopoe teh manehna diajar teh ku Ki Ahmad. Ku sabab Jalma calakan; atuh ngan sakeudeung geus ningkat ; lain ngan ukur ngaderes Qur_an, oge langsung ka na Safinah, Jurumiah, Tijan. Atuh komo deui ari Sholat jeung wudhu mah geus biasa dilakukeun.

Jalma cicingna di Pasantren eta teh, estu gratis pisan; asal daek we diajar NGAJI; soal dahar mah teu kudu dipikir.Ngan wae manehna kudu daek migawe sawahna H. Syarif, Nya wajar we, diitung itung mah loba keneh gratisna. Paingan atuh Pasantren Miftahul Falah loba santrina; tong boro urang Wanayasa, dalah ti luar lembur eta ge loba. Ayeuna mah nu urang kampung eta Santrina lolobana barudak; da ari kolot2na mah geus dianggap lumayan, cukup boga pangarti di na soal kaislamanana.

 

HANCA

__._,_.___

.

__,_._,___

FW: [kisunda] Cersil Sunda ka-12

 

Episode ka 8 – Jalma ka Leuwiseeng

Jalma inget ka na omongan babaturan sakobong , Ki Somad, yen Leuwiseeng teh rada jauh oge; aya ka na 25 KM na; Jalma ngagedig we leumpang, nuju ka Leuwiseeng; manehna oge inget Si Somad harita ceurik2 hayang milu; da nyobat pisan Jalma jeung Somad teh; tapi Jalma embung diiluan, lantaran cenah lebar keur ngaji kapan; mangkaning Ki Somad mah katinggaleun pisan ngajina teh; da teu calakan model Jalma. Tuh engke Neng Siti leungiteun, mun Somad milu tea mah, karunya. Disebutkeun Siti mah Ki Somad teh teu terus hayang milu; lantaran Jalma apal ka na ketak Ki Somad sapopoe; kaciri Ki Somad teh naksir ka Siti; nu matak Jalma nyebutkeun Siti bakal leungiteun.

Sajajalan ti Wanayasa ka Leuwiseeng, estu tarahal loba batu; jeung masih leuweung geledegan deuih, meureun loba sato2 garalak di dinya. Tapi Jalma teu sieun ku bangsa sato teh; da baheula ge di basisir sering manggihan oray matih; tapi teu ngabahayakeun ka Jalma; mun wani nyerang tea mah, pasti nganteurkeun nyawa si oray teh; ka Jalma, nu mumpuni elmuna.

Barang Jalma keur anteng leumpang; di hareup aya tilu jelema ngabedega; terus nyorowok:"Eh budak, eureun heula." Jalma ngarandeg; barang rek ngomong deui , dua pihakanana sarua ngagebegna , ti na teu nyangka bakal panggih di dinya. Eta nu tiluan, ti na urut kasar jadi leuleuy, nu hiji pok ngomong:"Eh Ujang, ari Ujang teh atuh urang mana? Baheula geus wani ngahalangan bapa megat sudagar; ayeuna urang panggih deui. Deuk ka mana atuh sampeyan teh ?"

Jalma apal ka tilu rampog nu megat Ki Sarlita, pok nyarita:"Geuning aya di dieu ? Kuring mah urang basisir laut Kidul,  ayeuna rek ka Leuwiseeng, ari paman sadaya aya naon ngajega di dieu ?"

Cek nu saurang nu kumisna baplang:"Yeuh, urang teh teu hir teu walahir, mun bisa mah ulah silih ganggu; andika2 kula2; ari ieu memang tempat kula tiluan; ari andika rek kamana budak ngora ?"

Jalma:"Yeuh paman sadaya, naon untungna jadi begal ? hirup teu tengtrem…………"

Kakara ge sakitu nu pendek nyentak:"Geus dibejaan ulah pipilueun urusan batur ! Ayeuna geus pok pisan mapatahan !  Enya andika jago, tapi Kaula tiluan geus latihan, lantaran kaeraan baheula eleh ku andika, tapi ayeuna mah can puguh."

"Jeungna deui, elehna teh ku sabab Kula tiluan nganggap enteng teuing ka andika."

Jalma:"Enya. Tapi memang urang teh boga jalan sorangan2; jadi punten we kuring rek neruskeun lalampahan."

Eta nu tiluan nyangka yen Jalma sieuneun, terus we si Jangkung, begal nu katilu nyentak:"Nu matak oge ari jadi manusa, ulah sok pipilueun urusan batur, ngarti !?"

Si kumis baplang nyambung:"Sok ayeuna urang tangtukeun, naha aing tiluan nu kudu ninggalkeun ieu dunya; atawa sia ku aing diperenan."

Jalma:"Ah ari nyawa mah da lain urang nu nangtukeun anging Pangeran."

Si pendek mairan:"Tong mamawa Pangeran, barina ge naon Pangeran teh ?"

Jalma:"Pangeran teh nya eta nu nangtukeun hirup paehna manusa…………"

Kakara ge sakitu si Jangkung motong:"Repeh siah tong ngomong ngaco sia hah !"

Sok ayeuna geura gerak deui hayang nyaho, ayeuna aing tiluan bakal  ati2 pisan ngalawan andika ! sebutkeun ngaran andika, bisi kojor teu ninggalkeun ngaran."

HANCA

__._,_.___

.

__,_._,___