Jumat, 08 Juni 2012

Syair khalil gibran diterjemah BEBAS jadi sajak sunda

 

bu merupakan kata tersejuk yang dilantunkan oleh bibir – bibir manusia.
Dan "Ibuku" merupakan sebutan terindah.


Kata yang semerbak cinta dan impian, manis dan syahdu yang memancar dari kedalaman jiwa.
Ibu adalah segalanya.


Ibu adalah penegas kita dilaka lara, impian kta dalam rengsa, rujukan kita di kala nista.
Ibu adalah mata air cinta,
kemuliaan, kebahagiaan dan toleransi.


Siapa pun yang kehilangan ibunya,
ia akan kehilangan sehelai jiwa suci yang senantiasamerestui dan memberkatinya.
Alam semesta selalu berbincang dalam bahasa ibu.
Matahari sebagai ibu bumi yang menyusuinya melalui panasnya.
Matahari tak akan pernah meninggalkan bumi sampai malam merebahkannya dalam lentera ombak, syahdu tembang beburungan dan sesungaian.

Bumi adalah ibu pepohonan dan bebungaan.
Bumi menumbuhkan, menjaga dan membesarkannya.
Pepohonandan bebungaan adalah ibu yang tulus memelihara bebuahan dan bebijian.
Ibu adalah jiwa keabadian bagi semua wujud.Penuh cinta dan kedamaian.

~ Khalil Gibran~



Pasti aya aslina nu "sajak"na endah.
Tapi ieu mah diindonesiakeun, jadi teu endah deui.
Ayeunaa ku uraang kudu disundakeun; atawa make syair basa sunda.

Jadi di dieu kudu aya kaciri rasa Sundana :

indung ............
kecap "indung" kacida loba hartina pikeun pribadi manusa,
duuuh EMA anjeun salawasna ngadoa pikeun urang hirup mulya
hirup nu endah pinuh ku barokah .............
ibu naon ngaranna mun tara ngadoa pikeun para putra......
duh  ema anjeun teh sinar surya keur kuring
kuring nu tara tinggal tina ngaharep du'a anjeun
mun anjeun teu aya ibu ..........
duuuh hiji harepan na hate milu musna......
harepan ti na do'a nu ihlas ti na sanubari nu suci .........
ibu .......   kuring butuh do'a jeung kaihlasan ibu ........
mudah2an hirup kuring jadi waluya.........
lain bah willy

__._,_.___

[kisunda] Fiksimini - Balébat

Fikmin #Balébat#

Ngalangeu dina dék kapal. Nanggeuy gado nyawang sagara. Nyindekel kana galangan kapal. Angin laut nyéor nyingraykeun buuk ririaban. Nyambuang aroma cai laut nu teu weléh ngabéngbat. Balébat ukur ngolébat. Birat luncat kasuntrungkeun matapoé. Lir bola seuneu nyurungkuy dina beuteung laut. Merejel ngahuru budah laut. Langit ngempur burahay neumbag beungeut sagara. Tingburicak marakbak lambak oyag-oyagan. "Paingan turis daék datang ti jauhna!" Ukur hayang nyaksian meletékna srangéngé. Da geuning sakitu matak kelarna. Sabubuhan camar tingkalayang ngabagéakeun mangsa isuk. Aya nu ngangkleung ti kajauhan. Rada anggang tina jajalaneun kapal. Beuki lila beuki atra. Boa enya! Éta kitu nu keur ditéangan? Jiga enya! Jiga peti leutik nu dipalidkeun ku Aki duapuluh taun ka tukang. Hanjakal jauh di sagara nu hamo kadongkang (Ki Hasan).

Fiksimini - E R A

Fikmin #Era#
Ti tempat kongrés ka més téh teu jauh. Cukup ku mapay trotoar taman kota bari gogonjakan jeung babaturan. Leumpang antaré, sagala diobrolkeun, bari ngolomoh peremén. Aya oge nu ngambéng friedfrench, sésa konsumsi ti tempat kongrés. Méméh meuntas, luak-lieuk heula. Horéng satukangeun abringan aya opatan murid TKA. Barudak téh leumpangna bari mulungan cangkang peremén jeung cangkang kadaharan urut ngambéng. Mireungeuh kuring saparakanca rék meuntas, barudak ngarandeg. "Sampahnya, udah, Bu?" cenah. Tuluy lalumpatan muru wadah runtah (Teti Taryani).

__._,_.___

Antara Sumur Bandung Jeung Nyi Kentring Manik

 

Antara Sumur Bandung Jeung Nyi Kentring Manik

 

DI kompleks Gedong PLN Cabang Jawa Barat, Jl.Cikapundung Barat, Bandung, aya cai nyusu anu dikubeng di jero rohangan. Éta téh situs Sumur Bandung  anu teu meunang leungit sabab nya ti dinya mimitina ngadegna Bandung kiwari teh.

Saban waktu sok dipaké ritual ku pihak luar, utamana ku masarakat tradisional anu kacida hormatna ka karuhun. Tapi teu dileuleungit, ka éta tempat ogé sok aya anu datang alatan percaya yén di éta sumur ngageugeuh Nyi Kentring Manik.

Saha Nyi Kentring Manik, ceuk sakaol mah kieu penjelasanana.

Nyi Kentring Manik téh hirup dina abad 17 jaman Karajaan Arcamanik, sawaktu eta karajaan dirajaan Ku Prabu Suryadiraksa Panangkaran. Nyi Kentring Manik téh istrina Ki Giring Panangkaran, papatih Pajajaran, ogé ramana Prabu Suryadiraksa Panangkaran. Wewengkon Bandung jaman harita (sabenerna Bandung can aya), kaéréh ka Karajaan Arcamanik. Nyi Kentring Mani katut aleutan para putri karaton, remen mandi suci di Sumur Bandung.

Ari cai nyusu anu kiwari disebut Sumur Bandung, sabenerna geus aya ti baheula-mula. Dina jaman Pajajaran gé geus biasa dipaké upacara mandi suci ku para raja Pajajaran. Ti mimiti Sri Baduga Maharaja, raja Pajajaran kahiji, tepikeun ka Prabu Séda raja Pajajaran pamungkas, geus kungsi mandi suci di Sumur Bandung, utamana lamun keur loba masalah.

Nyi Kentring Manik gé geus biasa ngahaja mandi ka Sumur Bandung. Ngan harita mah can disebut Sumur Bandung. Mun mah aya ngaranna, disebutna Muara Buleud, duméh kabireungeuh rada buleud. Ogé disebut pucukna liang Kasunda. Ka dieunakeun katelah pucukna liang  Bandung, sabab mun euweuh cai nyusu nu ieu, Bandung moal aya. Kitu sababna baheula Nyi Kentring Manik kungsi nyarita yén sakumna jalma kudu ngarumat Sumur Bandung, bisi cai sumur saat Bandung gé sirna.

Baheula, Karajaan Arcamanik boga karaton deui, disebut Karaton Kasunda. Lebah-lebahna, kiwari, kira-kira nyaéta anu ayeuna dilindih ku adegan Gedong Saté. Anu boga tanggung-jawab nyekel éta karaton ngaranna Séndrawaya Sungsang, turunan Walang Sungsang. Ari Walang Sungsang téh putrana Sri Baduga Maharaja. Séndrawaya Sungsang di Karaton Kasunda téh dibaturan ku Radiyaksa Surawisésa, turunan ti Surawisésa Jayaperkosa.

"Éta téh panangtungan Kasunda, caina medal tara raat. Bungbungna kasucian nu diwangsulkeun ku Hyang Agung. Kudu dijagi, kudu dipiara. Mun henteu, Sunda moal aya!" kitu ceuk Radiyaksa Surawisésa jeung Nyi Kantring Manik méré pangwadi. *** Dimuat dina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh No.10

 

http://ahmadsahidin.blog.com

[kisunda] Kumaha dia bae lah!!

 

*Carita ceuk beja

Agus keur kukurlingan unggal tempat pangjarahan didatangan. Ceunah ceuk beja Agus hayang geura beunghar, teuing meunang papatah ti saha, mun hayang beunghar kudu jiarah ka tempat-tempat karamat. Hiji mangsa di Pos Ronda keur hareureuy ngobrol jeung batur salembur, kabenaran aya Agus, terus kula nanya ka Agus "Gus, kwari kumaneh beda euy", ditembal ku Agus "Beda naonna, rarasaan biasa bae", terus kula nanya deui "Kwari kumaneh jarang aya di imah, ceuk beja kumaneh sok sering jiarah", ditembalan ku Agus "Heueuh kituna mah, kula jarang aya di imah, kwari  keur barangsiar neangan kaborokahan pikeun hirup", terus kula nyambung jawaban Agus "Ari kitu ayeuna keur usaha naon, bisnis?", ceuk Agus "Akh teu sing, kula mah keur udar-ider ka tempat pangjiarahan", ceuk kula "Pangjiarahan? Nyiar naon ka tempat pangjiarahan?" terus ditembal ku Agus "Akh, mangkana kumaneh kudu deukeut jeung ajeungan, apan ceuk ajeungan mun urang hayang hirup berokah, jembar panghirupan kudu rajin jiarah tempat-tempat makam wali, apan beda ngado'a di tempat anu aya karomahan mah sok gancang diqobul", kitu ceuk Agus. Ari ceuk kula "Gus, ari kumaneh apan masih keneh boga indung anu masih keneh hirup, kunaon eta indung kumaneh jarang dijiarahan", ditembal ku Agus "Apan masih keneh hirup, rek naon dijiarahan, mantamah indung kula geus paeh, meureun perlu kula ngajiarahan". Ceuk kula "Akh kumanehmah salah kaprah, justru Indung anu masih keneh hirup kudu sering dijiarahan, sabab ucapan Indung matih, komo mun kumaneh menta do'na ka Indung eta sakecap metu matih, diqobul langsung ku Allah jeung kumaneh bisa nyaksian do'a indung. Coba mun indung kumaneh geus asup liang kubur, naha indung kumaneh bisa dipenta, boroning dipenta malah anu araya dijero liang kubur butuh bantuan ti jelema anu masih keneh harirup. Coba kumaneh teungetkeun salah sahibi Hadits Nabi anu hartina kurang leuwih : Mun saurang anak Adam ninggalkeun dunya, mangka putus sakabeh amalna, kacuali tilu perkara nyaeta sadekah jariyah, elmu anu manfaat, jeung anak-anak sholeh anu ngado'akeun kadua kolotna. Tah eta jelema anu dijero kubur ninggalkeun tilu sabab" ceuk kula ngajentrekeun. Ditembal ku Agus "Naon hubunganna hadits eta jeung kula sok datang ka tempat karomah?". Ceuk kula "Heueuh, apan anu jadi karomah mah lain kuburan wali/ulama, tapi anu ditinggalkeun ku wali/ulama nyaeta elmu  anu manfaat. Kwari maneh bisa maca qur'an, bisa nyaho hukum shalat, puasa, zakat jeung haji apan anu mere nyaho eta ulama. Jadi anu disebut karomah teh nyaeta elmu anu ditinggalkeun ku ulama, kwari urang anu masih keneh hirup tuturkeun jeung lakonan naon anu geus disampekeun ku ulama, lain cingogo hareupuen kuburan eta ulama, najan ceurik balilihan menta tulung ka eta ulama anu geus aya dijero kubur, naha kumaneh yakin bisa didenge ku anu aya di jero kubur. Ceuk kula mun hayang ceurik balilihan mending menta syafaat ka indung anu masih keneh hirup, da puguh masih keneh hirup, kumaneh bisa ngumaha. Jeleme anu dikubur butuh ka jelema anu masih keneh hirup, lain tibalik jelema geus dijero kubur dimenta tulung. Muna kumaneh hayang barokah hirup atuh digawe anu suhun-suhun sing getol, disiplin, jeung Lillahita'ala, pasti kabarokahan hirup bakal nuturkeun. Lain ieu neangan kabarokahan hirup, tapi gawe hanteu atuh rek dimana datangna kabarokahan hirup, ti Hong Kong?". Eta Agus ngadenge omongan ti kula sugan teh didengekeun, malah kerek nyegrok "Gus...Gus...sare kumaneh" bari ngageuingkeun manehna, terus manehna hudang bari ngomong "Kumaha dia bae lah!!!"

 

 

_