Senin, 12 Desember 2011

Fikmin - "Sehala"

 

Fikmin #Sehala#

Marinir. Kitu katelahna. Babaturan urang Logam. Henpon na pesak karasa ngageter. Diilikan aya SMS ti Marinir, "Kang, pang jemputkeun, mobil mogok euy, di Jalan Sehala." Nanya ka Si Samsu urang Johor, nu diuk gigireun. "Sam, ari Jalan Sehala, lebah mana euy?" Nu ditanya lain ngajawab, kalah nyerengeh nyengir kuda. "Na ari silaing, ditanya teh kalah nyegir," cekeng teh. "Enya atuda Jalan Sehala mah aya dimana-mana, rek milih numana?" pokna deui. Heheh, uing milu nyerengeh.

(catetan: Jalan Sehala di Malaya, maksudna jalan buntu)

__._,_.___

FW: [kisunda] Cersil Sunda Ka 16

 

Episode ka-10 Jalma jadi juru masak

Unggal poe para begal teh euweuh gawe; ngan ukur dahar sare; atawa nitah mencetan; tapi nu ngajaga mah aya bagilir. Ieu sagala kalakuan Begal teh diperhatikeun pisan ku Jalma.

Na hiji poe Ki surba datang bari mawa gula, kopi , uyah, beas, asin jeung rupa2 barang kaperluan; terus manehna hariweusweus yen bakal aya kareta nu bakal liwat ka Cisurili; dimana eta Cisurili teh rada deukeut ka Leuwiseeng. Sakabeh Begal kalaluar ngariung, meureun nangtukeun kumaha strategina megat eta sudagar nu bakal ngaliwat. Teu wudu poe eta mah Jalma rada paciweuh da ngalayanan begal nu menta itu ieu; bari  teu sarupa.

Sanggeus badami Ki Jara nangtukeun bakal megat eta padagang langsung dipimpin ku manehna; nu ngajaga kandang ayeuna mah si Tilu begal. Najan bari ting kecewis; omongan eta begal kadenge jelas pisan ku Jalma; lantaran Jalma geus biasa ngalatih ceulina ngabedakeun sora2 nu kumaha launna oge; Jalma geus bisa ngabedakeun sora nu nyerang enyaan atawa masih mancing; di na hal eta Jalma dipuji pisan ku Ki Nurustunjung; padahal cenah Ki Nurustunjung sorangan keur saumur Jalma , can nepi ka na kabisa Jalma di na waktu harita.

Nya isukna para begal teh budal we, tinggal Si Tilu begal; si tilu begal kaciri masih panasaran; tiluanana ting polotot ka Jalma; Jalma seuri na jero hatena; nya ayeuna aing bakal ngulinkeun ieu begal nu tilu, meungpeung keur sepi, Ari begal nu tilu boga pikiran sarua deuih jeung Jalma hayang ngulinkeun Jalma.

Si Pendek nyorowok :"Eh Jalma kadieu siah pencetan aing!"

"Mangga, walon Jalma bari gancang nyampeurkeun si Pendek. Karek ge Jalma nyampeurkeun , ti Beulah ditu si Jangkung nyorowok:"Eh Jalma ! Pangnyieunkeun teh manis euy !"

Kakara ge Jalma rek ngahurungkeun seuneu, corowok deui si Pendek:"Aeh siah, dititah mencetan , mani lila pisan! Gancang siah kadieu aing pencetan."

Keur kitu corowok deui si kumis baplang Ganda nyorowok ti tempat sejen deui:"Jalma, aing hayang beuleum lauk sok pangjieunkeun beuleum lauk; ulah asin teuing ! sok gancang siah, ulah leleda."

 

HANCA

 

#Fikmin "JURUS SILAT PANGAMPUHNA"

 

On Behalf Of oman abdurahman

 

 

Seug. Kalawan catetan yen kuring oge keur diajar, sakapeung karangan teh henteu mini-mini teuing; sakapeung miang tina kajadian/pangalaman anu nyata. Nyanggakeun ieu fiksi mini (fikmin) kuring anu kahiji:

#Fikmin "JURUS SILAT PANGAMPUHNA"

 

Geus aya dua jamna abah nyaritakeun sababaraha pakem silat Cimandé. Ti mimiti ulin bari diuk, nepi ka kumaha para jawara Cimandé sakitu hormatna dalah kanu kasebut budak ogé, teu kurang-kurang nya sopan santun. Harita, waktu geus ngagayuh ka janari leutik, tapi, kuring limaan jeung babaturan tacan aya nundutan saurang ogé. Tong boroning nundutan, teu heuay-heuay acan bubuhan pogot ngaregepkeun dadaran jurus silat Cimande. Ongkoh deui tadi méméh medar cariosanana téh, abah ngajangjian, yén peuting ieu  anjeunna badé ngadadarkeun jurus pangampuhna di paguron Cimandé. Kuring limaan geus buleud patékadan, peuting ieu arék nanggap abah kajeun teuing masing kudu bagadang sapeuting jeput ogé. Sabab, kasempetan tepung jeung abah téh arang pisan, bubuhan abah ayeuna keur mingit sorangan, saurna, keur nulis buku pakem silat Cimandé. Ari peuting ieu, kuring limaan dijangjian arék narima pisan bocoran éta rusiah jurus silat anu kawentar di Tatar Sunda, piraku kudu éléh ku tunduh.  "Jang, geus sariap, abah arék medar jurus pangampuhna tea yeuh?", saurna ngagétkeun kuring limaan. “Oh, kantenan abah, abdi sadaya siap”, ceuk kuring limaan meh bareng. “Dupi namina éta jurus  naon, abah?”, si kuring ngawani-wani tatanya bakat ku panasaran, jeung minangka ngawakilan babaturan anu limaan. “Talék!”, walon abah pondok tapi agem. Sanggeus rada simpe,“Heug yeuh, geura regepkeun”, abah ngamitian pedaran pamungkasna.  “Ari anu disebut ‘talék’ téh taya lian ti yén lamun aya anu ngajak paséa, ngajak tarung, ka urang, urang satekah polah kudu nyinglar éta papaséan, ngajauhan hiji pacengkadan anu nepi ka kudu tarung!”, “Tah sakitu anu disebut ‘talék’ téh!”, sora abah simaan kacida. Jep kuring anu limaan jempé bari ngawangwang lamunan séwang-séwangan.

 

Oman Abdurahman, Bandung, 09 Oktober 2011#

_

Sastra - Fiksi Mini Sunda?

Baraya, pernah ngadarenge aya genre sastra, nu katelah Fiksi Mini?. Fiksi Mini dina basa Sunda keur maceuh di FB. Panasaran, kurulang-kuriling ngadeupaan Internet. Sugan aya katerangan, naon atuh fiksi mini teh. Nyeta geuning kiwari mah, kadar urang aya kahayang jeung kadaek we, sagala info bisa disusud ukur ku ngutek-ngutek dua curuk. Jauh pisan jeung jaman uing ngadepong di Bandung, puluhan taun ka tukang. Hayang maca teh, melaan kukurilingan, mukaan buku murah meriah, sore sore, di Jalan Sukajadi, Cikapundung, Kebon Kalapa, atawa Palasari.

Ringkesna mah fiksi mini teh cenah, carita fiksi sauted. Nu ditulis ukur ku sababaraha kalimah. Aya nu mere gambaran, kira-kira ditulis dina 50 kecap cenah. Ngarah teu lieur ku definisi, aya conto hade ti Kang Hawe Setiawan, urang Cupumanik. Toong di handap geura contona. Najan mini geuning masih karagap guluyur caritana.

Ari uing lain rek nitah atawa ngajak narulis fiksi mini. Ngan kaideun ku MINI-na. Mun Rok Mini jeung Fiksi Mini sukses jadi media keur nepikeun eusi sirah pangarang ka nu macana, jigana taya salahna mun urang migunakeun konsep MINI dina widang nu non-fiksi. Ceuk ijiran uing, asa saluyu keur jurus tukeur informasi make media milis nu geus hirup leuwih ti heula. Nya ngarah gampang diinget mah, sebut we ngaranna "Info Mini".

Asana di milis Ki Sunda teh loba inohong dina widang masing-masing. Tegep jigana mun daraek nulis pangaweruh popiler dina widangna masing-masing make konsep "Info Mini".

Contona kieu, mun

====

Titis Tulis

Ku: Jeffrey Archer

Baheula di Bagdad aya sudagar nitah ladénna balanja ka pasar tapi can gé lila éta ladén téh geus balik deui, bari jeung pias tur ngadégdég, sarta pokna, Juragan, nembé téh di pasar aya istri megatan abdi di nu sakitu pagelek-gelekna, ari barang rét téh ditingal ku abdi horéng nu megatan téh malakal maot. Manéhna mencrong ka abdi bangun nu ngancam; punten wé, abdi badé nambut kuda, seja mios heula ti dieu kanggo nyingkahan nanasiban. Maksad téh badé mios ka Samarra wé supados teu kapendak ku malakal maot. Nya dibéré nginjeum kuda éta ladén téh ku dununganana, clak manéhna tumpak kana kuda, ceg masang sanggurdi, dius mabrét tibuburanjat. Geus kitu éta sudagar téh jig indit ka pasar, tur barang katémbong ku manéhna kami keur ngajanteng ti antara balaréa, srog nyampeurkeun bari pok ngomong, Naon pangna andika bet siga nu ngancam ka ladén kami tadi isuk-isuk? Na da kami mah teu ngancam teu sing, cékéng téh, pira gé ukur tatahar méméh nyieun nu ahéng. Puguh kami nu hélok bet tepung jeung manéhna di Bagdad, da kami mah meunang tugas nyokot manéhna téh di Samarra ké peuting.[]

__._,_.___

Minggu, 11 Desember 2011

[kisunda] Cersil Sunda ka- 20

 

Episode ka – 12 Nyi Epon urang Leuwiseeng

 

Ku sabab Jalma unggal poe shalat ; si tilu begal mindeng nempo Jalma keur acong2an atawa ngadoa mani husu pisan; ahirna ti na sok remen ngintip, jadi katarik, terus we nanya ka Jalma; ku Jalma dijelaskeun yen eta kalakuan Jalma moal bisa dilakukeun ku maranehna. Tapi mindeng pisan maranehna nanya jeung hayang nyaho.

 

Ku Jalma diterangkeun, yen eta teh shalat jeung ngadu'a; ditujukeun ka

Pangeran.Pangeran ? Naon ari Pangeran teh ?"

 

"Pangeran teh , nu nyepeng hirup jeung paehna manusa; " beuki nyureng we eta si tilu begal teh. Jalma geus nerangkeun oge soal sakabeh manusa diCiptakeun ku Pangeran; bari teu kaharti eta tilu begal teh mikir; wah lain ku indung bapa uing aya di dunya teh ? Naha jadi ku Pangeran ? Naon jeung saha atuh Pangeran teh ?

 

Ku sabab loba nu teu ngartina batan ngartina; nya maranehna eureun we tunyu Tanya soal Pangeran, lantaran kalah ka lieur.

Jalma oge rada pusing mikiran soal eta teh; kumaha nerangkeun ka batur, supaya ngalartieun ? Da memang sajujurna mah , manehna ge can bener2 ngarti. Ah keun we ayeuna mah nu penting kumaha nyembah ka Gusti; keun we heula ngarti na mah engke meureun nyusul. Kumaha carana supaya batur milu narima risalah Nabi ? ah keun we eta mah lalaunan we tong dipaksakeun teuing; da geuning memang kamampuan manusa ge saeutik pisan.

 

 Poe eta 5 rampog nu cenah rek ngayakeun OPSUS operasi husus; bari kurang jelas tujuanana, da teu nungguan si Surba heula; baralik bari mawa hiji budak awewe, umurna kira2 15 taunan; sapanjang jalan teh inghak2an we terus.

Ki Raksa nu mimpin eta rombongan, langsung ngadep Ki Jara, pok ngomong:"Yeuh ki Jara uing sapara kanca asup ka Kampung leuwiseeng, nu rata2 Jelemana mariskin; Kaula ka dinya lain rek ngarampog harta; tapi ieu yeuh keur hiburan; geus lila urang teu manggih awewe; ieu sigana masih parawan."

 

Eta budak awewe digusur dibawa ngadep ka Ki Jara ; Ki Jara nanya:"Eh Nyai; saha ngaran teh ?"

 

"Epon, tembal eta budak awewe bari ngadegdeg, jeung tetep inghak2an.

 

Jalma nenjo eta kajadian, mikir, yen meureun ayeuna mah kudu Lahaola we,

nu satadina moal make kakerasan, sigana mah ayeuna kapaksa; tapi Jalma masih nahan diri, hayang nyaho nepi ka kumaha.

 

Ki Jara nyarita deui:" Ku sabab nyai geus aya di dieu, kapaksa nyai daek teu daek kudu cicing di ieu pertempatan, teu meunang ingkah ti dieu, lantaran Nyai bakal ngabahayakeun Kula sarerea; tah ayeuna nyai milih saha nu bakal jadi salaki nyai; mun henteu nyai bakal jadi nu sarerea !"

Geeer we atuh para begal saleuseurian. Aya oge nu susurakan.

 

Segruk we Nyi Epon ceurik, mani sedih pisan; terus ngajerewet:"Paehan we kuring  ulah disiksa kieu . Kuring embung kawin ka saha oge."

 

Nyi Epon geulis mah henteu, nya basajan we budak awewe kampung; tapi rada manis, jeung irungna bangir oge. Para Begal katenjo pada geregeteun nempo Nyi Epon. Ki Dipa maju rek nyolek Nyi Epon, tapi disentak ku Ki Jara:"Tong lalawora maneh! Mundur!" ; bari rada gegelendeng Ki Dipa, mundur.

 

 Keur kitu celengkeung aya nu usul:"Eh Ki Jara maning ge disaembarakeun; saha2 nu meunang eta nu bakal meunangkeun Nyi Epon ."

 

Nu usul teh nyata Jalma. Ki Jara satuju:"Enya asa alus tah, sok saha nu rek nyoba ti heula ?" Rada marurungkut para begal, sabab nu sejen sieuneun engke nyanghareupan Ki Jara.

 

HANCA

__._,_.___