Jumat, 08 Juli 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka 70

 

From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisunda@yahoogroups.com] On Behalf Of Abbas Amin

Nu mimiti mentang Gondewa Arjuna; teras Karna ngalayanan mentangkeun jamparing pge; dua pihah tos ngaluarkeun kabisana di mentang jamparing; kitu deui kusir nu dua; boh Salya boh Kresna duanana rikat pisan balucat balicet; hese diserang ku panah; jadi dua pihakanana sering laluput; masing leres tos jarago panah oge; lantaran memang KUSIR kareta duanana oge jempolan pisan. Atuh ramepara pasukan ti dua pihakanana sarurak ting jarerit.

Ayeuna lain ngan ukur muji Karna atawa Arjuna wungkul; tapi oge muji ka na ksantikaan jeung kapiawaian dua KUSIR Salya lan Kresna. Atuh perang mani campuh pisan; duanana duka tos sabaraha ratus panah dipake manahan lawan tapi keukeuh hese pisan; duanana terus silih incer silih keceng; bari kareta mah ting belesat ting siriwik bulak balik muter; kadang kala padeukeut kadang kala ngajauhan; karetana mah duanana tos pinuh ku panah; tapi jalmana mah can aya anu kakeunaan; kahji kusirna jarago; kaduana duanana oge boh Karna boh Arjuna tarapis pisan di na nakis ayana serangan panah teh.

Mun harita aya JAM; meureun ieu perang teh geus aya TILU jamna harita ; tapi sanajan kitu duanana tetep sumanget ; teu aya sugan cape atawa lungse; estu duanana atawa dua pihakna ngaluarkeun kahlian masing2;boh di na ngadu kapinteran panah;boh di na katapisan ngadali kuda kareta.

Ku sabab sacara biasa teu mental; Arjuns nglurkeun JURUS nu arang dikluarkeun ka nu sejen mah; Arjuna luncat na kareta; sirah napak ka na dasar kareta ari suku ngacung kaluhur; eta kalakuan teh ditulisna mah PANJNG; tapi ngalakukeunana Arjuna ngan sakilat pisan; di na posisi kitu manah ka Karna mni ngan sajorelat !

Karna kitu dui Salya kacida reuwasna cep bae ayeuna mah Karna kakeunaan ! Geeer wae Pasukan Pandawa surak ting jarerit ! Tapi eta panah digibegkeun ku Karna teras ragrag ; saterasna Kaana males ku JURUS nu memang geus diajam pikeunnyerang Dannjaya; ka batur mah tara dikaluarkeun sama sakali !

Serangan panah t tilu jurusan Luhur tengah jeung handap; dimana tanagantiluanana oge sarua; mun ditakis nu luhur pasti nu tengah jeung handap bakal niban; hese ditakisna.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 2

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Rabu, 06 Juli 2011

Bharata Yudha ka 69

 

From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisunda@yahoogroups.com] On Behalf Of Abbas Amin

 

 

Isukna deui perang diteruskeun; ayeuna mah para pasukan boh ti pihak Kurawa boh Pandawa, kacirina kurang deui sumanget rek merangan; maranehna sigana leuwih hayang nyaho hasil tarung antara Arjuna lawan Karna. Dua Pasukan kacirina cease fire; teu dicaram ku Karna atawa Drestadjumna oge; jeung saperti nu geus jangjian dua pihakanana nyieun pager nu ngalingkungan hiji lahan gede jeung lega pikeun tarung dua Pahlawan; nya eta ti Astina/Kurawa Karna; ti Pihak Pandawa Dananjaya atawa Arjuna.

Dua pihakanana rame adu renyom ayeuna mah mangmeunangkeun jagona masing2; jelas
Pasukan Kurawa yakin pisan KARNA nu bakal meunang; lantaran cenah kamari ge kapan Arjuna ampir2an. Yapi ti Pihak Pandawa oge teu eleh geleng, pajarkein ah pantes we kamari Dananjaya eleh lantaran can perang beneran, lantaran masih nguluwut ku tiwasna Guru Drona sareng ku towasna Wersasena. Ari ayeuna mah beda deui pek we niktikrun.
Nepi ka akhirna mah ku sabab adu regeng soal ngajagokeun; aya nu ngomong kieu :"Sok siah wani sabaraha, ngajagokeun Arjuna teh ? Aing mah wani nyekel Karna, keun we ledis gajihan tei naon2 sabab auing yakin yen Karna bakal meunang !

Ah sok aing ge wani lah ! gajih uing sabulaneun tah rek dipasang pikeun Dananjaya !

Eeeeh ke heula boa gajih ilaing mah leuwih leutik, rugi tah uing !

Hiji kokolot peajurit datang nengahan, sik we lah ari rek tarohan mah ku uing dicekel duitna duanana; sing adil we ayeuna mah; sok saayana duit ayeuna we; ke nu meunang ku uing dibayarna ! Atuh rame nu tarohan ge waktu harita !

Tapi lolobana para prajurit mah salusurakan bari muji2 jagona; mani pa ting corowok !
Durtodhana katingal mingpin cocorowokan:" Heh para prajurit Kurawa saha nu kamari keok !?"

Para prajurit Kurawa saur manuk :" Arjunaaaa !"

Suyudhana :" Saha Ksatriya nu adil !?"

Saur manuk :" Karnaaaaa !!! Jaya basukarna ! Jaya Mahasenapati Astina !"

Pihak Pandawa embung eleh, terus pating corowok :" Saha nu meunang perang di Wirata !"

prajurit Pandawa saur manuk :" Arjunaaa !"

Saha nu dibangkol di perang Wirata !?"

Saur manuk :" Karnaaaa !"
Ger surak mani ting jarerit !

Suyudhana amarah pisan :" Eh ayeuna mah ayeuna weh ! Tong make mamawa perang wirata sagala !" di tambahan ku para prajurit :" Dirgahayu Karna ! tiwaskeun Arjuna !"

Bhima narang nguping raongna para prajurit Kurawa teu tahan enggal nyororwok, dimana corowokna nandingan rebuan jalma :"Eh Kurawa Astina geus dipi,pim ku anak kusir ! Hahahaha !"

Ger Pasukan Pandawa sarurak mani ayeuh ayeuhan !

Akhirna Karna kaluar bari nganggo busana perang nu hurung herang; ti beulah ditu oge Arjuna datang bari boasa nyepeng Gandewa sakti nu kenging ti na saembara Putri di Pancaladriya.

Harita langit katingal alum teras bray caang; sareng teras aya hujan kembang nu warna warni; Karna sareng Arjuna tong ningl yen para Dewa lumungsur bade nonton ieu dua Satriya utama tarung. Enggal Arjuna sareng Karna nyembah. Nu sanes ,ah teu ningalieun.

Saterusna Karna nyarita ka Arjuna:" Hahahaa. bagea Partha ! Naha andika geus sehat !?"

Arjuna :" Tong loba catur Karna; itu para Pasukan jeung para Dewa geus teu sabar hayang nempo sirah Karna ngagulitik !:

Karna:" Hahahaha, kapan jelas kamari ge sampean teh asor Partha ! Komo atuh ayeuna; Kaula memang poe ieu moal mere kasempetan deui kawas kamari."

Arjuna enggal ngajungjungkeun gondewana tanda siap rek nyerang; Karna oge bari imut enggal siap2; kusir duanana tos pada siap sadia ngamudi kareta. Kresna Salya bakal ngadu katapisan di na bagbagan nyekel kadali.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 2

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Minggu, 03 Juli 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 68

On Behalf Of Abbas Amin

 

 

OBROLAN SABUDEUR PERANG ARJUNA  KARNA

Di Karaton Astinapura Gandari masing teu ningal oge apal pisan ka tempatna Dewi Kunthi Nalibrata; teras Gandaei nyampeurkeun Dewi Kunthi bari hariweusweus :"Ieuh bagja pisan Kunthi, Ki Arjuna; Arjuna nu urang teu tulus dicabut umur, lantaran ditulungan ku Bhatara Surya."

Dewi Kunthi :" Naon  tea kakang embok, isuk2 tos sumping, bari hariweusweus kitu ?"

Dewi  Gandari :" Eta Kunthi, kamari si Karna si anak kusir ampir we nyilakakeun Arjuna !"
Dewi Kunthi :" Ari kangaranan perang, dua pihak kudu wae  aya nu cilaka , naon anehna ?"
Gandari :" Enya eta ge, tapi kapan Arjuna mah kanyaah urang, kanyaah sakabeh ! Ah keun ku Kula si Karna bakal dikutuk...................."
Teu acan tunras nyariosna; kaburu dipotong ku Dewi Kunthi :"Raka embok Gandari ! ..........tos tong sok supu sapa ! Dina waktu ieu geus taya supu sapa deui ! maranehna geus nangtukeun dirina parerang ! Jadi taya nu bisa disalahkeun. Keun we antep urang mah ulah pipilueun !"

Gandari sajongjongan mah molohok wae ningal ka Dewi KUnthi ku mata nu dipeungpeunan mani telek pisan; bari seueur ku tanda ranya ???????

Kumaha ari di Pakemahan !?

Kemah Pasukan Kurawa :

Suyudhana nalek ka Karna :"Ieuh dulur kuring Karna, padahal tinggal sakali panah deui ki Arjuna bakal tamat. Kunaon sampeyan ngantep ? teu terus dipanah ?

Karna:" Hahahaha ! keun we tuman ! Kaula hayang mere waktu ka si Arjuna; supaya manehna sadar yen kasaktenna sahandapeun Kula; malah mun bisa mah manehna datang kadieu menta dame lantaran teu wani ka Kaula ! Hahahaa !"

Sutudhana :"Apanan cek sampeyan oge Pandawa mah pantang taluk pantang nyerah !
Ku,aha mun sabalikna ? Lain sampeyan nu maehan Arjuna, tapi sampeyan ditelasan ku Arjuna ?!"

Karna :" Hahaha ! jauuuh ........... jeungna deui kapan si Arjuna tadi loba tatu, moal gampang bisa menyat deui !"

DI KEMAH PANDAWA :

Yudhistira nuju gunem catur sareng rai2na lan pahlawan sejenna sareng Kresna; tapi Arjuna mah teu tembong

Ngandika sang Yudhistira :"Para Pahlawan sadata, ayeuna Arjuna keur istirahat lantaran loba pisn tatuna ku Karna; keun we Arjuna poe isuk mah tong si na perang ? Tapi saha nya nu bisa ngelehkeun Karna ? Kapan Satyki ge mundur ?"

Bhima ngagerem :"Mmmmm...............   kurrrang ajar si Karna ! keun ku Kaula bakal dilawan eta jurujana teh ! Kaula oge hayang males pati pikeun si GATOT !"

:Eeh ! Kakang Bhima nao sababna sampeyan rek nyokot hancengan Kaula !? Musuh Kaula !?"

Duka ti iraha hadirna Dananjaya di na ieu pasamoan.
Enggal Yudhistira naros ka Aejuna :" Eh yayi ! geuning tos jagjag deui ! Ngahaja ku akang teu diangkir, lantaran kapan sampean tadi tatu parna !"

Permadi :"Hahahaha ! sakieu mah teu sabaraha atuh. Kuring geus sababaraha kali ngalaman peperangan anu leuwih ripuh ti batan ayeuna ! Isukan Kaula bakal ngala pati si Karna ! Jeung tong aya nu wani2 ngarebut hak Kaula .un henteu sanghareupan heula Kaula samemeh si Karna !"

Bhima barang nguping kasauran Arjuna kitu kacida bunganganna; Bhima yakin ayeuna mah yen Arjuna enyaan bakal merangan Karna kalawan soson2; teras wae mihatur bari ngagakgak:" Hahahaha ! Jeneeet bisi teu nyaho, nu leuwih hak ti batan sampeyan mah, nya Kula Bratasena, sabab anakna si Gatotkacha dipaehanana nya ku Si Karna ! Tapi ayeuna Kula bakal ngelehan maneh, pek wae perangan eta si Karna ! Awas lamun eleh ! Kaula hayang ngadenge jeung nempo mneh meunang jeneeet ! Lantaran Kaula embung diwakilan ku nu KEOK !"

Arjuna :" Tanang we kakang Bhima; Kaula geus boga tekad rek namatkeun si Karna ! Lantaran naon ? Tuman make ngomong pajarkeun murid2 Drona mah euweuh nu hebat, kabeh sahandapeun KARNA ! Tah ku omongan ieu Kula hayang ngabuktikeun yen murid GURU masih nu paling unggul !|

HANCA

 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___

FW: [kisunda] BHARATA yudha ka 67

 

Karna ayeuna mah tos buleud hoyong nalukeun Pandawa lima; teras wae marentahkeun salya maju ngadeukeutan ka Pasukan Pandawa; ti kajauhan nangtang perang :" Eh Para Pandawa Lima; sok lawnan ieu Kula Karna ! Tong nyumput satukangeun Pasukan !"

Yudhistira kaget ningal kareta Karna tos nyaketan teras we siap2 kanggo ngalawan; tapi Nakula miheulaan maju ! Terus wae Nakula nyecer Karna; tapi hiji ge teu aya nu keuna .
Barang Karna males bandera perang Nakula ngajengjehe dipanah ku Karna; barang bade males; panah Karna datang deui; keuna ka na gondewa Nakula; kapaksa Nakula ngacir lamun henteu bahaya pisan, Karna seuri mani tarik pisan :"Hahaha; hiji geus eleh ku Kaula ! Sok ayeuna si Arjuna geura sina maju !"

Sadewa terus ngaganti Nakula nyanghareupan Karna; tapi ieu ge teu lami gondewana tos parotong sababaraha kali; saterusna Yudhistira maju; ngalempagkeun tumbakna; tapi ditengah jalan dipanah nepi ka parotong ku panah Karna, Yudhistira laju mentangkeun gondewana; tapi ngan sakilat2 ku Karna katakis; pamalesna kareta Yudhistira ringsek .

Katingal ku Arjuna terus wae maju ngahalangan Karna. ger we duanana silih panah !

Ketak Karna harita estu siga nu kasetanan pisan, pangamukna hese dihalangan; Arjuna harita ripuh pisan; mangkaning sumanget perang Arjuna harita teh masih melempem pisan; lantaram lu maotna GURU sareng tadi Wersasena; jadi di na perangna Arjuna kurang pisan sumanget tempur, atuh nya sakedap ge tos boborot getih.

Karna ngagakgak:" Hahahaha ! Nyata bener cek Kaula oge Murid Drona mah euweuh naon2na nu istimewa ! Cek Kaula baheula basa ditolak, Kaula ngomong ka Drona yen manehna bakal hanjakal nolak Kaula ! Hahhaha ! Kabuktian ayeuna murid Drona teh leuwih handap ti batan KARNA ! Hahahaha !"

Arjuna amarahna sakalangkung; ters wae manahan deui.  tapi ayeuna mah Karna keur aya di na kaunggulan; lantaran waktu ngamimitian Arjuna rada kendor ! Stand masih 3 - 1 ; Karna kapanah sakali Arjuna keuna tilu kali ! Jadi tetep we Arjuna ripuh. Akhirn Arjuna ngajungkel na karetana ampir2 kapiuhan. Barang ajeg deui badan karasa leuleus letek; nyata Arjuna tos seueur tatu na saluar awakna. Sigana mah sakali deui dipanah ku Karna; Arjuna perlaya !

Tapi harita panonpoe surup; terus wae Karna ngagakgak ! :" Hahahaha  Arjuna tah titip
nyawa sampeyan ! Ku Kula isukan bakal dianggeuskeun ! Ayeuna mah srangenge geus surup ! Kula geus jangji bakal ngeureunan perang lamun panonpoe surup ! Hahahaha ! untung maneh Permadi !"

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Sabtu, 02 Juli 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 66

 

Karna tos nguping yen Wersasena pralaya, enggal wae anjeunna majukeun karetana nu dikusiran ku Salya; memang Karna ayeuna mah leuwih gagah leuwih tanggoh sareng PD pisan; Karna maju bari manah ka satiap Kapala Pasukan Pandawa; tapi henteu ari ka prajurit mah; atuh tos puluhan Para perwira Pnsawa bu korban ku panah Karna ! Satyaki laju maju ngahalangan, ger awe perang ragot.

Karna bari perang nyorowok ka Satyaki :"Hahahaha ! satyaki, urang ayeuna panggih deui, sok kaluarkeun kaahlian sam[eyan dina perang maen panah !"

Satyaki teu seueur saur teras wae nyerang ka Karna; tapi teu aya hiji2 acan nu keuna; ayeuna katingal Satyakikadeseh pisan ku Karna, marga lantaranana kusir Karna ayeuna mah Salta ; ari  Satyaki kusir nu biasa ngusiran anjeunna; atuh Satyaki ripuh pisan; tos aya lima kalina gamti gondewa; akhirna Satyaki mundur ti palagan disurakan ku para pasukan Astina. Karna bungangang bingah ati tos tiasa males ka Satyaki .

Kacaturkeun Dursasana, teu tiasa tenang margi cariosan Salya kaemutan terus; Dursasana terus wae miwarang kusirna nyaketan Pasukan Pandawa; harita Bhima nuju ngikintil Arjuna; nyel wae Dursasana keuheul ningali Bhimasena teh; ayeuna mah leungit kasieun teh, terus wae Dursasana manahan ka Bhima; Bhima nu teu nyangki teras ngagubrag ti na karetana; barang gugah ningal Dursasana manahan; sanes reuwas atawa sieun, malah bungah manah :"Lakadalah siah si durujana Dursasana nganteurkeun nyawa ! Poe ieu bakal dicabut siah nyawana ku Kaula !"

Enggal wae Bhima luncat teras lumpat nuju kareta Dursasana bari teu sempet mawa senjata da pan tinggaleun na kareta; Dursasana kaget mimhali Bhima muru ka anjeunna, teras wae Dursasana ngalepas panah; tapi najan Bhima boborot getih memang nyata KUAT pisan jasmanina teras wae ngudag sareng luncat ka na kareta Dursasana; ger wae  galungan ieu dua musuh teh ! Tapi ngan sakedap Dursasana tos kapidara  ! Saha nu bisa ngalawan Bhma soal gelut mah ? Eta mah memng jagona. Kapan Hidimba oge nu sakitu ngajungkiringna mati ku Bhima mah !

Barang Dursasana keur kapaehan teu antaparah deui dadana dikerewek dugi ka bor boran getih teras getihna diuyup saharita keneh ! Teras nyorowok :" yeu si Dursasana geus KOJOR ! Sok ayeuna lanceukna maju ! Si Haramjadah Duryodhna !"

Peta Bhima kitu katingal pisan ku Karna, atuh mani reuwas jeung rada gimir; Karna ngaleketey bruk wae diuk di na karetana ! ku reuwas2na ! Salya enggal sasauran :" Eh Karna ! Ulah kit5u ! Teu hade etah kitu peta ! Kapan sampeyan teh Maha Senapati bala Kurawa !?"

Enggalna Karna emut deui ka porwadaksina.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___