Rabu, 30 November 2011

[kisunda] KAADILAN JEUNG HUKUM KUDU DIAJEGKEUN

 

 

"Ti Siti 'Aisyah Ra., saestuna urang Quraisy ngarasa hariwang kusabab aya saurang wanoja Al-makhzumiyah maok perhiasan. Maranehanana ngomong: 'Saha anu baris ngadukeun masalah ieu ka Rasulallah Saw.?' sarta teu aya anu wani kajaba Usamah anu dipikanyaah ku Rasulallah Saw., mangka Usamah ngadukeun masalah ieu ka Rasulallah Saw. (menta dihampangkeun hukuman wanoja eta); Rasulallah Saw, nembal ka Usamah: 'Naha maneh rek nyoba ngabela jelema anu ngalanggar hukum Allah?'. Sanggeus eta Rasulallah Saw. mere kutbah sarta ngecapkeun: 'Heh manusa, saestuna anu geus ngabinasakeun ummat samemeh maneh tiheula nyaeta lamun salahsaurang bangsawan maok, maranehanana ingkeun, tapi lamun jelema lemah maok, maranehanana ngalaksanakeun hukum. Demi Allah lamun Fatimah binti Muhammad maok pasti kuring motong leungeunna". (HR. Bukhari sarta Muslim).

 

Ti mangsa ka mangsa manusa, tetep aya manusa anu sieun dihukum, boh pribadi boh golongan anu sieun sarta henteu daek dihukum jeung hukuman anu geus ditetepkeun Allah, saperti hukuman paeh pikeun jalma anu maehan, sarta motong leungeun pikeun jalma anu maling (koruptor), sarta jeung nu sejenna. Maranehanana nyoba kalayan kusagala macem dalih ambeh bisa dibere kahampangan atawa leupas tina sagala sarat hukum Allah ieu. Maranehanana henteu kungsi sadar yen Allah netepkeun hukum-hukumna eta teh pikeun kemaslahatan manusa eta sorangan. Ngan jelema anu boga iman anu pasrah narima kalayan ikhlas hukum-hukum Allah eta.

Saprak jaman baheula nepi ka ayeuna malahan sampe ka poe kiamat, geus teu aneh mun aya jalma-jalma bangsawan (negarawan), pajabat-pajabat boh sipil atawa militer, inohong masarakat, sarta jalma-jalma beunghar henteu daek dihukum sanajan geus eces manehna boga salah. Ku kituna manehna make pangkat, pangaruh jeung kalungguhan, sarta harta kakayaan bisa meuli hukum sangkan manehna leupas tina sagala perkara hukum.

Hal ieu oge lumangsung dimangsa Rasulallah, aya saurang wanoja bangsawan Quraisy ngalakonan pamaokan. Nurutkeun hukum Islam, lamun hiji jalma ngalakonan pamaokan, mangka hukumanana nyaeta dipotong leungeun. Hal ieu pisan anu ngajadikeun hariwang jalma-jalma bangsawan Quraisy. Sabab lamun nepi ka wanoja eta dipotong leungeunna, ieu baris nyieun wirang kaum bangsawan Quraisy. Mangka maranehanana neangan jelema anu bisa mangaruhan Rasulallah sangkan  eta wanoja tukang maok  (koruptor) eta dileupaskeun ti jeratan hukum ngawengku grasi, rehabilitasi, amnesti, sarta abolisi. Sarta pilihan maranehanana murag ka hiji sahabat anu ngaranna Usamah, alatan memang Usamah kaasup jelema anu pohara dinyaah Rasulallah Saw. Usaha Usamah mangaruhan Rasulallah Saw. gagal total, komo Rasulallah Saw. pohara ambek ka Usamah, alatan manehna nyoba mela wanoja bangsawan Quraisy ambeh leupas ti jeratan hukum, nyaeta potong leungeun pikeun jalma tukang maok (koruptor).

Sanajan Rasulallah Saw. mikanyaah Usamah, tapi pamadegan anjeunna tetep kokoh pikeun ngajegkeun hukum Allah, komo kalayan teges Rasulallah Saw. nyatakeun: "Saumpama Fatimah binti Muhammad (anak kuring) sorangan, lamun manehna maok, pasti kuring bakal motong leungeunna".

Di Hadits ieu Rasulallah Saw. ngagunakeun kecap-kecap "Fatimah binti Muhammad", henteu ngagunakeun kecap "anaking". Sababna nyaeta sacara pareng ngaran wanoja anu maok eta nyaeta Fatimah binti Al-aswad, jadi ngibaratkeun Rasulallah Saw. ngomong "Tong boroning Fatimah binti Al-aswad anu maok, lamun Fatimah anak kuring sorangan anu pang dipikanyaah, mun manehna maok, mangka pasti kuring baris motong leungeunna, demi ngalaksanakeun hukum Allah". Kahayang Allah anu leuwih diutamakeun batan kahayang sejenna, tah kitu prinsip saurang Mukmin anu ngajungjung luhur hukum-hukum Allah.

Kaadilan kudu diajegkeun sarta hukum kudu dilaksanakeun ka saban jelema henteu nempo bulu sarta pangacualian sarta euweuh hiji jalma mana oge anu weduk hukum. Ieu mangrupakeun tanggung jawab saban pangadeg hukum boh jajaran Kepolisan, Kajaksaan, sarta Pangadilan, hal ieu maranehanana bakal dimenta tanggung jawabna dihareupeun Allah, naha manehna ngajalankeun hukum atawa nyelewengkeun.

Di jaman ayeuna loba jelema anu jeung ngahaja ngarempak/ngalanggar hukum, tapi manehna henteu daek nanggung jawab. Pikeun eta pisan manehna ngagunakeun pangaruh, kalungguhan, pangkat, sarta harta kakayaan, ambeh manehna meunang kahampangan hukum atawa leupas tina hukum. Mangka ngajadi  kolusi, mafia hukum, silih nguntungkeun antara tukang maok (koruptor), bajo/rampok, tukang maehan sarta anu lainna, dihiji pihak, kalayan pulisi, jaksa, hakim sarta lainna anu intina maranehanana migawe bareng dina ngalanggar hukum. Istilah kecap garihalna "TAHI SORANGAN DIDAHAR".

Tapi jelema anu henteu boga pangaruh, kalungguhan, pangkat, hubungan kakulawargaan, sarta harta (kaum marginal, kudu rela meunang hukuman lamun migawe atawa ngarempak/ngalanggar hukum. Jadi henteu lah matak olohok lamun aya pamaok kotok/hayam atawa popoean atawa buah mangga dihukum sawatara bulan panjara, komo bisa paeh dihakimi massa. Tapi saurang pamaok kelas kakap (KORUPTOR) anu maok milyaran komo trilyunan rupiah bisa meunangkeun keringanan hukum komo leupas tina hukum. Hal ieu pisan anu mawa kehancuran sendi-sendi perekonomian bangsa ti mangsa ka mangsa saprak jaman baheula sakumaha anu dijelaskeun Rasulallah Saw. dina Hadits kasebut di luhur.
Salila manusa henteu lumaku sarta boga sikap adil dina ngadegkeun hukum, mangka kehancuran sarta bancang pakewuh baris lumangsung di mamana, sarta jelema kalayan sangeunah bujalna ngarempak/ngalanggar sarta modolan hukum, alatan manehna ngarasa boga kasempetan pikeun leupas ti tungtutan hukum.

Ti Hadits Rasulallah Saw. ieu, bisa dicokot hiji kacindekan diantarana kieu:
1). Larangan ngalakonan melaan ka saban jelema anu ngalakonan palanggaran hukum kawas koruptor sarta sejenna. Koruptor dikategorikan minangka maok duit rahayat loba. Sarta pangawasa wajib menghukum para koruptor tanpa tuar pilih sarta pilih bulu demi ajegna supremasi hukum.
2). Wanoja sarta lalaki sarua dihareupeun hukum. Naha manehna pajabat, pulitisi, inohong masarakat, hartawan atawa rahayat jelata, lamun ngarempak/ngalanggar hukum sarta boga salah wajib dihukum.
3). Siti Fatimah nyaeta jelema anu pang dinyaah Rasulallah Saw. diantara kulawargana. Sarta di Hadits ieu Rasulallah Saw. ngabandingkeun kalayan anakna Fatimah, alatan dina wayah eta ngan Fatimah anu masih hirup, sedengkeun anu sejen ti barudakna geus leuwih tiheula wafat. Tapi Hadits ieu lain nembongkeun yen anakna Fatimah leuwih afdhal (diutamakan) ti pamajikanana Siti Aisyah R.a.
4).Henteu dibenerkeun aya rarasaan nyaah, watir, sieun, ragu sarta sungkan pikeun ngagubragkeun vonis ka hiji jalma sanajan manehna anak kandung sorangan, baraya deukeut, jenderal atawa pajabat luhur, sumawona ngan saukur urut pajabat nagara.
5). Ti mangsa ka mangsa bancang pakewuh sarta karuksakan baris tumiba ummat manusa salila manusa eta henteu ngalaksanakeun hukum Alloh atawa maranehanana pilih kaasih dina ngalaksanakeun hukum.

Sedengkeun wanoja bangsawan Quraisy anu maok kasebut, Rasulallah Saw. marentahkeun ka sahabatnya ngaranna Bilal pikeun motong leungeunna. Sanggeus rengse eksekusi, wanoja eta ngomong ka Rasulallah Saw.: "Nun Rasulallah, naha taubat kuring ditarima?" Rasulallah Saw. nembalan: "Poe ieu anjeun geus bebas tina sagala kasalahan anjeun, lir ibarat anjeun anyar dilahirkeun deui (suci tanpa dosa)".

Hadits ieu perlu direnungkeun ku pihak-pihak anu berkompeten sarta para pangadeg hukum, ambrh lumaku adil dina ngajalankeun hukum, alatan kabrhanana rta baris dimenta tanggungjawabna di poe pambalasan.

 

Wallahu'alam bisawab

ditulis ku : I. Saprudin

sapeuting teu bisa sare batan olohok di imah ngotret kutak ketik ieu hasilna 

__._,_.___

_

[kisunda] Carbung Silat Sunda - VII

 

 

Episode ka-6  KI NURUSTUNJUNG KA II

 

Ki Nurustunjung neruskeun caritana, ayeuna mah soal manggihan manehna; cenah mah manehna ti umur 4 taun kapanggih keur ceurik sisi leuweung nu deukeut ka kampung Leuwi Seeng; tapi ti eta sisi leuweung nepi ka Kampung teh aya ka na welasan kilona; nya ku Ki Nurustunjung eta budak dibawa, dirawat nepi ka nganggap Ki Nurustunjung bapana sorangan.

Ku sabab teu nyaho saha ngaran budak, jeung anak saha, nya ku Ki Nurustunjung dingaranan; nu geus kaliwat dingaranan si Pungut jeung si Pulung; ari ieu saha nya ? Aya tilu poe tilu peuting mah meureun Ki Nurustunjung mikirkeun ngaran budak panggihna teh; piraku cenah ari dingaranan si Pulung deui mah ? Kapanggihna di sisi leuweung; tapi lain monyet; jelema ieu budak teh. Ah rek diaranan si Jalma we, ngabedakeun yen eta budak masing kapanggih sisi leuweung oge, LAIN MONYET ! Nya ti harita eta budak dingaranan si Jalma.

Ki Nurustunjung nyaaheun pisan ka Si Jalma teh, lantaran Kacida calakanana naon wae nu diajarkeun, ngan sakeudeung geus bisa dilakukeun ku Jalma. Elmu naon we; lain wungkul elmu kanuragan. Jeung mun aya jampe; sakali we disebut; terus ngan sakeudeung geus apal. Jeung Jalma tara loba ngabantah, naon wae nu diparentah ku Ki Nurustunjung; terus we dipigawe engke mun satengah gawe aya kasulitan, kakara Jalma bebeja ka Ki Nurustunjung; atuh kakara ge 10 taun diajar sagala ku Ki Nurustunjung; kamajuanana Kacida lajuna. Ki Nurustunjung bungah pisan, na hatena yakin yen "MURID" nu dipikahayang ku manehna, nyampak aya di Jalma; atuh beuki soson2 ngajarna ieu Ki Nurustunjung. Sagala ujian geus dicoba ka Jalma; tapi unggal2 lulus wae; malahan na hiji mangsa mah Ki Nurustunjung kapeupeuh igana; mani tibubuncelik Ki Nurustunjung , ku kaget2na; jeung ngarasa nyeri. Ti na kaget manehna gumbira terus nyakakak mani lila pisan; geus kitu terus diuk; ngagupayan ka Jalma.

Ki Nurustunjung paromanna Kacida bearna, teu weleh seuri terus we ngusapan sirah Jalma; pok ngomong:"Hehehe, maneh geus tamat Jalma ! Maneh geus ampir nyaruaan kami. Ku sabab kitu maneh bisa indit ti ieu KARANG Lungkawing; jung neangan pangalaman jeung kahirupan anyar. Tah di ditu, di kumpulan manusa sejenna maneh bakal leuwih loba diajar; jeung nya di dinya palajaran maneh nu sabenerna mah; ari di dieu mah, ngan ukur dadasar wungkul. Maneh kudu diajar tata krama manusa nu Umum; ulah cara Kula nu loba cawadeunana ! Poma maneh tong gampang2 ngaluarkeun kabisa maneh, ari teu perlu mah. Mun bisa rusiahkeun pisan ulah aya nu nyahoeun yen urang bisa gelut. Engke di Lingkungan manusa nu umum, maneh bakal panggih jeung Jago2 Kanuragan, saperti CIBARUSAH, CIKALONG, CIMANDE; PLEREDAN jrrd. Jeung awas aya oge KUNTAUW Cina. Ari Elmu Kula mah diolah ku Kula sanggeus sababarha poe semedi menekung, mesuh raga; ti na elmu2 nu aya ku Kula diringkeskeun, terus dicampurkeun jeung diolah; nepi ka jadi saperti ayeuna ! Tah eta teh waktu Kula umur 40 taunan ! Ku sabab teu nyaho hasilna; ari hayang nyaho kudu dibuktikeun; nya atuh Kula teh nguriling; lain wungkul di Pasundan dalah ka Tatar wetan jeung ka Sabrang ge; geus dilakonan ku Kula. Hasilna loba GURU2 Silat nu paragat ku Kaula; Kula bungangang yen hasil hese cape teh kapetik. Tapi ti harita jadi loba musuh, utamaana ti Tatar wetan; da ari Tatar Sunda mah oah2na sarieuneun; tong boro pasinghareup singhareup; kakara ngadenge ngaran Kula disebut oge geus barirat sarieuneun ! Naon hasil akhirna ? Pada ngajarauhan ! Pada ngamusuhan. Heeeeh; ahirna jadi jalma teu normal, nyorangan euweuh batur hiji2 acan !

Ki Nurustunjung eureun heula nyaritana; meureun sedih atawa kasedih sejenna.

Ki Nurustunjung neruskeun amanatna :"Tah nu matak maneh mah Jalma; ku Kula geus diturunkeun kabeh elmu; tah maneh ulah nurutan Kaula; gagal sabage manusa; gagal sabage Jelema normal ! Naon sababna maneh dingaranan Jalma ? Lantaran Kula hayang maneh mah ngalakukeun kalakuan nu parok jeung batur.

Ulah hayang ngajago atawa pang jagona ! Da euweuh gunana; tah buktina Kaula  

Ayeuna; sosoranganan teu boga batur keur ngawangkong2 acan. Enggeus eta ge baheula Kula kawin, bari rada kapaksa; aya sataun, terus we Kula kabur; nya nepi ka tempat ieu; ieu teh salah sahiji alesan pikeun ngajauhan si manehna. Ayeuna duka di mana tah si manehna teh ? sigana mah boro2 hayang neangan Kula tah si kasebelan teh; sigana mah terus we neangan "Lalaki" sejen.

Jalma motong :" ah mo enya bapa. Boa geus neangan tapi teu kapanggih kapan tem patna ge sakieu nyingkurna ?!

"Enya, cek Ki Nurustunjung ngaenyakeun. Tapi manehna teh mumpuni oge, lain sambarang awewe; manehna urang Jawa tapi bisa ngomong Sunda; malah Sunda Priangan bisaan pisan. Eta Nini2 teh teu nyaho geus kojor teu nyaho aya keneh; da buktina teu nyusul ka Kula. Meureun mun panggih tea mah pangling da sarua geus kolot pisan."

Jalma megat kalimah deui:"Cing pa sebutkeun saha ngaran eta nini2 teh engke mun panggih bakal dibejakeun ka Bapa."

Ki Nurustunjung:"Hahahaha ! ah eta nini2 teh teu penting2 teuing keun we lah; ngan aya hiji hal nu ku maneh kudu diusahakeun nya eta neangan nu Maha sagalana !"

Jalma rada kerung teu ngarti:"Naon nu disebut Maha sagalana teh ?"

 

HANCA

__._,_.___

[kisunda] Re: Legenda Sangkuriang

 

Cerita rakyat Sangkuriang sudah sering kita dengar, terutama yang pernah kuliah di daerah Jawa Barat. Sangkuriang adalah cerita seorang anak yang hendak mengawini ibunya sendiri, karena dia hilang ingatan akibat kepalanya dipukul oleh sang ibu, Dayang Sumbi. Dayang Sumbi memukul kepala Sangkuriang dengan centong nasi, karena sangat marah mendengar Sangkuriang membunuh Situmang, anjing penjaga mereka, yang sebenarnya adalah jelmaan manusia, ayah kandung Sangkuriang. Sangkuriang membunuh Situmang karena dia kesal Situmang tidak mau mengejar babi hutan (penjelmaan manusia juga). Kurang lebih begitulah ceritanya, sampai Tangkuban Perahu (halah, bosen saya).

 

Masuk akalkah cerita ini? Apakah membangun perahu dalam semalam, manusia menjelma menjadi anjing, adalah cerita yang rasional?

 

Tentu saja, tidak, hehehehe....

 

Cerita Sangkuriang sebenarnya hanya sindiran yang bisa dipecahkan dengan telik sandi sederhana. Berikut telik sandi Sangkuriang, Dayang Sumbi, dan Situmang.

  • Sangkuriang/Sang Guru Hyang: leluhur yang mengajarkan ilmu pengetahuan (guru)
  • Dayang Sumbi/Da-Hyang Su-Umbi: Da (besar) Hyang/Eyang (leluhur) Su (indah/cantik) Umbi (ibu pertiwi) atau ibu pertiwi yang cantik warisan leluhur agung
  • Situmang/Si-Tu-Ma-Hyang: akronim dari Rasi (Cendekiawan), Ratu (Pemimpin), Rama (Penasehat), Hyang (leluhur), sebuah tatanan politik kuno Nusantara yang berlandaskan pada ajaran leluhur penyembah Yang Maha Esa dan Kuasa, (tatanan ini masih berlaku di Suku Baduy Jero)

Nah, jadi cerita Sangkuriang adalah sebuah sindiran tentang kejadian di masa lalu, dimana orang yang memiliki pengetahuan dan berkewajiban menyebarkannya, lupa dengan ibu pertiwi, malah mau mengawini (baca: memperkosa) sang ibu, setelah merobohkan tatanan masyarakat yang mirip-mirip sedikit dengan trias politica. Cerita Sangkuriang ini mirip dengan kisah Ganesha, yang hendak mengawini ibunya Batari Durga, dan berkelahi dengan ayahnya Batara Syiwa.

 

Cerita sindiran tentang orang yang berilmu seperti Sangkuriang/Ganesha, adalah cerita yang berulang di setiap masa. Kita, ganesha-ganesha muda yang telah lulus dari Padepokan Babakan Siliwangi, hendaknya meneladani cerita ini dengan: tetap setia dan rela berkorban demi kebenaran ilmu pengetahuan, tetap ingat dan setia untuk menjaga ibu pertiwi dan tata negara yang berlandaskan demokrasi dan kemakmuran rakyat.

 

Bagaimana caranya, agar Ganesha tetap setia dengan tugas sucinya? Dengan berpikir dengan penuh kesadaran, kritis, jernih, rasional, dan patuh pada aras ilmu pengetahuan.

 

Saya berpikir maka saya ada, Cogito Ergo SUM!

 

-Hanief-

__._,_.___

Minggu, 27 November 2011

FW: [kisunda] CERSIL Sunda - VI

 

 

Manehna nyorowok :" Tulungan bapa ! uing diserang nyao ku saha ! mungkin uing paeh ayeuna; pang maleskeun ku bapa." Rep bae manehna kapaehan.

Inget2 manehna keur digugulung ku guruna. Tatu2na jigana keur diubaran.

Manehna nyarita laun pisan:" bapa geus diusir eta musuh teh ?"

Guruna nyarita leuleuy:"Sing tenang; maneh ayeuna resmi jadi murid Kaula."

Manehna nyarita deui:"Naon ? Lain waktu kuring diajar ku bapa, uing teh lain murid ?"

Guruna seuri bari pok ngomong:"Harita mah masih calon murid; Kaula embung boga murid nu GAGAL. Kula hayang boga murid nu boga bakat pikeun neruskeun elmu nu dicekel ku Kaula. Kaula boga calon murid teh tilu; tapi nu hasil terus jadi murid; ngan maneh sorangan."

Manehna nanya:"Ari calon murid nu dua deui ka mana ?"

Guruna seuri mani ngagakgak:"Hahahahaha ! Paraeh!"

Jalma nanya:" kumaha paehna bapa ?"

Guru:"Nya saperti tadi diuji ku Kaula; si Pulung kurang gesit nepi ka katubles ku peso nu seukeut kabeh tea; terus kojor. Ari Si Pungut kurang peka nepi ka teu nyahoeun panah geus nubles dadana . ari maneh mah nyata boga bakat alus pisan, bisa nyingkiran bahaya; ngan ukur tatu wungkul; eta lantaran can kabeh elmu ditamplokkeun ka maneh!"   

Sajongjongan mah Jalma ngahuleng; eu…… mun aing kurang kesit jeung kurang ngadenge geleserna senjata, wah tinangtu aing binasa" Jalma mikir bari rada ngabirigidig ngabayangkeun si Pulung jeung si Pungut. Ieu guru teh Kacida anehna jeung sigana teu normal? Kitu pikiran Jalma waktu harita.

Si Guru jigana surti; cakakak ngagakgak terus pok ngomong:"Lain ngan ukur hal eta maneh helok ka Kaula; masih loba hal nu leuwih aneh di diri Kaula. Nepi ka ayeuna pan maneh can nyaho saha ngaran Kaula ?"

Jalma milu mairan:"Heueuh sok atuh sebutkeun saha ngaran bapa teh ?"

Ki Guru:"Dengekeun sing telek ! Ngaran Kula teh katelah Ki NURUSTUNJUNG!"

Jalma:"euh ! naon hartina ari Nurustunjung teh ?! naha disebut aneh ?!"

Ki Guru:"Hahaha ! memang maneh moal ngarti, lantaran ti leuleutik terus jeung Kaula; kurang diajar paadatan, basa jeung salian ti eta; maneh didieu ngan dilatih kanuragan jeung kumaha usaha supaya panjang ngajalanan ieu hirup; antarana cara melak jagong jeung ngala lauk, tah ari nurustunjung teh hartina teu sarua jeung paadatan jalma rea; memper ka na kurang ajar. Nurustunjung teh beda ti nu lian; loba kalakuan nu teu pararantes; Kaula geus poho ka na ngaran asli Kaula sorangan, tapi ku sabab loba nu nyebut Kaula nurustunjung; nya ku Kaula diaku we yen eta teh ngaran Kula."

Sajongjongan mah Jalma ngan ukur melengek we, teu pati ngarti, lantaran nu aya di dinya iwal ti duaan, manehna jeung guruna; jadi sapopoe asa biasa we. Tapi tadi guruna nyaritakeun si Pungut jeung si Pulung; asa memang kaleuleuwihi teuing ieu guru teh.

Ki Nurustunjung nyaritakeun ka manehna, yen si pungut kapanggih keur kekerelepan di laut Kidut,manehna geus teu hayang hirup lantaran pahatu lalis; hirup nyorangan, jadina nekad; tapi keur kekerelepan kapanggih ku Ki Nurustunjung nya ditulungan terus we diangkat murid tapi gagal; manehna cilaka waktu keur latihan, atawa diuji. Ari Si Pulung mah kapanggihna waktu rek dikadek ku rampog; sakabeh kulawargana dibeakeun barang si Pulung rek ditigas kaburu datang Ki Nurustunjung; nya disalametkeun tapi binasa na latihan.

Ki Nurustunjung nyaritakeun oge yen pangna cicing di eta sisi basisir tempat nu lungkawing kitu, lantaran moal sambarangan manusa bisa katempat eta mah; kudu nu geus mumpuni pisan elmuna.
Sedengkeun Ki Nurustunjung loba musuhna.

HANCA

__._,_.___

Ini 40 Orang Terkaya Indonesia Versi Forbes


Ini 40 Orang Terkaya Indonesia Versi Forbes

Metrotvnews.com, Jakarta: Kondisi ekonomi dunia, terutama di kawasan Eropa dan Amerika, tengah lesu. Namun, perekonomian Indonesia tetap melaju kencang. Produk Domestik Bruto Indonesia naik hingga 70 persen, kemudian pasar modal Indonesia naik tiga persen. Menurut majalah Forbes, hal itu membantu meningkatkan total kekayaan 40 orang kaya Indonesia tahun ini hingga 19 persen menjadi 85,1 miliar dollar AS.

Hal itu dilansir Forbes dalam edisi terbaru. Menurut Forbes, gabungan total kekayaan tiga orang terkaya Indonesia, yakni Hartono bersaudara, Susilo Wonowidjojo dan Eka Tjipta Widjaja, mencapai 32,5 miliar dollar AS. Jumlah tersebut merepresentasikan 38 persen dari total gabungan kekayaan para miliuner Indonesia tersebut. Posisi Hartono bersaudara belum tergeser oleh konglomerat lain.

Berikut ini daftar 40 orang terkaya di Indonesia versi Forbes, Rabu (23/11):

1. R Budi & Michael Hartono (14 miliar dollar AS)
2. Susilo Wonowidjojo (10 miliar dollar AS)
3. Eka Tjipta Widjaja (8 miliar dollar AS)
4. Low Tuck Kwong (3,7 miliar dollar AS)
5. Anthoni Salim (3,6 miliar dollar AS)
6. Sukanto Tanoto (2,8 miliar dollar AS)
7. Martua Sitorus (2,7 miliar dollar AS)
8. Peter Sondakh (2,6 miliar dollar AS)
9. Putera Sampoerna (2,4 miliar dollar AS)
10. Achmad Hamami (2,2 miliar dollar AS)
11. Chairul Tanjung (2,1 miliar dollar AS)
12. Boenjamin Setiawan (2 miliar dollar AS)
13. Sri Prakash Lohia (1,7 miliar dollar AS)
14. Murdaya Poo (1,5 miliar dollar AS)
15. Tahir (1,4 miliar dollar AS)
16. Edwin Soeryadjaya (1,35 miliar dollar AS)
17. Kiki Barki (1,3 miliar dollar AS)
18. Garibaldi Thohir (1,3 miliar dollar AS)
19. Sjamsul Nursalim (1,22 miliar dollar AS)
20. Ciliandra Fangiono (1,210 miliar dollar AS)
21. Eddy Wiliam Katuari (1,2 miliar dollar AS)
22. Hary Tanpesoedibjo (1,19 miliar dollar AS)
23. Kartini Muljadi (1,15 miliar dollar AS)
24. TP Rachmat (1,140 miliar dollar AS)
25. Djoko Susanto (1,040 miliar dollar AS)
26. Harjo Sutanto (1 miliar dollar AS)
27. Ciputra (950 juta dollar AS)
28. Samin Tan (940 juta dollar AS)
29. Benny Subianto (900 juta dollar AS)
30. Aburizal Bakrie (890 juta dollar AS)
31. Engki Wibowo & Jenny Quantero (810 juta dollar AS)
32. Hashim Djojohadikusumo (790 juta dollar AS)
33. Soegiarto Adikoesoemo (770 juta dollar AS)
34. Kuncoro Wibowo (730 juta dollar AS)
35. Muhammad Aksa Mahmud (710 dollar dolar AS)
36. Husain Sjojonegoro (700 juta dollar AS)
37. Sandiaga Uno (660 juta dollar AS)
38. Mochtar Riady (650 juta dollar AS)
39. Triatma Haliman (640 juta dollar AS)
40. Handojo Santosa (630 juta dolar AS).

(Sumber: Forbes/DOR)
http://www.metrotvnews.com/mobile-site/read/news/2011/11/24/73108/Ini-40-Orang-Terkaya-Indonesia-Versi-Forbes/14

__,_._,___

[kisunda] Cersil Sunda - V

 

Episode 5 :Ki Nurustunjung1

Manehna masih inget, jeung sigana moal bisa poho nepi ka iraha oge; kajadian peuting eta dimana manehna loba nyaho lalakon manehna sorangan jeung lalakon nu ngukut manehna sakaligus guruna.

Peuting eta manehna keur siduru bari meuleum lauk jeung jagong; da eta basisir nu lungkawing jauh ka ditu ka dieu teh lega oge bisa melak palawija; ari lauk asal daek  ngala lauk we loba pisan, jiga teu beak2 di Laut ; da eta tempat teh arang pisan kasaba ku manusia; lantaran tempat nu dicicingan ku manehna teh nya lungkawing nya ampir euweuh pamuntangan; tapi mun bisa naek kadinya nyata lega oge; keur hirup duaan wae mah bisa lubak libuk asal daek ngusahakeunana.

Tah waktu manehna keur jongjon sideang, belewer we siga aya sora nu maledog; ku ceuli biasa mah moal kadenge ; tapi ku sabab manehna geus dilatih jeung digembleng welasan taun, bisa ngabedakeun antara sora angin biasa jeung sora senjata nu rek culika. Naluri Jalma geus peka pisan ngan sajorelat eta alat nu dipake maledog teh katewak; teu pira bonggol jagong, nu limit euweuh sesaan.

Manehna kaget laantaran ieu nu maledog lain heuheureuyan, da karasa tanagana nya gede nya seukeut nepi ka leungeunna karasa pegel; lamun keuna tea mah tangtu kana nyerina, boa2 cilaka. Keur kitu teh belewer2 aya dua bonggol jagong deu nuju ka manehna, ayeuna mah manehna awas jeung waspada pisan, lantaran pangalaman tadi; bari nakis jeung nyingcet manehna nyentak:"Eh durujana ! Tong nyamuni siah ! sok tembongkeun cecengos sia ! Kurang ajar pisan nyerang ti tempat nu poek !"

Lain kaluar tapi malah belewer deui ayeuna mah sigana barangna rada beurat da karasa can naon2 anginna matak nyeri ka na kulit; wah lain sambarangan manusa ieu nu nyerang teh; bari nyingcet mani kesit manehna ngawas2 asalna eta nu maledog; tapi weleh teu kaciri ti mana datangna eta serangan; tanda yen nu jahat ka manehna luhur elmuna.

Sieeeeet ! ayeuna mah sorana siga senjata ti na beusi. Beu cilaka yeuh; untung manehna bisa nyingcet ! Tapi karek ge sakali nyingcet geus sieeet deui hiji serangan; atuh Jalma Kacida ripuhna; bisa katewak, tapi dampal leungeunna baloboran ku getih; lantaran eta senjata teh euweuh gagangan; seukeut kabeh leutik tapi mun ku nu ahli kacida bahayana. Barang keur kadeseh bari reuwas belesat teh ayeuna mah sigana panah; manehna jungkel  jumpalik nakis jeung nyingcet; tapi keukeuh kakeunaan, hariguna nu katuhu; atuh harita keneh manehna ngajungkel, mani tigugulitik; barang hudang guruna geus aya hareupeun bari imut.

__._,_.___

__,_._,___

[kisunda] Seni - Kuda Renggong

====
Kuda Renggong - Palias Laas ku Mangsa
Uploaded by StoryLabFilm on Apr 1, 2011
http://www.youtube.com/watch?v=0xltBjAQfGo
http://www.youtube.com/watch?v=sd2GFhyUW5k
http://www.youtube.com/watch?v=iJ16LcgGYhY

StoryLab Sekolah Sinematografi
StoryLabFilm's Channel
http://www.youtube.com/user/StoryLabFilm

Aki Sipan adalah orang yang menciptakan seni Kuda Renggong pertama kali di Sumedang. Kini murid-murid Aki Sipan yang masih hidup hanya tinggal seorang, yaitu Aki Ali...

Inilah dokumenter & biografi tentang kekhawatiran seseorang bernama Aki Ali, sebagai satu-satunya murid Aki Sipan yang masih hidup, terhadap keberlangsungan seni Kuda Renggong, seni dimana kuda bisa menari, yang kini terancam punah & habis ditelan masa...

----

Aki Sipan is the person who invent the art of Renggong Horse (the art of dancing horses) in Sumedang Indonesia. Now lots of his students has already passed away and only left one, namely Aki Ali...

This is a documentary & biography about Aki Ali worriness, as the only Aki Sipan's student who still alive, towards sustainability Renggong Horse art, art in which the horse can dance, which is now threatened with extinction and vanished by time ...



__._,_.___

Kamis, 24 November 2011

[kisunda] CARSUN (CARITA SUNDA) : SI RODET

 

Disalah sahiji riwayat kacarioskeun aya hiji bujangan (pamuda) anu kacida awon rupina. Saking awon rupi eta bujangan, teu aya hiji jalmi oge anu wantun netep rupi anjenna, kitu deui para wanoja nonoman henteu wantun netep kana rupina. Upami pendak paamprok jonghok di jalan, aranjenna nyaringkah milarian jalan anu sanes supados henteu paamprok sareng bujangan eta. Sebat we nami bujangan eta "SI Rodet". Upami aya wanoja anu kaleresan pendak di jalan sareng si Rodet, upami ditaros "Neng bade angkat kamana?", waleranna teh "Ih, amit-amit jabang bayi, paralun teuing".

Urang lembur sabuderanana, utamina isteri-isteri anu nuju kakandungan, sok rajin ngado'a anu khusyu ditiap ba'da shalat fardhu. "Nun Gusti abdi, Anu Maha Agung tur Maha Kawasa tina ngaraksa Ciptaan-Na. Mugia ieu jabang bayi anu nuju dikandung ku abdi, mugi sing dijaga sareng diraksa. Aluskeun penteuna saalus Nabi Yusuf as., sasabar Nabi Ayub as. sawanter Nabi Musa as. sareng tebihkeun tina sagala kaawonan sareng cacad rupina si Rodet sareng berkat rahmat-Anjeun sareng kaberkahan sareng ridha ti tuang rama, aki sareng nini jabang bayi anu dikandung ku  abdi ieu, mugi ieu jabang bayi lahir ka dunya dina kaayaan salamet sareng janten anak anu ngabakti ka tuang ramana. Robbanaa aatinaa fiddunnyaa hasanah wa fil akhirati hasanah wa qina adzabbannaar, Wassalallahu ala Muhammadin wa 'ala alihi washohbihi wassalam, Walhamdulillahirrabbil 'alamiin". Saentos salse ngado'a tuluy ngusap-ngusap patuanganana.

 

Punten parawargi, upami simkuring medarkeun ieu carita fiksi nyandak undak-unduk basa sunda anu KIRANG ALUS, sabab kuring kirang mahir, salajeungna kuring bade medarkeun kecap sunda anu umum we, anu biasa diangge sadidinten , hapunten.

 

Dina hiji mangsa carita kagorengan rupa Rodet, nyaeta hiji wanoja anu geulis ngadatangan tukang pangrajin perhiasan mas di salah sahiji toko mas menta dipangjieunkeun ukiran gambar penteu dina cicinna. Sipengrajin mas nanyakeun ka wanoja eta "Neng, gambar penteuk sapertos kumaha anu kedah diukirna?" Kabeneran jalma goreng penteu si Rodet keur aya deket toko eta nyenderkeun awakna kana tembok toko boga si pengrajin mas. Tuluy wanoja eta ngajawab bari rada bingung jeung rada keuheul "Mhhh....damelkeun sapertos penuteu jalmi itu!" tembalna bari nunjuk kasi Rodet. Tuluy manehna ngoloyor ninggalkeun eta tempat teu ngadagoan naha si pengrajin perhiasan mas bisa ngajieunkeun atawa henteu.

 

Allah Swt. nyiptakeun mangrupa-rupa makhluq di alam dunya henteu mubajir (tidak sia-sia) pasti aya hikmahna dibalik eta. Misalkeun buah kadu anu loba cucukan tur teuas, singhoreng boga aroma anu seungit anu eusina karasa lembut jeung pulen. Salain eta, kulit kadu anu teuas jeung cucukan oge bisa dipake miceun bau anu kaleuwihan tina baham mun eta cekongan kulit kadu di eusi cai, tuluy urang nginum eta cai tina kulit kadu. Kitu deui cai eta bisa dipake pikeun ngumbah leungeun pikeun miceun bau kadu anu nempel dina leungeun. Sifat "synthese" tina eusi kadu bisa dielehkeun "antithese" ku nu aya dina kulit kadu. Eusina anu lembut jeung ngandung gizi jeung protein tur bauna harum anu kacida nyegek kana kana irung, dihalangan ku kulit anu kuat jeung cucukan. Jalma anu arek meulah eta kadu kudu ati-ati sangkan leungeun jeung jari ramo urang ulah sampe kacugak cucukna.

Kitu deui jeung parumpamaan bauh manggis anu boga kulit kandeul jeung hideung, pait jeung henteu pikareuseupeun, singhoreng boga eusi anu putih bersih, lembut tur amis rasana. Eusina ngarentet hiji jeung sejena ngentep, goreng jeung alus eusina eta buang manggis tinggal urang anu milah jeung milih mana anu bakal didahar jeung mana anu moal didahar.

 

Kitu deui halna jeung si Rodet. Sadar kana sagala kakurangan dirina, manehna sok mindeng ngajauhan hal ieu, sapopoena manehna ngeusi ku mangrupa-rupa kagiatan anu positif nyaeta tatanen di kebon anu boga kolotna, dilakonan ku tekun, getol jeung rajin. Kitu deui manehna tulus jeung teu pamrih tina ngabantu kolotna. Dina ngalakonan tatanen, manehna melak mangrupa-rupa pepelakan : sayuran, jagong, suuk, sampeu, mantang, kacang panjang, cabe, tomat, bawang beureum, jeung sajabana. Bakat ku tekun jeung getol, dina waktu paneh hasilna ngaleuyah, numpuk diunggal juru imah. Tina hasil tatanen manehna, tuluy dijual ka pasar. Unggal ba'da shalat fardhu, manehna sok manjatkeun do'a rasa syukur ka Allah Swt. Taun ka taun karasa kahirupan tatanenna aya kamajuan, gemah ripah, bro di juru bro di tengah imah, salain hasil tatanen disimpen (ditabung). Tina kaleuwihan duit pikeun jajan manehna sok mindeng mere ka batur bari henteu saurang jalma oge nganyahokeun. Manehna neangan babaraha kotak korek api urut, tuluy eta kotak korek api urut dieusian duit Rp. 50.000, tuluy eta korek api anu geus dieusian duit lung dialungkeun ka unggal hareupeun imah jalma anu kurang mampu diantara : randa anu teu mampu anu butuh pitulung, anak yatim jeung sajabana. Anu boga imah henteu nyahoeun timana datangna duit di jero korek api urut. Jalma eta ngan saukur ngecapkeun puji syukur Alhamdulillah ku hadiah-hadiah anu henteu nyaho asalna timana. Kitu deui jeung kayaan lembur anu jempling henteu hayang nyaho naon baris anu dilakonan ku si Rodet.

Tina jero hate si Menyo yakin yen naon anu geus dilakukeun ku manehna mangrupakeun amal anu leuwih hade batan ibadah-ibadah anu bisa ditempo ku batur. "Jalma anu gawe banting tulang pikeun mere ka kaum duafa, fakir miskin, anak-anak yatim lir ibarat pajuang di jalan Allah jeung lir ibarat jalma anu rajiin shalat tengah peuting jeung puasa" (HR. Bukhari & Muslim).

 

"Saha jalam hudang waktu isuk jeung niat rek nulung jalma anu kaaniaya jeung nyukupan kaperluan jalma Islam, pikeun manehna ganjaran anu pang manfaatna jeung amal anu pang manfaatna pikeun jalma jeung amal anu pang utamana tina kasulitan atawa mayarkeun hutang-hutangna" (HR. Ibnu Hajar Al-Asqalani).

Si Rodet percaya jeung yakin yen amal ibadah jeung muamalahna bakal ditarima ku Allah Swt.

Sakumaha jalma lalaki anu nganjak dewasa (beger), wajar mun si Rodet boga kahayang nyaeta hayang ngalamar awewe pikeun pipamajikaneun. Tapi anu mana awewena? Kolotna geus babaraha kali ngalamar kaditu kadieu henteu aya hasilna. Unggal kolot awewe kasieunan samemeh lamaran dikecapkeun. Sanajan kitu kolotna yakin, utamana Indungna, yen hiji mangsa Allah Swt. bakal mere jodoh pikeun si Rodet. Teu nyaho iraha!

 

Si Rodet mindeng ngado'a tiap ba'da shalat fardhu : Nun Gusti abdi, Anu Welas Asih kalayan sagala kaagungan Anjen, mugi maparinan taubat ka diri abdi anu saageng-agengna tina sadaya kalepatan, sareng abdi nyuhunken kardidhoan Anjen tina sadaya ibadah muamallah anu ku abdi dipidamel. Sadaya Puji kangge Anjen anu ngawasa sakumna alam ieu. Mugi Gusti maparinan rizki sareng harta anu henteu ngabeungbeuratan ka kulawarga abdi, tebihkeun tina sadaya bala, iri, dengki kaniaya sinareng hasudna manusa sareng Dajjal anu baris nyesatkeunn, sinareng tina hal-hal anu dipikaseiun. Pasihan abdi katenangan hirup dina haté abdi, katenangan anu satengan-tenangna, nyaéta ketenangan dina kabagjaan emut ka Anjen, sapertos tenangna alam tengah weungi. Allahumma Ya Alloh, kaAgungan gaduh Anjeun, pasihan kangge diri abdi tina teu aya janten aya, hiji wanoja anu tiasa janten réncang hirup abdi, abdi ridho kana sadaya anu tos ditangtoskeun ku Anjen, sanes anu ditangtoskeun ku diri abdi. Iwal ka Anjen abdi gumantung sareng neda pitulung. Robbana atinaa fiddunya hasanah wa fil akhirati hasanah, waqina adzabannaar. Washolallahu 'ala Muhammadin wa'ala alihi wa sohbihi wasallam. Walhamdulillahirrobbil'alamiin".

 

Beurang ganti peuting jeung peuting ganti beurang, henteu aya parobahan dina kahirupan eta lembur. Jalma-jalma saperti biasa ngalakukeun aktivitasna neangan rezeki, anu ka kebon, anu ka sawah, anu ka laut, anu ka warung, anu kasakola jeung sajabana. Unggal jalma kabawa ku kamaslahatan dirina sorangan. Lembur eta estu lembur anu jempling jeunng jempe henteu aya parobahan.

 

Hiji mangsa, lir ibarat bentar gelap tengah poe ereng-erengan, kadenge kabar barita yen si Rodet arek kawin. Sakabeh jalma lembur ear, teu kolot teu budak, teu lalaki teu bikang jadi paciweuh ngomongkeun si Rodet. "Bener kitu? Saha bikangna anu daekeun?" Sampe ka barudak leutik lalumpatan bari kokoceakan "Si Rodet arek kawin!! Si Rodet arek kawin!! Oray-orayan luar leor mapay sawah tong ka sawah aya Rodet keur nyengir bae, Oray-orayan luar-leor pamay sawah, tong ka Bandung, kiwari heurin ku tangtung. Oray-orayan, ulah ngewa ka basa Banten, sabab basa Banten henteu kabeh kecap kasar. Cing cang keling manuk cingkleng cindeten, blos ka kolong Bapa Satar Buleneng. Cing cangkeling manuk cingkleng cindeten, tong ka Bandung di Banten oge loba peuyeum, Ciluk Baaa!!"

Jalma-jalma anu ngadenge siling tanya, "Naha enya kitu?". Ibu-ibu anu keur silih siaran neangan kutu di hareupeun imah, brit brat lalumpatan, ngomekeun samping jeung rokna anu mararosot, ngomekeun kerudungna tuluy muru imah tatangga-tatanggana rek nanyakeun jeung netelakeun kabar berita si Rodet arek kawin, "Naha enya?".

Salah sahiji Ajeungan anu geus kolot (aki-aki) anu tos ti Masigit keur lempang balik ka imahna bari batuk uhuk-uhuk, sampe sukuna kasangkut batu leutik, basa manehna rek ngaliwatan jamatan solokan hareupeun imah barengan jeung barudak laleutik anu keur barirat lulumpatan arulin. Ajeungan buru-buru ngangkat leungeunna bari tanggah ka langit "Alhamdulillah" pokna. Budak parawan ngora atawa parawan kolot sarua tunya tanya : "Naha enya kitu? Karunya amat nya pipamajikanana, katiban sial". Rasana mun eta lembur aya terbitan surat kabar saperti "Pikiran Rakyat" atawa "Banten Post" katulis headline gede "Si Rodet arek kawin".

 

Sakumpulan ibu-ibu lembur, meureun Dharma Wanita-na lembur eta, geus teu sabar ngirim utusan dua jalmi ka imah kolotna si Rodet piken netelakeun kabar eta. Kadatangan maranehna dipapag ku kolot si Rodet ku semu basa anu lembut senyum pepsodent "Mangga kalebet, kin ku abdi dicarioskeun" kitu ceuk kolot si Rodet ka ibu-ibu utusan tea. Tuluy kolot si Rodet ngajelaskeun kabar yen enya si Rodet arek kawin. Can kungsi ngarobrol, indungna si Menyo geus langsung dibere ku rea pananya. Anu akhirna maranehna silih guyon bari sareuseurian. Sakabeh ibu-ibu anu aya di imah si Rodet ngarasa bungah. "Haturan ibu-ibu" ceuk indungna si Rodet muka carita. "Dina hiji dinten, duka dinten naon, hilap deui si Rodet kadongkapan salah saurang wanoja anu janten pangemis, anggeanna awon sareng acak-acakan, nanging rupana geulis. Ningali kadongkapan wanoja eta, si Rodet enggal-enggal lebet ka rorompok, maksadna nyandak salembar artos lima puluh rebuan, tuluy masihkeun ka wanoja eta. Wanoja anu janten pangemis nampi artos ti si Rodet salajeungna ngahaturkeun. Si Rodet anu teu acan pernah diajak imut ku jalma sanes, salain ti sepuhna, ngaraos imutna wanoja eta ibarat anugrah nikmat Illahi anu kalintang ageungna kangge manehna, lir ibarat kacaangan bulan tanggal opat welas. Raraosan hoyongg ngabukrak cengclengan kotak kayu sareng masihkeun sadayana ka wanoja pangemis, kumargi rasa syukurna diajak imut ku salah sahiji wanoja anu geulis " "Antosan sakedap" saur si Menyo ka wanoja harita bade mulih ninggalkeun si Rodet. "Punten neng, sakedap akang bade naros?" saur si Rodet awakna ngageper pinuh harepan. "Saha namina neng? Sareng....sareng....sami sareng....hmmmm.....neng tos tuang?. Wanoja pangemis imut ngagelenyu tuluy ngawaler "Punten kang, saleresna abdi ti enjing teu acan tuang nanaon". Ngadangu waleran wanoja eta, si Rodet gura giru muka panto pageur, tuluy ngajak wanoja eta lebet ka rorompokna. Si Rodet lumpat ka lebet rorompok tuluy nyandak sapiring sangu sareng laukna. Tina obrolan singket waktu harita, si Rodet akhirna terang yen wanoja anu janten pangemis teh nyaeta yatim piatu anu linggihna ngiring sareng salah sahiji sobat sepuhna di lembur palih kaler. Kitu para wargi carita singket ieu, anu akhirna si Rodet mutuskeun moal nunda-nunda kangge ngalamar ka kampung palih kaler. "Ibu-ibu" ceuk indungna si Rodet ngalanjutkeun "Saleresna si Rodet tos nikah, tingal ngantosan waktos anu hade kangge ngareuah-reuahkeunna, ayeuna isterina si Rodet aya di dieu" Kaluar kecap "Alhamdulillah" ti ibu-ibu nu aya di imah si Rodet. "Antosan sakedap, abdi bade nepangkeun isterina si Rodet" ceuk indungna si Rodet ka ibu-ibu, tuluy asup ke jero kamar, teu kungsi lila kaluar indungna si Rodet bari nuntun wanoja anu make kabaya panjang, rambutna make sanggul katempona rapih pisan aya pernak pernikna, jeung paras penteuna geulis luar biasa, model Syahrini sesuatu banget mah liwat. Sakabeh ibu-ibu anu aya mata simeuteun nempo kageulisan pamajikan si Rodet. Ngurilingan meja makan anu aya di tengah imah bari leungeunna puhpar pahpar ngaraba-raba neangan arah jalan muru ka tengah ibu-ibu anu keur dariuk tuluy indungna si Rodet nyekelan leungeunna lalaunan tuluy ngasongkeun ka ibu-ibu tamu supaya bisa sasalaman. Salah sahiji ibu ngasongkeun leungeun nyambut salam sang minantu bari pokna : "Alhamdulillah, niat sareng do'a si Rodet dikabulkeun Allah. Saha jeunenganna?" Anu ditanya ngajawab laun "Ummi Maesyaroh?"

 

Ummi = buta (lolong), jadi Ummi Maesyaroh budak bikang anu lolong. Wallahu syariuqoribummujiib = Allah Bakal Gancang ngajawab do'a hambana. Subhanallah. Maha Agung Allah tina sagala kamurahan-Na. Penteu anu dipikasieun ku jalma rea mun nempo si Rodet, nyatana henteu jadi panghalang pikeun pamajikan anu lolong panonna. Oge si Rodet ngarasa kasika saumpana tina hirupna saimah jeung hiji bikang anu bisa nempo tapi teu wani neteup rupana.*)

 

*) I. Saprudin

__._,_.___

FW: [kisunda] Cersil Sunda - IV

 

Episode 4 Jalma dihukum Pecut

 

Isukna waktu Jalma keur sasapu torojol aya tilu pamuda nanyakeun ki Sarwa, meureun bababaturanana; terus nu hiji nyarita ka Jalma :" Eh Jang, aya Sarwa ? bejakeun jung , uing kadieu kituh."

Sanggeus  nyebut mangga, leos wae Jalma kajero ngadeukeutan kamer tengah, kamarna Sarwa; ieu mah aya pantoan, kaabeneraan dikonci deuih. Jalma rada deg2an, kumaha carana ngageroan si Sarwa, sieun ambek mun salah; ah tapi pan itu aya babaturanana; terus wae nyorowok :"Den Sarwa ! gugah Den………; can ge tamat Jalma nyarita, ari gantawang teh Sarwa nyorowok ti kamar:"Aeh siah ! Cucungah siah wani2 ngahudangkeun Kaula ! awas siah ngaganggu deui ; ditampiling siah ku aing!"

Nya atuh Jalma teu jadi ngahudangkeun Sarwa terus we kaluar deui nyampeurkeun babaaturan Sarwa.

"Mana ki Sarwa ?! geus dibejakeun encan aya babaturan kituh!?"

Jalma:"Nuju kulem; antosan we heula atuh sakedap………..; sok atuh caralik deui, da moal lami; paralay ngaleueut naon agan2 sadaya?"

Cek nu hiji :"Sok sadiakeun kopi nu amis."

Cek nu kadua:"Uing mah haayang teh manis lah."

Cek nu katilu:" Uing mah sadieuken teh gula batu !"

Mangga; gancang wae Jalma ka dapur, naaheur cai ngaan sakeudeung eta inuman geus sayagi.

Cek budak nu kadua:"Bujang si sarwa aya ku parigel, nya? Uing haying oge boga bujang model kitu."

Cek budak ka hiji jeung ka tilu meh bareng:"Ah siah Empi, ti manahoreng maneh bisa ngukut bujang; di ayana oge moal bisa mayarna siah."

Si Empi:"Ah siah Engkos, Eman, tong ngahiam siah; aing ge bisa keur ngukut bujang hiji wae mah. Hahahaha."

Ngadenge aya sora nu ngarobrol Sarwa hudang, terus kaluar; Kacida atoheunana barang nempo aya babaturanana tiluan ngarumpul di tepas keur ngaropi; gantawaang deui wae Ki Sarwa nyarekan ka Jalma:"Eh urang kampung bau lisung!  Ku naon sia cicing bae ! Teu ngabejaan yen aya babaturan aing, hah !?"

Jalma :"tadi kapan………..kakara ge sakitu gantawang deui Sarwa :"aeh siah kunyuk ! wani nambalang siah !?"

Jalma :"Teu pisan2, gan."

Sarwa :"Tong ngomong siah ! Dicabok siah ku aing !"

Babaturanana sareuri nenjo ketak si Sarwa kitu; si Sarwa nyampeurkeun nu tiluan.

Cek Si Empi:"Meunang bujang ti mana, Sarwa ? alus tah euy bujang teh, mun geus bosen keun ku uing deuk dipulung."

Sarwa :"Nyao teuing da bapa nu nyandak eta si urang leuweung teh; uing mah teu nyaho naon2, hehehe."

Engkos:"Ari bapa maneh ka mana ? geuning maneh laklak dasar kitu ?"

Darwa:"Hahahaha, keur ka kota euy, ku sabab euweuh bapa uing wani nyaarekanan si eta urang kampung bau lisung teh ! Da ari aya bapa mah,…… huh teu warani euy ! Dibela pisan tah ku bapa si eta teh, teu nyaho boga asihan naon tah si baau lisung teh."

Keur kitu aya sora halimpu ngagentraan Jalma:"Kang Jalma, kadieu geura."

Jalma buru2 nyampeurkeun bari nanya :"Aya naon enden ?"

Sari:" Tuh diburuan kembang Ros tos kembangaan, tapi hese luhur pisan, ku Sari teu katepi, cing pang metikkeun kang ?"

Buru2 Jalma kaluar, ngan sakeudeung geus balik deui mawa kembang mawar; Jalma nyodorkeunana eta kembang duka kumaha siga nu "mesra" pisan; ditarima ku Sari bari imut ngagelenyu nu manis pisan. Sagala kalakuan Sari jeung Jalma teh diperhatikeun pisan ku nu opatan; celetuk si Eman ngomong:"Ah, ieu bujang teh calutaak pisan, wani ngabobogohan dunungan !"

Nyel teh Ki Sarwa ambek; ngan sajorelat lumpat jeprot wae Jalma ditampiling nepi ka beureum pipina ku tapak ramo. Atuh Jalma aduh2an bari nyabakan pipi; ari sari terus nyarita:"Eh Kang sarwa ! Nanaonan eta teh ? Karunya Jalma dicabok teu pupuguh."

 

Sarwa teu ngawaro, terus nyentak ka Jalma:"Inget henteu omongan aing ? Hah !? ku naon sia deui2 cucungah ka dunungan, hah !?"

Jalma gancang wae ngejat ti di nya; ari pek teh Sari ngahulag:"Ulah indit Kang, yu urang ulin barina ka buruan, Sari hoyong maen ayunan."

Jalma bingung, lantaran aya parentah ti Sarwa, tapi oge aya pangajak ti Sari; keur kitu nu tiluan babaturan Sarwa nyalampeurkeun; si Eman nyarita:"Bujang cucungah kieu mah memang kudu diajar, lantaran geus wani kurang ajar !"

Sarwa asa diomporan terus we Jalma digusur kaluar, Sari jejerewetan, tapi teu ditolih.

Diluar Sarwa geus nyenyekel pecut; terus nyarita:"Eh urang kampung bau lisung ! Ulah sambat kaniaya, maneh geus wawanianan cucungah ka adi Kula; ayeuna kudu narima ieu pecutan !"

Jebret2 wae Jalma dipecutan tonggongna, nepi ka beureum kulitna, da mecutna sataker kebek; tapi kakara ge lima kali jol teh kareta; barang nempo eta kajadian Ki Sarlita Kacida reuwasna, terus wae tuturubun ti na kareta, teu nganuhun nuhunkeun acan ka Upas nu limaan; untung bojona Nyi Surti gancang tomada; bari nganuhunkeun sababaraha kali; nya Upas teh baralik we bari rada heran nempo polah Ki Sarlita nu nyampeurkeun barudak nu keur "ARULIN" pepecutan. Upas mah teu apaleun, disangkana mah barudak we biasa keur arulin, ngan meureun rada kamalinaan ulinna .

Demi Ki Sarlita barang nepi ka hareupeun barudak; teu tata pasini deui ngarebut

Pecut nu keur dicecekel ku Sarwa; terus nyentak:"Aeh budak kasebelan ! nanaonan siah ? Bangkawarah pisan ? teu nyaho saha ieu Jalma ?! Eh Jalma sok gebug deui ieu budak bangkawarah teh ulah diantep ! Bapa rido pisan, sok bales teunggeulan deui."

Jalma teu loba omong, terus we ngaleos ka kamarna.

Ki Sarlita nyarekan laklak dasar Sarwa; jeung babaturanana; malahan nepi ka diusirna pisan; barudak tilu teh ting laleos bae, hareugeueun; ti na teu nyangka Ki Sarlita bakal sakitu ambekna. Berebet we barudak teh ngalacir.

Ari sarwa ngajengjen we teu wani usik; sirahna tungkul.

Ki Sarlita terus nyarita teges pisan:" Yeuh dengekeun ku maneh Sarwa ! maneh teh bener2 teu nyaho jeung teu apal ka Jalma. Maneh untung masih ditangtayungaan ku Gusti. Sarwa……. Sarwa ; mun Jalma rek males ka maneh ! saratus Sarwa bakal bisa ditumpes kabeh ku Jalma. Yeuh bisi teu nyaho, Jalma teh Jago ! Ngarti ari Jago ? Yeuh bapa teh matak aya masih beleger teh kapan ditulungan ku Jalma sareatna mah; mun henteu mah meureun geus dipeuncit ku begal ! Tilu begal marawa bedog; pangawal bapak mah geus ngalacir duka ka mana; tapi duka dikumahakeun ku si Jalma mah eta tilu rampok teh ngan sakilat geus ngaringkuk. Ngarti teu ?"

Ujang Sarwa mani reup geuneuk ray pias; mani wer2 kiih sabab manehna kakara apal saha ari Jalma, manehna reuwas kareureuhnakeun; tapi heran ku naon si eta budak kampung teh teu ngalawan sama sakali ? Asa percaya teu percaya omongan bapana teh; tapi moal mungkin Ki Sarlita daek mamawa  Jalma ari lain kitu mah dongengna. Waduh aing kudu sadu2 menta dihampura; mun males pati tea mah tangtu moal panjang umur aing teh; kitu pikiran Sarwa.

Ki Sarlita apaleun yen anakna geus ngarti; terus wae nyarita satengaah nyentak:"Jung kaituh sampeurkeun Jalma; manehna mah pasti bakal ngahampura."S

Teu kudu ngadua kalian deui, Sarwa indit ka kamer Jalma; terus sujud mani lekoh pisan; dirangkul ku Jalma terus dihudangkeun:"Eling Den, ku naon teu gugur teu angin nyembah ka kuring?"

Sarwa ayeuna mah teu tahan deui terus we ceurrik ngabangingik; sadu2 menta dihampura; rumasa salah. Jalma akhirna sadar yen Ki Sarlita geus ngadongengkeun soal begal nu tilu; nya atuh Jalma ngan ukur bisa ngusapan we ka Sarwa, bari ngahibur jeung nyebutkeun teu naon2, eta mah hal biasa. Sarwa rada teger ayeuna mah; sanggeus nganuhunkeun terus we indit ka kamerna, ngadon ningkreb maneh; lantaran kaeraan jeung rasa rumasa.

 

Demi Ki Sarlita terus nyampeurkeun Sari nu masih keneh inghak2an; terus nyarita bari aris:" Sok Eulis dongengkeun. Naon nu kajadian ? Naon nu jadi marga, nepi ka Jalma dipecutan?"

 

Bari inghak2an, derekdek wae Sari nyaritakeun ti Purwa nepi ka daksina; Ki Sarlita unggut2an maphum; terus we nyarita:"Tah ti semet ieu ka hareup, omat ulah wani2 tutah titah ka Ki Jalma; ieu jelema teh lain samanea. Mun manehna hayang ngalakukeun hiji hal, hese atawa moal gampang dihalangan ku saha bae; jadi tong wani2 deukeut2 ka manehna."

 

Sari bari rada baeud nambalang:"Tapi  Apa, da bageur pisan Kang Jalma teh."

 

Sarlita:"Enya bageur, tapi maning ge jauh ulah deukeut lah; ngajaga bisi. Ngaranna ge manusa mun geus kausap setan teu daya upaya."

 

Sari teu pati ngarti naon nu dimaksud ku bapana, tapi nya ngunggeuk we, da memang dasarna Sari mah budak nu biasa tunut ka na piwuruk sepuh.

 

Di Kamarna Jalma keur ngahuleng, meleng ka jauhna; keur ngalamun; emh ayeuna aing kudu gancang nyingkah ti dieu; kitu gerentes hatena   ; manehna asa rada beurat oge ninggalkeun eta tempat teh; duka pedah Ki Sarlita bageur pisan, duka alesan naon deui; pokona ngarasa aya kabeungbeurat ninggalkeun eta tempat teh. 

 

Hanca

 

.

 

 

__._,_.___

_,_._,___

Rabu, 23 November 2011

[kisunda] Moe Tonggong Euy!

 

Kamis, 24 November 2011 | 06:35 WIB

Jangan Tinggalkan Kebiasaan Berjemur

TEMPO.CO, Jakarta - Kebiasaan memusuhi sinar matahari, termasuk di pagi hari, sudah mendarah daging bagi sebagian warga kota di Tanah Air. Ada sederet alasan di balik kebiasaan itu. Antara lain, menghindari kegerahan, ogah kulitnya menjadi hitam, atau takut terkena kanker kulit. Padahal, sejak lama, paparan sinar matahari dikenal sebagai sumber alamiah vitamin D yang sangat penting bagi tubuh.

"Kebiasaan itu perlu dipikir ulang. Sebab, penelitian kita menunjukkan mayoritas anak sekolah dasar di Jakarta mengalami ketidakcukupan (insufisiensi), bahkan kekurangan (defisiensi) vitamin D," kata Aman Pulungan dari Divisi Endokrinologi Anak, Fakultas Kedokteran Universitas Indonesia-Rumah Sakit Cipto Mangunkusumo Jakarta kepada Tempo, di kantornya, Selasa lalu.

Aman dan kawan-kawan melakukan penelitian pada Mei lalu. Sebanyak 120 responden dari dua sekolah dasar di Ibukota menjadi responden. Hasilnya, angka ketidakcukupan mencapai 75,8 persen dan kekurangan vitamin D sebesar 15 persen. Walhasil, yang tubuhnya benar-benar cukup kebutuhan vitamin D hanya 9,2 persen. Temuan lain, siswa perempuan lebih banyak mengalami insufisiensi dan defisiensi vitamin D. Dalam penelitian ini, defisiensi terjadi jika level vitamin D dalam darah kurang dari 15 nanogram/desiliter, insufisien 15-31 ng/dL, dan sufisien jika di atas atau sama dengan 32 ng/dL.

"Ini mengejutkan. Sebab, sejak lama, banyak orang berpikir tak mungkin penduduk Indonesia kekurangan vitamin D karena sinar matahari melimpah," kata Aman. Temuan ini menjadikan Indonesia sama dengan negara-negara yang kaya sinar matahari yang lain, seperti Malaysia, India, Qatar, dan beberapa negara di Afrika. Untuk menguji temuan itu, rencananya, tahun depan, penelitian lintas propinsi akan dilakukan sehingga bisa didapat angka secara nasional.

Selama ini, semua orang mafhum bahwa paparan sinar matahari akan merangsang pembentukan vitamin D di dalam tubuh. Itu sebabnya, kebiasaan menjauhi sinar matahari, sejatinya memang tidak menguntungkan. Nah, untuk menambal kekurangan vitamin D, maka berjemur di bawah siraman sinar matahari, terutama sebelum jam 10 pagi, patut digalakkan. "Tak usah takut panas, paparan sinar matahari tersebut bermanfaat bagi tubuh," kata Aman.

Terpenuhinya Vitamin D di dalam tubuh sangat penting. Selain dari sinar matahari, vitamin ini bisa didapat dari makanan hewani, seperti ikan, telur, susu, atau produk olahannya, seperti keju. Bagi tubuh, vitamin ini memiliki sejumlah peran, antara lain, untuk menjaga kesehatan tulang. Itu sebabnya, kekurangan vitamin ini akan membuat tulang seseorang menjadi tipis dan rapuh akibat keropos. Mengutip sejumlah penelitian, menurut Aman, defisiensi vitamin D juga akan memperbesar resiko terjadinya infeksi berulang, diabetes, terganggunya kekebalan tubuh, dan kanker. Jika sudah berjemur, juga sudah menelan asupan makan bervitamin D, ternyata, masih juga kurang, menurut Aman, "Suplementasi vitamin D secara rutin perlu dilakukan. Hal ini yang belum ada di Indonesia."

Banyaknya anak perempuan yang mengalami insufisiensi dan defisiensi patut menjadi perhatian. Sebab, penelitian terbaru yang digeber dalam forum tahunan American Heart Association di Orlando, Florida, dua pekan lalu, menyebut rendahnya vitamin D potensial mendongkrak terjadinya serangan jantung dan stroke. Hasil itu didapat setelah para peneliti dari negara Abang Sam menganalisis data dalam rentang waktu 16 tahun dari lebih 2.000 wanita berusia 45-58 tahun.

Mereka menemukan 788 wanita yang mengalami defisiensi memiliki risiko lebih tinggi terkena serangan jantung dibanding 1.225 wanita yang kadar vitamin D-nya normal. Angkanya, seperti dilansir HealthDay News, pertengahan bulan ini, "Sebanyak 15 persen dari responden yang mengalami kekurangan vitamin D hidup menderita atau meninggal akibat serangan jantung atau stroke."



DWI WIYANA
http://www.tempo.co/read/news/2011/11/24/060368161/Jangan-Tinggalkan-Kebiasaan-Berjemur

__._,_.___

__,_._,___

[kisunda] Cersil Sunda - III

 

 

Episode ka - 3 Sarwa

 

Barang bus eta jelema ujug2 gantawang we:"Eh Jalma tong molor wae maneh teh! hudang siah bantuan dewek rek ngalatih kuda."

Jalma tigugurubug hudang, ari nu ngagantawang teh Sarwa lanceukna Sari. Umur Sarwa teh kira2 saluhureun jalma; manehna nyahoeun yen ieu "bujang" teh dipikanyaah pisan ku Ki Sarlita bapana; ari aya bapana mah teu wanieun Sarwa tutah titah ka Jalma; da kungsi dipolototan ku bapana; manehna heran oge ku naon bapana bet siga nyaah pisan ka Si Jalma; padahal urang kampung bau lisung kitu. Tah ayeuna siah ku aing bakal diwarah; kitu pikiran ki Sarwa. Sarwa teu apaleun naon sababna Jalma aya di imahna; da Ki Sarlita tara curuta carita soal Jalma; malah mah Jalma wanti2 ka Ki Sarlita ulah ngadongengkeun masalah Jalma ngusir begal tilu. Nya atuh nepi ka ayeuna ge lebeng we teu aya nu apaleun naon sababna Jalma aya di dinya.

Jalma sanggeus hudang, terus nyarita:"Bade aya piKEURsaeun naeun gan !?"

Rada kaget oge Sarwa, ngadenge Jalma bisa rada lentong najan masih teugeug keneh oge.

Terus deui Sarwa nyarita:"Eh tong lelemesan siah ! jaba salah maneh tadi ngomong teh. Lain pikeursaeun tapi kudu pikersaeun. Naon lain naeun ! Ti saha maneh diajar lelentongan hah !?"

Jalma :"Sumuhun, ti eta tuang rai, neng Sari."

Sarwa :"Naon !??? Cucungah siah wawanianan ngadeukeutan dunungan ! Kudu diwarah siah !"

Jalma:"Naha teu kenging kuring nyaketan Neng Sari ?"

Sarwa :"Nya teu meunang atuh. Awas mun katempo ilaing ngadeukeutan Sari, awas siah 

Jalma:"Ti ayeuna kuring jangji moal wani nyaketan Neng Sari."

Sarwa:" Awas siah. Tah ayeuna tuh bersihan Kuda Kaula. Awas ulah aya kokotor saeutik ge, Ngarti !?"

Jalma terus kaluar; kasampak aya kuda beureum keur hihiem jeung tetejeh. Meureun keseleun. Eta kuda jangkung teh terus dituntun ku Jalma; kuda beureum hihiem bari ngajret siga nu teu resep ka Jalma. Jalma kucuwas kecewis sakeudeung, teu nyaho maca jangjawokan naon; tapi eta kuda beureum teh terus we nuturkeun mani lungguh, teu daekeun ngadat deui. Sarwa nu nyerangkeun ti kajauhan, heran oge padahal si beureum ari lain ku Sarwa  jeung nu sok meresihan si beureum mah, tara daekeun ku sasaha ge; jelema2 di sakampung eta mah euweuh nu wanieun ka si beureun teh, sieun disepak atawa disogot; tapi ari ku si Jalma mah jiga lindeuk pisan eta si Beureum teh, padahal kahayang si Sarwa mah si Jalma kudu disepak. Manehna rada mentegeg, tapi nya teu bisa naon2. Akhirna kuda bersih pisan.

Sarwa nyarita na hatena:" Paingan bapa aing mani nyaah pisan ka si Jalma ieu urang kampung bau lisung teh; pagaweanana nyata teu nguciwakeun."

Sarwa terus ngalungkeun sadel sapuratina bari nyentak:"Sok tah pasangkeun ! Ku Kula rek dipake ka tegal."

Jalma:"Mangga tapi kumaha carana ? Da kuring mah tara makekeun kuda, kulan."

Sarwa:"Ah dasar urang kampung euweuh kanyaho siah ! Tah yeuh deleh ku sia; carana; engke maneh kudu bisa sorangan nya ?!"

Jalma ngan ukur sumuhun sumuhun we teu komentar naon2 deui.

Isukna ku Sarwa dititah deui, bari na hatena pasti ayeuna aing bakal nyarekan laklak dasar tah ka ieu urang kampung teh. Tapi teu disangka sangka, ngan sakilat pakean kuda geus siap kalawan euweuh nu kaliwat hiji ge. Sarwa muji na hatena ka na kabisa Jalma; rada ngahargaan oge ayeuna mah ki Sarwa teh.

Isukna waktu Jalma keur sasapu torojol aya tilu pamuda nanyakeun ki Sarwa, meureun bababaturanana; terus nu hiji nyarita ka Jalma :" Eh Jang, aya Sarwa ? bejakeun jung , uing kadieu kituh."

Sanggeus  nyebut mangga, leos wae Jalma kajero ngadeukeutan kamer tengah, kamarna Sarwa; ieu mah aya pantoan, kabeneraan dikonci deuih. Jalma rada deg2an, kumaha carana ngageroan si Sarwa, sieun ambek mun salah; ah tapi pan itu aya babaturanana; terus wae nyorowok :"Den Sarwa ! gugah Den………; can ge tamat Jalma nyarita, ari gaantawang teh Sarwa nyorowok ti kamar:"Aeh siah ! Cucungah siah wani2 ngahudangkeun Kaula ! awas siah ngaganggu deui ; ditampiling siah ku aing!"

 

Hanca

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 1

.

__,_._,___

FW: [kisunda] Cersil Sunda -2

 

 

Episode 2 - Sari

 

Unggal2 ki Sarlita   ka kota pasti dibarengan ku Jalma, Jalma jadi pangawal pribadi Ki Sarlita. Ki Sarlita ngarasa aman pisan dikawal ku Jalma mah, dibandingkeun kudu dikawal ku sapuluhan jelema bari can puguh salamet; nu puguh mah olok tombok. Ki Sarlita tambah nyaaheun ka Ki Jalma teh, bari jeung Jalma teh sugan pupujieun atawa beubeulieun; estu naon wae nu diparentah ku Ki Sarlita, Ki Jalma pasti ngalaksanakeun ana.

Tapi di na hiji poe Ki Sarlita  diondang ku gegeden ti kota; ngan Ki Sarlita jeung Nyi Surti wungkul nu milu teh ari pangawalna di kirim ku Kumpeni Upas aya 5 na bari mawa hiji kareta keur Ki Sarlita jeung NYi Surti. Cenah mah Gubernemen rek mere panghargaan ka Ki Sarlita lantaran geus nyumponan kabutuh Kumpeni kalawan teu nguciwakeun; nya atuh kapaksa harita mah ki Sarlita indit teu dikawal ku Ki Jalma.

Rada ngarumas Ki Jalma ditinggalkeun  ku Ki Sarlita jeung bojona, dimana duanana kacida heman pisan ka Ki Jalma teh.

Tapi isukna sanggeus ditinggal Ki Sarlita, Jalma nu keur sasapu sabiasa sasari aya nu nyarita ka Jalma, sorana mani halimpu pisan:"Damel naon kang ?"

Jalma mani reuwas, lantaran keur sasapu bari ngalamun , teu nyangka aya nu nanya; barang dilieuk sihoreng anak Ki Sarlita, nya eta Nyi Sari.

"Heuheuheu; pan kadeuleu tah, uing keur sasapu !"

Neng Sari rada ngagebeg, ngadangu jawaban ki Jalma, nu nya kasar nya teugeug; tapi Sari sabar, terus we bari imut nyarita deui:"Kang, ari ka istri teu kenging kasar kitu atuh, kedah rada lentong saeutik."

Jalma malik nanya bari kaget:"Naon lentong ? Naon ari lentong teh ? Uing teu ngarti."

Sari:"Eta kang, di dieu mah da teu aya nu kasar cara akang."

Jalma :"Kudu kumaha atuh ? Uing da teu ngarti. Cing pok ngomong atuh, ulah balucat balicet, lieur!"

Sari surti, masing enya ge masih  budak keneh, kakara 11 atawa 12 taun, tatapi didikan biangna nu ngajar, ieu Sari teu aleman, teu ogoan samodel karerean anak awewe ; komo anak nu jegud; ieu mah ih tetep we nyarita bari teu weleh imut. Nu karasana duka kumaha tah ku Jalma teh, da manehna ngarasa samar polah.

Sari:" Nyarios teh kedah raos kakupingna ku cepil."

Jalma:"Naon hartina "NYARIOS" teh ?"

Sari :" Nyarios teh sami sareng nyarita, sami sareng ngomong; tapi ku basa nu handap asor."

Jalma:"Naon handap asor teh ; beuki lieur geuning ?!"

Sari :" Muhun eta, ngomong jadi nyarios; heueuh jadi muhun atawa sumuhun."

Jalma unggut2an, da enyana saenyana mah Jalma teh budak calakan; manehna nengetan hiji2 kecap; nepi ka teu karasa, manehna geus diajar Basa Sunda priangan ku Sari. Ongkoh deuih Jalma teh resep ka Sari teh, duka kumaha manehna ngarasa resep padeukeut jeung Sari teh; asa embung ngarasa pajauh.

Poe eta teu karasa poe nyerelek, Jalma resep pisan diajar Basa Sunda; nu cenah handap asor; enya ngeunah ieu Basa teh, cek gerentes hatena; bari jeung aduh kunaon eta sora mani ngeunah pisan kadengena kana ceuli uing ? Kitu lamunan Jalma sajeroning sasarean di kamarna.   

Keur kitu torojol aya nu asup ka kamarna; da baheula mah aya kamar tapi loba nu teu make panto; hartina lawang teh blong we teu dipantoan.

 

Hanca

__._,_.___

__,_._,___

[kisunda] Cersil SUNDA- 1

 

JALMA URANG BASISIR LAUT KIDUL

 

NNNEpisode Ka I : Ki Sarlita

 

Ki Sarlita teh hiji sudagar nu lumayan rada jegud, di kampung eta, nya eta Kampung Giriresik,

Manehna kakara tujuh taun hirup di eta kampung teh, jadi can pati lila, asalna manehna ti kota, ti Batavia, pindahna ka dinya lantaran sagala hasil bumi nu dibutuhkeun ku Kumpeni, aya di dinya, tadina teu niat pindah, ngan sanggeus sababaraha kali usaha di eta kampung, kulawargana ngarasa baretaheun; atuh nya ringkid we parindah; ari di kota mah cukup ku adina nya eta ki Warsa; nya nepi ka ayeuna teh, usahana lancar.

Ieu Ki Sarlita teh kaasup jalma rezekian, atawa mujur; usaha naon wae nu dicekel ku manehna tangtu ngadatangkeun hasil; nu matak manehna jadi jalma jegud.

Nya atuh ayana Ki Sarlita teh dipihormat pisan ku sakampung eta mah; da Ki Sarlita teh salian ti jegud, oge berehan , teu koret. Anak bojona oge dihargaan pisan ku urang kampung eta teh.  Salian ti bojona nya eta Nyi Surti jeung  anakna dua nya eta Sarwa jeung Sari; aya oge pamuda diajak cicing di imah ki Sarlita. Ngaranna JALMA.

Mimiti dibawa ka imah eta kira2  lima bulan nu geus kaliwat, kapanggihna nya eta waktu Ki Sarlita dipegat begal tiluan barosongot, Pangawal ki Sarlita nyoba ngalawanan, tapi duanana oge eta Pangawal teh teu sanggup ngalawan, malah taratu; nya kalabur ninggalkeun Ki Sarlita. Ki Sarlita geus pasrah, tapi kabeneran aya pamuda   anjog ka tempat eta, terus nyampeurkeun jeung nyarek eta tilu rampog ngarogahala; atuh tangtu wae si rampog lain nurut kalah sareuri mani ngagakgak; terus nitah nyingkir ka eta pamuda bisi kabarerang; eta pamuda teh kalem we teu siga nu sieun, malah pinuh kayakinan nitah malundur eta tilu begal. Eta tilu begal teu loba omong deui terus tiluanana ngaheumbatkeun bedogna; tapi duka kumaha da teu  katempo ku ki Sarlita nu keur ngadegdeg , ujug2 bedog2 begal teh ting parecleng saterusna tilu begal rarubuh bari ting araduh terus ampun2an. Kacida bungahna Ki Sarlita, bari jeung heran ku kabisana ieu pamuda nu ngora keneh pisan geus bisa ngelehkeun  begal nu sakitu jarangkung gedena, tur bari marawa bedog. Nya tuluyna mah diajak we ,milu balik ka imah Ki Sarlita; eta budak ngora teh nurut we, teu loba omong; ari ditanya ngaranna Jalma; ari ditanya imahna mah cenah jauh ti dieu, deukeut ka Laut Kidul. Nya teu loba tatanya deui terus we Jalma dibawa. Eta Jalma teh unggal poe teu daek cicing, naon wae ku manehna dilakukeun; meulah suluh; ngabersihan jeung sasapu di buruan mani lalening; teu sugan ngarasa ieu aing jago; jeungna deui can ngajaran omongan Ki Sarlita dibantah. Atuh Ki Sarlita teh nyaaheun pisan ka ki Jalma teh, da Jalma ngan ukur boga baju 2 pasang bari parokek; nya dibere 5 stel; ditarima ku Ki Jalma bari kaciri narimakeun pisan.Ti harita Jalma cicing di imah ki Sarlita.

 

Hanca

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 1

.

__,_._,___